>
> Cep Ari....
> Ari perkawis adil mah teu tiasa dihubungkeun sareng waleran si boje atuh
Cep
> !
> soalna pasti tergantung kasolehan hate eta wanoja.....
> Upami si bojo... sieun pisan kanyaah si caroge pasti moal dipasihkeun.....
> masing kumaha adilna oge si caroge.

Margi ku kitu, upami carogena teu acan tiasa ngadidik istrina janten soleh,
kumaha bade nambihan deui. Upami kitu mah gaduh istri seueur teh sanes
janten
batur pisawargaeun malah janten nyungkrukeun si caroge ka jurang naraka.

> Tapi eta manusiawi.... da pada dasarna moal aya istri nu rela di dua....

Pan saur Rasul oge istri nu dimadu mah upami di dadana di simpenan endog
tangtu
asak eta endog teh ku panas hatena.

> kecuali si istri gadul kaimanan anu kandel.... tiasa ngelehkeun nafsu
> manusiawi na
> teu aya anu langjung dipikarep iwal ti karidhoan Allah SWT...
> Perkawis cemburu mah... teu di jaman ayeuna... teu di istri urang sunda...
> istrina Rasul oge ngagaduhan ieu... malahan mah kantos ngayakeun boykot ka
> Rasulullah
> dugikeun janten asbabun nuzul hiji surat Al Qur'an.

Leres pisan, At Tahrim ayat 5, lengkepna mah.

> Anu matak lieur.... saur simkuring anu bodo.... seueur istri
> ayeuna...langkung resep
> carogena ngalakukeun zinah.... tibatan dicandung......
> Istilahna anu nuju trend tea mah TTM (Teman Tapi Mesra) tea geuning.....
> Keun wae meser sate asal tong miara dombana wae cenah....  Astaghfirullah
> !!!!
Langkung seueur deui pameget anu ngingu domba tapi sok jajan sate oge.
>
> Janten...??? mangga we diwaler nyalira ....
> Satuju...teu aya nyandung anu susulumputan..... tapi cobi oge dipaluruh
naha
> Rasul
> naros heula ka bojo - bojona sateuacan bade nyandung ???
Ieu mah pendapat sim kuring, sanes Sunah Rosul sanes nyutat tina Qur'an.

> Hapunten upami seuer lepatna.... maklum abdi teh jalmi keneh.... hehehe
Sami. Sim kuring oge jalmi keneh, upami kersa ngangken mah.
Sumpah.
Bilih teu percanten mah ameng we ka Ciwidey. ;-)

Nu leres na ti Allah anu lepatna mah murni ka lelepatan sim kuring.

pun Ari.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke