Ngiringan ngobrol ah....
Sim Kuring sanes anu ahli kana agama mung kantos ngiringan ngaos
Tah dina hiji pangaosana anu ngabahas per Sufian aya anu sapertosna
mah tiasa dilarapkeun kana patarosan kang MH.

Dina pamandegan kalangan sufi... upami hiji jalmi tilar dunya bakal
ngagabung kana rombongan - rombongan anu sami sareng amalan - amalan
anjeuna di alam dunya.
Upami amalanna anjeuna sae bakal ngiring ka rombongan anu nyaketan/nepangan
Allah SWT tur dipimpin ku Rasulullah. Dina perjalanan ieu tiasa wae eta roh
teh
nepangan anu masih jumeneng keneh. 
Sapertos dina pangaosan harita, nuju raos-raos ceramah Ajengan teh jol - jol
turun tina
mimbar teras siga nu ngarangkul sampean jalmi bari nangis padahal teu aya
sasaha....
Tos sabaraha lami anjeuna ngalajengkeun ceramahna.... teras nerangkeun
kunaon anjeuna
nagis tadi.... saurna alhamdulillah pangaosan urang diberkahan ku
kasumpingan pangersa
Rasulullah.... janten anu dirangkul anjeuna teh Rasulullah.... Wallahu
alam....
  
;D

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of mh
Sent: 08 Februari 2006 8:42
To: [email protected]; kisunda
Subject: [Urang Sunda] Re: Hiji deui sanggeus anu ditampiling, ayeuna
divonis bui


Aya patarosan sakedik, manawi aya bongbolonganana: Ari numutkeun iman Islam,
nu tos ngantunkeun (maot) naha masih kaci keneh barang penta ka nu maha
kawasa? Jiga manjatkeun do'a misalna. Sanes ari tos maot mah, kantun ngala
hasilna, kana naon rupa nu kungsi dilakonan di dunya. Jiga dina katerangan,
yen amal ibadah manusa teh putus nalika nyawa tos nagntunkeun jasadna,
kajaba tilu perkara (putra nu soleh, ilmu nu mangpaat, amal jariyah).

Salian ti eta, naha aya katerangana yen roh nu tos aya di alam kalanggengan
masih keneh "boga karsa", sarta "caket ka anu Nyiptakeunana, sareng makbul
do'ana".

Cing nyuhunkeun bongbolonganana.

Hatur Nuhun,
MH

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:    Si kuring mah percaya kana
dua pamadegan di luhur teh. Anu ngaping ti alam arwah, bisa wae ku modus
do'a ka anu Maha Kawasa (maksudna: hakekatna anu
 ngahukuman teh tetep Pangeran Anu Maha Kawasa, Anu Maha Taliti
Balitunganana). Sabab, mungguh dina Islam oge kapercayaan tradisional, anu
maot teh ukur jasad, ari roh mah tetep hirup jeung sarua boga karsa. Sedeng,
ari roh-roh manusa anu geus kumereb (caket ka anu Nyiptakeunana, eta makbul
 do'ana). Dina Al Qur'an ditetelakeun, silih tulungan antara sasama manusa
anu ariman teh eta henteu kawatesan nalika di alam dunya wae. Do'a antara
manusa anu ariman teh tiasa ti antara aranjeunna nalika duanana jjarumeneng
 keneh di alam dunya, tiasa ti anu masih hirup di dunya ka anu tos
ngantunkeun; tiasa oge ti anu tos ngantunkeun ka anu masih hirup di dunya.
 Dangiang Sunda......teu mungguhan ti antara karuhun-karuhun Sunda anu tos
teu aya dikieuna teh aya anu kalintang caketna ka Pangeran, dugi ka sagala
do'ana tiasa dikabulkeun. Diantarana: nyanggakeun ka Pangeran kaadilan
pikeun jelema anu geus ngahina masyarakat Sunda jeung budayana.



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 


IMPORTANT NOTICE: 

The information in this email (and any attachments) is confidential. 
If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
information.
If you have received this email in error, please immediately notify me by
"Reply" command 
and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. 
Although this email and any attachments are believed to be free of any virus
or 
other defect that might affect any computer system into which it is received
and opened, 
it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free
and no responsibility 
is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or
affiliates either 
jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its
use.


[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke