Punten baraya, tadi enjing maos ieu ti berita, punten teu di sundakeun.

Hamshahri, surat kabar terkemuka Iran, menggelar kompetisi menggambar
karikatur Holocaust sebagai tandingan karikatur Nabi Muhammad SAW.
Pemerintah AS merasa terhina.
Holocaust atau pembunuhan besar-besaran kaum Yahudi oleh Nazi dalam
Perang Dunia II.

Kumaha tah saur baraya upami tos kitu ??? boa-boa bakal jadi perang
sadunya.. 
Mudah-2an wae henteu lah.

Baktos
Yosep



-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Denis Rivard
Sent: Wednesday, February 08, 2006 8:41 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] alesan nu jero kunaon sababna umat Islam bendu ka
karikatur-karikatur eta

Hatur nuhun pisan kang Waluya sareng kang Soni Rosa, kana waleran (di
handapeun) nu mani menarik pisan perkawis larangan ngadamel gambar
Kanjeng Nabi. Mugi-mugi obrolan ieu bade silih ngartoskeun kaayaan nu
nuju kajadian ayeuna. Neda dihapunten ka para wargi sanesna bilih aya
kalepatan boh nu ageung, boh nu alit dina pesen kuring sateuacanna.

Panginten eta larangan teh saleresna dilarang oge dina agama samawi (Uum
al-Kitab) lianna (Yahudi sareng Nasarani), basa ngawitan dongkap
agami-agami ieu, tapi akhirna mung dina agami islam wae nu nepi ka
ayeuna tetep nurut ka eta larangan. 

Sateuacanna bangsa-bangsa nu aya di wewengkon Timur tengah sok nyembah
dewa-dewi (barahala), sanaos tos dongkap agami samawi, aranjeuna masih
tetep nyembah patung-patung nu diibaratkeun pangeran, tibatan nyembah
Pangeran nu dipiwarang ku nabi-nabi basa harita. Teras nabi-nabi hawatir
para panganut terus-terusan nyembah barahala, nu akhirna dijieun aturan
ngalarang nyembah barahala-barahala (gaganti pangeran). Aya conto ti
agami tiluanna tapi nu pang alusna teh nyaeta dina agami Islam.

Ieumah ayat nu nyaritakeun larangan nyembah patung dina kitab
Perjangjian Lawas nu dianggo ku agami Yahudi sareng Nasarani.

1. jaman Musa (Yahudi), perkawis sasapian emas.
Sanggeus sakitu lilana Musa henteu lungsur-lungsur ti gunung,
jalma-jalma teh karumpul ka Harun sarta miunjuk kieu ka anjeunna, "Duka
katarajang naon Juragan Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh,
teu lungsur-lungsur. Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji
allah anu bakal mingpin."
Saur Harun ka maranehna, "Laanan anting-anting anu diparake ku
pamajikan, ku anak lalaki,ku anak awewe, kumpulkeun terus bawa ka Bapa".
Seug maranehna ngalaraanan anting emasna tuluy diserenkeun ka Harun. Ku
Harun dicandak tuluy dilebur kabeh dicitak jadi hiji sasapian emas. Ceuk
jalma-jalma teh, " EH, urang Israel, tah ieu allah urang, anu
ngaluarkeun urang ti Mesir!"
Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas,
tuluy ngembarkeun kieu, "Isukan kudu pesta, ngagungkeun Pangeran."
Isukna isuk-isuk keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh
keur kurban beuleuman, sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban
panarima. Brek jalma-jalma dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu
nginum, pestana robah jadi borak-borak jeung cabul.
Pangeran nimbalan ka Musa, "Geuwat turun ayeuna keneh. Jalma-jalma
meunang ngaluarkeun ti Mesir teh marigawe dosa, murtad ti Kami. Pituduh
laku anu ceuk Kami kudu dilakonan geus teu diparake pisan. Malah geus
nyarieun sasapian emas dicitak, disarembah, dibere kurban.(Budalan 32:
1-8).

Lajeng aya aturanana nu pangjelasna di Pamindo 27:15 
Urang Lewi,"Sing disapa ku Allah, jelema anu nyieun arca ku batu, kayu,
atawa ku logam, seug disembah susulumputan. Pangeran mikagiruk ka nu
nyembah ka barahala."
Katingalna bangsa Yahudi carang kawula ka eta timbalan ti Gusti Allah
kulantaran kedah disuhunkeun teu weleh ku nabi-nabi salalawasna.


Katingalna bangsa Yahudi teu nurut kana parentah ti Gusti eta, sanaos
nabi-nabi teu weleh nitah kangge nurut kana parentahNa.

