hehe. novelna oge sigana tos hese aya di toko buku ageung siga Gramedia mah. medal munggaran taun 2003. cetak ulang ngan dua kali, teu kantos best seller. novel heubeul nu masih ngadaraweung di gramedia mah nu best seller. si Lolo mah paling aya oge di toko buku alternatif siga ultimus atawa di kaseundeuhan si ua sas.
nilik eusina mah, asa teu aya nu matak ngambek hiji golongan. enya, aya diskusi soal agama, tapi patali jeung kondisi nu dipotret ku lagu imagine john lennon. aya deui kritik sakedik soal metoda pengajaran agama ka barudak. sangkan unsur kamanusaanana nu langkung ditonjolkeun. sanes cukup ku surga atawa naraka, bisi teu kahartieun atawa hese kaharti ku barudak. siga "ulah cakat-cokot barang batur, ke lebet naraka", saena mah kieu, "ke nu gaduhna nangis, sedih atawa susah..," hehe. On 2/8/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tiasa tagiwur, atawa berkah/bencana kanggo novel > Lousiana Lousiana. Promosi haratis, pikeun anu hayang > terang siga kumaha bangsa Denmark. Tapi, tong > sakali-sakali novel ieu dipasihkeun ka anak buahna > Habib Rizieq, sarua wae jeung neangan bibahlaeun. > > Samentawis mah eta novel ditarik heula wae, ulah > beredar. Tapi ketang kumaha ceuk penerbitna wae. > Boa-boa penerbitna boga pipikiran, kajadian ayeuna > bisa naekkeun "penjualan" novel Lousiana Louisiana. > (hese pisan ejaanana teh, lamun macana digancangkeun > jadi "lu...sia.. na. he..he..he..) > > baktos, > > mrachmatrawyani > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

