Hapunten,bade ngiring ngareuah reuah nambihan dongeng plei boi,kupangalaman 
pala mitra anu karandapan ku simkuring .
  Lamun ras kana lalakon jaman keur masih buta tulang buta daging,ayeuna sok
  kabiruyungan seuri koneng,palias teuing sanes seuseurian sorangan,ieu mah.
  Harita kuring keur mangsana resep ngalalana ngurilingan Jagat,ampir 
satungkebing langit kakurilingan ceuk paribasana mah.
  Nanging omat ulah gaduh sangkaan negatip,adigung adi guna,sompral asa aing 
uyah kidul,teu pisan pisan seueur harta banda, atanapi kenging  warisan . 
tetebihan ngagunasika  ngagunakeun harta rahayat mah,da simkuring mah sanes 
Pajabat.Ieu mah bane tiasa ngurilingan unggal nagara pakulian dipalayaran kapal 
pesiar bogana Walanda .
  Allhamdullillah,harita mah pakulian masih kenen gampang,asana teu ngaluarkeun 
duit sapeser peser acan(nya dimana aya duit peseran,sanes)saacanna diiangkeun 
ka nagri Walanda ,rombongan kuring meh aya kana 140 urangna ngayakeun pelatihan 
salila 4 Bulan,bari jeung di asramakeun jeung unggal Mingguna meunang uang saku.
  Malum anu munggaran rek ka manca nagara sigana Pun Biang ngabubur beureum 
bodas heula,pada nyeungceurikan kawas anu bade ka Tanah Suci .
  Penerbangan kaluar Nagri ti Halim Perdanakusumah,anu jajapna oge aya dua Bus 
sareng dua Truk. E ddddd aaaa ssss
  Diberangkatkeunana nyarter pesawat K.L.M ,salila penerbangan teu ieuh 
tumamu,si Enon Pramugari ngamalum,maklum rombongan tea katambah ku groups anak 
Kabayan Incu Nini Anteh.tukang guyon,silih gonjak,silih ledek atanapi 
ngabodor,katingali mani keom keom bae nyi Enon teh ari tos wanoh kana lawakan 
urang mah .
  Ahli leleb teu wudu sagala diringkid perlu naon bae dibebaskeun ngaladangan 
sorangan atawa masing-masing.
  Jauh moal burung cunduk anggang mo burung datang, satepina ka Bandar udara 
Schipool,rombongan kuring dijemput sarta ditempatkeun di hiji Hotel anu teu 
pati jauh kapal Pesiar S.S Rotterdam nungguan .
  Salila 2 Minggu rombongan ngayakeun pelatihan langsung di kapal ,sarengsena 
sarapan Bus jemputan ngajugrug hareupeun Hotel,maklum peujit koreseun ,ceplok 
endog jeung roti bakar,ih asa teu acan nepi kana peujit,beuteung kukurubukan 
keneh,padahal sibule pelayan Restaurant aya kana sababaraha bakul ngembohan 
roti,nepi ka olohok atuh ningali tiap urang ngawadahan roti sapiring mentung 
.Nya biasa kabiasaan diurang sawios tos sarapan bubur kapan kana kejo mah kudu 
sanes.
  Poe isukna diusulkeun sarapan ku kejo goreng (nasi goreng) mung orokaya 
sanguna karek satengah mateng ,kalan kalan anu masih keneh gigih.Kukituna mah 
bisa dimalum dimana aya urang Bule ngaliwet.....?????
  Harita musim dingin anu kacida tirisna,eta anu marandi pada ngusey ceuk anu 
bohong  berjam jam ,kumaha teu kitu anu biasana dilembur ari mandi cukup ku 
saember ari ieu kantun ngocorkeun siga dina sumber air panas .
  Sarengsena pelatihan nuluykeun lalampahan mawa penumpang kurang leuwih 
  1.200 urang tujuan New York (Amerika),poe kahiji lancar teu aya gangguan 
nanaon,nincak poe kadua saumur nyunyuhun hulu,kakara harita ngalaman anu 
disebut mabok Laut (mabok sajatining mabok saleresna) peujit karasa 
dipurilitkeun ,sirah lanjung,leumpang dadarigdeugan,bumi alam asa muter 
titingalian harejo,utah uger nepi kaluar anu koneng,jurung kunung kapal asa 
ngapung ,sorosod asa aya nunarik,riyeg riyeg oleng kakatuhu,kakenca (mugi ulah 
kirang kirang nya ngahapunten sanes nyingsieunan ka pala mitra anu aya rencana 
seja damel di Palayaran,malih mah dimana tos ngalaman kieu tos janten Pelaut 
sajati - pan dina laguna oge- Nenek moyang ku orang pelaut sanes )
  Barang pecah belah anu teu kungsi diampihan paburantak,pareupeus,malah korsi 
di swiming pool di dek racleng kapangpengkeun kubedasna ombak..
  Tempat pamatuhan (home port) kapal Pesiar S.S Rotterdam di New York di Pier 
40 anu teu pati jauh Down Town atanapi Timesquer pusat perbelanjaan sareng 
keramaian.Setiap Minggu sore berlayar salila saminggu ka Bermuda atawa pulau 
anu aya di Caribian 
  Kabeneran harita kuring kabagian day off di New York ki sobat ngajak jalan 2
  caritana rek ningali gambar toong .Sanggeus mayar karcis,asup karuangan 
  anu di jerona aya ruangan deui aya lobang paranti panoonganana,ih bedus 
katoong dijero teh aya kuda putih bulucun dina meja anu bisa nguriling.Sigana 
lamun harita ayana diurang tangtu kana dibeuleum sakalian si Enona. 
Panginten..........
  Minggu hareupna kisobat ngajakan jalan deui basana teh bisi panasaran urang 
ningali Felem Horror terbaru bisi kaduhung katanyaan engke di lembur 
  Nya kitu saparantos mayar karcis asup ruangan kabeneran Filmna can 
maen.,supaya teu ngaliwatan penonton lian milih pidiukeun ngahaja 
panghareupna,teu lila Filemna dimimitian diputer ...ey ...sinurus 
tunjung...matak pikasebeleun ....silih pacok sesama jenis ...Filem Biru  
lalakina.....
  Ti harita kapok tara ieuh daek diajak jalan ku kisobat si Borokokok.......
  Ieu mah landong baeud oleh-oleh ti urang manca nagara baheula ......
   
