Aya patarosan ti sim kuring kanggo Kang Oman. Kumaha ngajelaskeunana (sacara agamis, atanapi logika "common sense" ) kasus Jawa Barat anu paling korup sa Indonesia, lingkungan alam anu reksak, sareng sagala hal sanesna anu "bersifat negatif".
Ceuk abdi mah, lamun urang teu tiasa obyektif nganilai diri sorangan sacara jujur, moal tiasa mendakan solusi kanggo "menanggulangi" bahla eta. Ceuk kuring mah hal ieu langkung penting, tibatan "mupuas maneh" ku ayana batur anu dihukum alatan "ngahina" ka urang Sunda. Sigana wae, mupuas maneh ieu teh hiji sikep urang Sunda anu "meupeus Keuyang", kusabab teu tiasa mecahkeun persoalan anu ku abdi tos disebatkeun di luhur. baktos, mrachmatrawyani --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya saalam dunya, > > Ayeuna geus ragrag vonis ka urut menag anu kungsi > ngarogahala titinggal > budaya Sunda, 5 taun dibui. Nya ari geus asup ka bui > mah sarua wae jeung > palaku kajahatan sejenna: diwatesan kabebasanana. > Kagigirkeun heula > soal sangkaan yen kalan-kalan sistem bui urang ukur > akon-akon, sabab mindeng > kajadian anu dibui teh nyatana sarua wae jeung teu > dibui. Anu jelas, ieu > urut menag anu kungsi ngaluluguan ngarugrag prasasti > batu tulis teh ayeuna > geus divonis 5 taun dibui: > http://www.antara.co.id/seenws/?id=27434 > > Aya kasaruaan antara kasus menag "bui" (urut menteri > agama anu kungsi ngali > prasasti Batutulis anu ayeuna inyana meunang vonis > dibui 5 taun) jeung kasus > Ade "tampiling" (Ade Nasution anu kungsi nyebutkeun > kira-kira kieu: > "yen ngurus urang sunda mah gampang, bere lilin wae > ...jst", anu saterusna > dak dumadak aya anu nampiling) dina lebah > "ngarogahala" budaya jeung > "hukumanana". Menag bui ngahina US ku cara nyisikudi > titinggal budayana > kaasup ajen-inajen poko cecekelan hirup US baheula > (sakuma kandungan > Prasasti Batutulis). __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

