E'= é (Alt+130) Atanapi "Insert"; "Symbol"; teras pilari huruf nu dipikayong (aya oge huruf arabna)
Bilih lepat punten pang lereskeun -wass- bowie -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Siddik Wiradireja Subject: [Urang Sunda] Pangajaran basa Sunda Nitenan postingan ti wargi-wargi anu nembe (enggal keneh) lalebet ka ieu milis, henteu sakedik anu tujuanana hoyong diajar atanapi hoyong ngalancarkeun basa Sunda, namung duka teuing kumaha dugi ka ayeuna asana teu acan aya anu kersa mitembeyan ngaguar palajaran basa Sunda. Kajurung ku kaayaan sareng tekad ngamumule basa Sunda, bari ngucap "Lahaola", sim abdi sok sanaos ngan saukur nyandak bekel sagede beunyeur, ma'lum teu elmu teu pangaweruh, teu bodo-bodo acan ku elmu basa Sunda teh , malah mandar kapayun aya wargi sanes anu kersa sareng haat ngabantos ngalereskeun kalepatanana, sareng nambihan kakiranganana, hayu urang babarengan diajar basa Sunda. Langkung tipayun sim abdi salaku kuncen ka 6, ngahaturkeun rawuh kum kapara wargi anu nembe ngiringan ieu milis. Sok anu bade sasarengan diajar basa Sunda marajeng kapayun, kaluarkeun sabak sareng geripna (heuheu.....asa keur sakola SR.) Urang ngawitan ku hurup sora (vokal), anu seueur keneh pabaliut dina ngalarapkeunana, nya eta, hurup ; "e", "e' " (pepet) sareng "eu", margi lepat nyerat eta tilu hurup sok janten robih hartosna, contona ; bebek sareng be'be'k, Bebek = sabangsa meri Be'be'k = tutu, sapertos; rujak be'be'k.. be'ne'r sareng beuneur, Be'ne'r = le're's Beuneur = pinuh ku eusi, sapertos ; buah pare beuneur.. lebet sareng leubeut, Lebet = asup Leubeut = pinuh/seueur buah, sapertos ; tangkal dukuh leubeut ku buah sesep sareng seuseup Se'se'p = roko (le'me's) Seuseup = angseu (bhs. Indonesia;hirup), sapertos ; nyeuseup seungit kembang jejer sareng jeujeur Jejer = jangjrang (keur barang) (le're's kitu ?) mataholang (keur padungdeungan/sawala) Jeujeur = paranti nguseup (joran bhs. Indonesia) Tos ah sakitu heula engke urang teraskeun deui (tetela geuning hese ngajar basa Sunda teh....) Pihatur ssw Cing tulungan, kumaha cara ngetik "e' " pepet teh, raraosan kapungkur kantos aya anu mostingkeun perkawis ieu teh.....?? [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