  Salam sono kanggo baraya sadayana,
  .
   
   
  

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Hehehehe ......eta dongeng plei boi mani teu anggeus-anggeus.
Inget jaman keur ngora (mahasiswa), waktu mimiti terang aya
majalah jiga kitu teh. Boga babaturan urang Garut ayeuna mah
cenah bejana jadi Dekan di Universitas di Makasar. Si eta teh
ngangajak ka tempat kostna, boga nu aneh cenah. Nya kuring teh
ngilu ka tempat kostna. Manehna terus nembongkeun majalah ti
Amerika eta. Mani hookeun mata simeuteun, saumur-umur kakara
ningali aya gambar kitu. Timana eta boga nu kitu, ceuk kuring
teh. Ti si N, cenah bari seuri. Si N teh budak astronomi, ayeuna
mah jadi baturna kang Agus Her di Kompas.

Geus digawe, kuring teh sok dihareureuyan wae, da jomblo jeung
"sieunan" ka awewe teh. Padahal mah teu sieun teu sing, ngan can
wani we ....hehehehe. Batur kuring nu sok ngaheureuyan wae teh,
urang Tasik, bangorna kacida. Kuring "kuper" teh diomong-omong ka
"boss", mangkaning bos teh rada pikaeraeun jeung galak deuih da
eta pameunteuna sok serieus wae. Hiji waktu si Boss teh
nyampeurkeun ka ruangan kuring, bari mamawa amplop gede,
pamenteuna biasa serieus. Ari sugan teh bade nitah digawe atawa
bade nyarekan, ari pek kalahka nyarios : " Nih oleh-oleh dari
Itali, buat kamu, biar cepet nikah!", cenah bari angger
"serieus".

"Terimakasih Pak", ceuk kuring teh, rada era, jeung bingung naon
hubunganana oleh-oleh ti Itali jeung kudu gancangan kawin. Ngan
si bos geus ngaleos deui. Teu komentar naon-naon.

Ari ditingali teh eusi amplopna, uluh eusina teh aya majalah
Ameika, aya PLei Boi, aya deui nu leuwih gawat Penthouse.
Teungteuingeun eta mah si bos ...... nitah gancangan kawin,
kalahka dibere majalah "lieur".

Sataun ti harita, kuring dialanteurkeun ka sukabumi, kawin jeung
urang Cibadak, ka batur sakantor keneh. Ngan bos kuring teu
sumping, harita teh anjeunna nuju ka Malaysia. Ari geus gaduh
pamajikan mah, si "boss" teh tara masihan deui oleh-oleh ........



Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Jewish culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke