Hatur nuhun kang Bowo. Kajadian kahiji, mah taun kamari. Rekening abdi dibobolna di Bank BCA Banten. Anehnya, Bank BCA eta tempat abdi mun nyandak artos, sabab di Labuan teu aya bank Niaga. Tapi, upami ninggali dina tanggal, rekening abdi dibobol ngangge "ATM"-na teh, sadinten saacan abdi dugi ka Banten. Atawa saminggu saacan abdi ngalakukeun transaksi ngangge eta ATM (sabab abdi ngagunakeun eta ATM BCA teh saatos di Banten ampir saminggu). Katohyana aya anu ngabobol basa abdi tos uih deui ka bogor, basa ngaprint buku tabungan. janten, sasasih saatos kajadian. tataros ka rerencangan, cenang, rekaman CCTV-na teh biasana mun tos saminggu sok dipupus (duka tah). Komplen abdi nemag, dan teu apal pasualan sistem Bank. Maranehna nunjukkeun bukti yen rekening kuring didebet ngangge ATM.
Anu ayeuna oge, mun ditinggali tina tanggal transaksi, nyaeta tanggal 30 januari 2006. dibobolna sanes di BTN, da abdi kena cash. aneh pokona. Atos komplain, ngan kedah kumaha nya! hatus nuhun kang Bowo, kang Yudi. ke ku abdi urang paluruh deui ka BTN mun kitu mah tantan On 2/8/06, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > euleuh ... meni hawatos Kang, > > Eta panginten aya baraya ahli hukum nu terang naha bank wajib > balikkeun artos Kang Tantan? Bilih ieu mah, da kadang kawis urang mah > teu terang hukumna padahal aya tos ngatur.. > > Sok lah didu'akeun supados kenging gentosna nu langkung ageung.. > > Baktos > y > > --- In [email protected], tantan hermansah > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamu alaikum wr wb > > Baraya US sa alam dunya, > > Kuring rek ngadongeng ngenaan nabung. didongengkeun teh lain pedah > loba duit > > sahingga jadi ditabung. justru kusabab rek nyaingan kang Eko, jadi > Tukang > > ngiridit. he..he... > > Kieu lalakonan: > > > > Kuring milih nabung di BTN teh, pedah we basa ngajukeun rek nyicil > iman kudu > > boga rekening di Bank BTN. Jadi salila 2 taun nabung teh, sabenerna > mah ngan > > ngaliwatkeun duit nu rek dipake keur mayar tea. Enya, dina tabungan > teh aya > > oge duit, tapi eta mah duit keur mayar nanahaon, DP imah, jrrd > cenah. jadi > > kuring teu ngarasa miboga eta duit. > > > > Bieu, tanggal 08/02/06 kuring nyetor siga biasa. barang ninggali > print out, > > bet ngajenghok, sabab rekening BTN kuring aya anu ngabobol. nu leuwih > > pikaheraneun, dibobolna ti Bank sejen, jeung make ATM deuih. bingung > pisan > > teh, pan sidik, sapopoe oge eta ATM aya di kuring. malah, kusabab tara > > dipake ATM BTN mah, password na oge geus poho. > > > > Kuring nyoba komplain. siga bareto basa rekening bank Niaga kuring oge > > dibobol batur. tapi, saperti nu enggeus-enggeus, pihak bank keukeuh yen > > mekanisme anu dilakukan ku nu ngabobol teh make ATM. mun arek, > cenah, ATM-na > > dibolokir. kuring satuju, sok sanajan kaputusan eta teu bisa > malikeun duit > > batur anu aya direkening kuring tea. > > > > baktos > > > > tantan > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