2. Jaman Nasarani

 Panganut-panganut Nasarani nu mimiti (abad kahiji) mindeng disiksa ku
bangsa Romawi (jaman pengejaran), kulantaran nolak milu pangnyieunkeun
arca jeung nyembahna. Tapi saatosna sababaraha abad, basa agama Nasarani
dijantenkeun agamai resmi dina karajaan Romawi (ku kaisar Constantin,
kinten-kinten abad kaopat saatos masehi), nembongkeun seueur gambar suci
rupi-rupi nu ditampi ku Paus Leon IV (Paus jaman harita) : gambaran
jeung arca Yesus, Bunda Maria, jelema suci dll. Abad kalima hiji
pergerakan disebut Ikonoklas muncul (samacam fanatik), kecap Ikonoklas
hartosna : nu ngaruksakkeun, nu ngalarang gambaran-gambaran eta
ditembongkeun. Ti basa harita para Ikonoklas merang tutumpesan jeung
maehan mangrebu-rebu kurban nu panuju ngaruksakkeun gambaran-gambaran
jeung arca. Akhirna, abad kasalapan, Paus zaman harita, mangsa kaisar
awewe Theodora, rubah pikiran perkawis arca, teras  para Ikonoklas nu
akhirna disiksa. Kukituna para Ikonoklas eleh teras nu meunang perang
nyaeta para Ikonodul (ikonodul hartosna : nu nyembah arca). Janten abad
ayeuna dina agama Nasarani aya arca dimana-mana nu disembah jeung
dianggap gaduh kawasa sorangan.

3. Mangsa Islam

Tungtungna memang salah sahiji ti tilu agama samawi nu salalawasna tahan
kana larangan ngadamelkeun arca kangge disembah teh nyaeta agami Islam.
Agama Islam tos satia sama sakali ka larangan eta nu ditingalikeun
kalawan teges ti anggalna dugi ka zaman ayeuna. Akibatna eta larangan
mangrupakeun ciri leres agami Islam, kulantaran eta oge tos sakedahna
dihormatkeun. Meureun ieumah mangrupakeun alesan nu jero kunaon sababna
umat Islam bendu ka karikatur-karikatur eta.

Punten Kang Waluya sareng kang Soni Rosa, Upami simkuring seueur teuing
panjang ngajelaskeun perkawis ieu. Pangemut abdi, kulantaran
globalisasi, sareng internet, sareng imigrasi nu langkung gampil ti
wetan ka kulon, panganut agami nu rupi-rupi, wargi bangsa rupi-rupi,
pangguna basa rupi-rupi, di zaman ayeuna sakedahna nampi kana perbedaan,
sakedahna ngahormati perbedaan, sangkan tiasa hirup kalayan aman jeung
damai, sadayana kedah nampi kana faham jeung pamikiran tatanggi nu teu
sami.

Hatur nuhun oge kana karangan perkawis musium dimana disimpen arca
Kangjeng Nabi. Ieumah mangrupa buktos yen umat islam oge tiasa
ngabentenkeun mana nu dihormatkeun mana nu heunteu perkawis fahamna.
Umat islam tiasa ngabedakeun oge mana nu dimaklumkeun (kulantaran kangge
musium) mana nu piambekkeun kawas karikatur eta.

Wasslamualaikum,

ti Denis.


  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, February 05, 2006 11:00 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: ajaran Islam nu ngalarang gambar Rasulullah
SAW


  Haturan Pa Denis. Tah baraya aya nu naroskeun, cing saha nu tiasa 
  ngajawab, kanggo nutup kapanasaran Pa Denis. Kuring oge teu terang 
  pasti, ngan asa kantos ngadangu salah sahiji alesanana kangjeng Nabi 
  Teu kenging di gambar teh komo didamel patung mah, bisi engke 
  gambarna disembah-sembah/ dipuja-puja. Dina Islam, nu disembah teh 
  sanes Kangjeng Nabi, tapi Alloh Swt. 

  Alesan nu sanesna kuring teu terang. Tapi sanajan kitu, aya oge urang 
  Islam nu "ngagambar" Kangjeng Nabi. Koran "Irish Times" di Irlandia 
  nyebatkeun aya "image" Kangjeng Nabi sareng minantuna Sayidina Ali di 
  Perpustakaan/ musium " Chester Beaaty" di Dublin Irlandia. Gambar ieu 
  teh cenah ti Iran nu didamel di abad ka 14. Wartosna diselipkeun ku 
  kuring di hadap ( menang copy-paste tina millis sabeulah).

  Ceuk beja oge cenah, kantos di hiji kelenteng di Taiwan, Kangjeng 
  Nabi dipatungkeun dijajarkeun sareng patung-patung jalmi-jalmi nu 
  gaduh jasa di dunya ieu. Janten disembah-sembah. Ngan cenah, saatosna 
  diwartosan yen kangjeng Nabi mah teu kenging didamel patung, "patung" 
  kangjeng Nabi teh teu dipasang deui.

  Punten ...ah "nyanyahoanan", atuda mani jarempling kieu .....

  Baktos,
  WALUYA

  Wartos tina koran Irlandia tea :

  Images of Muhammad on display in Chester Beatty
  04/02/2006


  Depictions of the Prophet Muhammad are on display at the Chester 
  Beatty Library
  in Dublin, home to one of Europe's best collections of Islamic 
  manuscripts.
  Kitty Holland reports


  The museum director says that although images of Muhammad are 
  considered
  blasphemous by most Muslims, the museum shows several miniatures, 
  particularly
  in manuscripts by Sufi Muslims from the Persian Empire.

  Michael Ryan said the Chester Beatty was "discreet" when displaying 
  texts or
  manuscripts featuring images of Muhammad which show his face 
  obscured, either
  with a veil or by a bright light or a halo.

  "Some have voiced concerns about the texts. But we regard these as 
  historical
  documents, though when they are on display we don't shout about it. 
  We try to be
  discreet," Mr Ryan said.

  The Imam of the Islamic Foundation of Ireland, Sheikh Yayha Al 
  Hussein, said he
  had written to the library "a few years ago to tell them it was 
  wrong".

  "But generally these are images done a long time ago by other 
  Muslims", he
  added. "We don't want to protest to the Irish museum about it now, 
  but they
  wouldn't be shown in a museum in a Muslim country."

  One manuscript depicts Muhammad and his son-in-law, Ali. The image, 
  Ali Taking
  The Fortress of Qamus, is taken from a copy of The Realm of Purity by 
  Rawzat
  al-Safa and was completed in Shiraz, Iran, in AD 1595. The 
  explanatory note
  beside it in the museum states: "He [ Muhammad] and Ali are easily 
  identified by
  the flaming haloes that engulf their heads."

  Mr Ryan said: "The representation of the human form, and even more so 
  of
  prophets and especially of Muhammad is considered blasphemous by most 
  Muslims.
  The Sunni Muslims in particular find the idea of an image depicting 
  Muhammad
  extremely difficult." Some 90 per cent of Muslims are Sunni.

  Also on display in the museum is Scene From the Story of Miqdad ibn 
  Aswad - a
  Turkish and Arabic text dated AD 1594-95. "This manuscript is highly 
  unusual in
  that it originally contained over 800 miniatures most of which 
  portray the
  prophet Muhammad," says the accompanying explanatory note.

  Summayah Kenna, spokeswoman for the Islamic Cultural Centre in 
  Clonskeagh,
  Dublin, said the centre would not consider protesting over the 
  displays. "We
  appreciate the work of the Chester Beatty. We would just ignore those 
  images if
  we went to to the Library."

  Meanwhile, at a press conference in Dublin yesterday, Sheikh Yayha Al 
  Hussein
  joined Dr Nooh Al Kaddo, executive director of the Islamic Cultural 
  Centre of
  Ireland, and Sheikh Hussein Halawa, Imam of the Islamic Cultural 
  Centre of
  Ireland, in condemning cartoons in European newspapers depicting the 
  prophet
  with bombs.

  Muslims here have been "extremely offended" by the cartoons and saw 
  them as "an
  attack on our prophet, an attack on our faith".

  C The Irish Times



  --- In [email protected], Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Assalamu alaikum,
  > 
  > 
  > Hatur nuhun, Pa Teddy , kana nyndirna isu tadina, simkuring meuni 
  panasaran ge :  
  > 
  > 1.-Naha aya larangan imeut dina ajaran Islam nu ngalarang gambar 
  Rasulullah SAW?
  > 2.-Larangan eta pupucukna tina ayat dina Alkitab atawa aya sumber 
  nu sanesna?
  > 2.-Upami kitu, kunaon? Aya pedaran dina sajarah umat Islam? 
  > 3.-Larangan eta lain bae ngeunaan ngagambarkanana tapi ningalina 
  oge? 
  > 4.-Kapir-kapir tina agami nu sanesna kedah nurutkeun kana ajaran 
  Islam henteu? contona larangan ngeunaan gambaran nabi?
  > 5.-Larangan eta mung ngeunaan Rasul SAW atawa ngeunaan saban nabi, 
  contona Yesahah, Yesus?
  > 
  > Hatur nuhun sateuacanan, Pa Denis, ka sadayana nu uninga jawaban 
  kana patelakan kuring.
  > 
  > P.S. Simkuring panuju sareng Pa Teddy : gambaran eta teh bolon wae
  > 






  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china
Organizational culture  
        Organizational culture change  Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------
------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service. 


------------------------------------------------------------------------
------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke