Waktos kamari kuring ngahadiran seminar perkawis RUU Mineral sareng Batubara di FHUI Depok, pendak sareng salah sahiji anungajukeun makalah, anjeunna doktor lulusan Jerman, ahli dina widang otonomi daerah.
Ngorbrol perkawis nagara Jerman anu modern siga ayeuna, padahal pan salah sahiji nagara anu eleh jajaten dina PD II. Ceuk anjeunna teh, Jerman moal jiga ayeuna mun teu aya Hitler. Aslina mah urang Austria, teras mukim di Nuremberg dugi ka gaduh KTP Jerman. Jaman Hitler ieu saleresna mah jerman teh "ngajajah" Polandia sareng sababaraha nagara caket jerman, sok sanaos ngan sababaraha taun (siga Jepang ngajajah Indonesia, meureun). Hitler teh ahli politik anu ulung kawilang "jelema jenius" (ciri khas kumisna ditiron ku Wapres Jusuf Kalla). Mannehna teh niti karirna teh ti handap jadi anggota partai (NAZI/Nationale Sozialismus), dugi ka jadi pupuhu di Jerman, sabab sistem parlementer tea, partai anu kenging, otomatis pupuhuna oge jadi kepala nagara. Tah waktos jaman Hitler ieu, pembangunan prasarana fisik Jerman di ngawitan (sapertos jalan tol), dugi ka ayeuna eta prasarana fisik masih diangge/dimangpaatkeun. Janten kacindekanana teh, mun hoyong maju, kedah aya hiji pamingpin nagara (ceuk kuring pribadi) anu jenius/pinter, rada gelo/gelo pisan, megalomania, otoriter/tangan besi, didukung ku sistem masyarakatna, sareng aya waktosna mingpin (heunteu saumur hirup). mangga wae ilo, kasus nagara Indonesia, mun teu aya Bung Karno, anu gaduh sifat-sifat diluhur, moal aya nagara Indonesia. Amerika Serikat aya Lincoln (ngahapus perbudakan), Kennedy (ide ngadamel apollo), jrrd. baktos, mrachmatrawyani --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Jerman oge teu gaduh nagara > jajahan komo eta mah nagara eleh perang jiga Jepang, > tapi geuning bisa > hudang deui, bisa sajajar deui jeung nagara-nagara > nu meunang perang. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

