Sabenerna geus sadar ti keur budak mula yen kuring teh teu bisa nyanyi, da eta 
we mangsa keur sakola rakyat lamun aya pelajaran kesenian teh nu panghoreamna 
lamun geus dititah nembang kahareup, no sok ditembangkeun teh iwal ti Kinanti 
nu nepi ka ayeuna ge masih apal keneh, unina teh :
 
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bubuahan
Naon bae nu kapanggih
 
Lian ti eta mah euweuh nu bisa, matakna kuring kungsi dilandi ku Juragan Guru 
harita Si Kinanti.
Tah hal eta pisan nu ngajadikeun kuring kurang PD (percaya diri), komo lamun 
dina kasempetan ruang riung heug kudu maju kahareup nyanyi boh karaoke atawa 
dipirig ku organ tunggal, wah kajeun teuing jingjrit mundur ti pakalangan, 
biasa alesan mah loba sangkan nyingkah tidinya, rek meuli roko heula atawa 
hayang kahampangan heula jeung rupa rupa alesan sejenna.  
Kitu deui cubak cabak kana alat musik teu bisa pisan, kungsi mangsa keur rumaja 
ngilu kana grup degung, diajar teh nabeuh jengglong, hih da mimindengna mah 
dicarekan we, majarkeun teh teu keuna kana wirahma, ceuk nu ngajar harita ."Cik 
atuh dengekeun make perasaan dimana kuduna nakol teh ulah padu habek bae.", 
kuring mah weleh teu bisa nyurup masing ngadengekeun tidengo-dengo ge.
Nya ti harita kuring tara pirajeunan cubak cabak kana instrument musik, kitu 
deui nyoba nyoba ngahaleuang, embung, teu bisa.
Sedengkeun musik (rek diatonis atawa pentatonic) teh gabungan sababaraha 
instrumen, lamun tea disadana sewang-sewangan meureun kadengena moal matak 
pikagenaheun malah sabalikna bakal rawing ceuli, tong boro kitu kapan rek ngong 
ngahaleuang oge kudu merenah asupna, palebah mana nyurupna, teu bisa padu ngong.
 
Ceuk Si Cepot ngamaenkeun musik teh teu beda jeung ngolah nagara, ah lain 
nagara meureun da nagara mah lega teuing ambahanana, ngamaenkeun musik teh teu 
beda jeung ngolah kulawarga, ngolah rumah tangga, kudu sareundeuk saigel 
sabobot sapihanean, kudu sawirahma, ulah pakia-kia, ulah sewang-sewangan.
Ongkoh aya Menko Kesra, ngarana ge kesra, kesejahteraan rakyat, tapi instrument 
lain hayang naekeun TDL (tariff dasar listrik), euweuh rumusna karasa ku 
rahayat, naek (tambah biaya) teh bakal jadi sejahtera, lamun dina musik mah 
kadengena leuwih leuwih ti falsetto meureun,..aeh aeh hampura kuring yeuh eta 
mah hal nagara nya,...tapi kapan bakal aya pangaruhna kana kastabilan rumah 
tangga atuh.
 
Lamun dina hiji pagelaran orkestra, heug aya weh nu ningnang saeutik tangtu 
dirigen teh bakal buru buru ngarobah supaya harmoni ulah kaganggu, tong boro 
ningnang nu nabeuh instrumen dalah panongton narik nafas ge kudu lalaunan, kaci 
keprok kalawan rame lamun hiji lagu geus lekasan,  tah meureun anu disebut 
dirigen dina nagara mah nya presiden tea, atawa sang bapa lamun dina rumah 
tangga, naha geus aya ojah teu nya ieu dirigen nagara teh, pedah we karasana ku 
rahayat samodel kuring mah ayeuna teh kaharmonisan keur teu saimbang.
 
Aeh enya kuring ge osok nyanyi teh, mimindengna dina hiji upacara resmi lamun 
aya paringetan ti nagara, upamana kudu upacara dina paringetan 17 Agustusan, 
tah nyanyi teh sok babarengan jeung nu sejen kitu ge tara satakerna ukur kunyem 
we nyaeta nyanyi lagu wajib, lagu kebangsaan, dina prakna nyanyi lagu 
kebangsaan teh sok rada norolang pedah mindeng tea meureun ngan jadi teu pati 
ngalenyepan eusina, mudah mudahan we para pangagung nagara mah kacida 
ngalenyepan kana eusi lagu teh, ulah ngan sakadar apal cangkem, da ari apal 
cangkem mah budak leutik ge bisa, ari keur kuring onaman teu nanaon apal 
cangkem ge da rahayat ieuh he he..!
Lamun ditengetan jaman kiwari nu meh unggal poe aya demo, ti mimiti demo masak 
nepi ka demo ngaput baham atuh komo lamun demo hareupeun Gedong Sate, sok 
dibarengan ku ting keuleuweuh nyanyi, koor, lalaguanana rupa-rupa aya Halo halo 
Bandung jste, atuh ana kitu mah beuki loba we gunana bisa ngalagu, bisa nyanyi 
teh.
Ceuk sakaol tangga nada do re mi fa sol la si, cenah mah nu nyusuna teh 
biarawan abad ka XI anu ngarana Guido d'Arezzo dicokot tina lagu himne Latin 
nyaeta Ut Re Mi Fa So La, tapi kuring kungsi maca hiji buku (kuring poho deui 
buku naon, asana mah Iber, ngan weleh teu kapanggih) cenah mah eta teh asalna 
ti ahli musik Islam.
Cing ari Da Mi Na Ti La  (pentatonis anu dipake dina musik Sunda).....Mi Mi Ti 
Na Ti Na Da Da......eta teh meunang saha nya....kurah koreh teh can manggih 
keneh...aya nu terang...?
 
Geus ah poe ieu mah, isukan rek nyobaan ngaco deui.
 
MSasmita
 


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke