punten.......da uing mah malah teu ngartos kana sagala hal agama batur teh......
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: samemeh jelema bule percaya hiji pangeran, monotheis tea, maranehna percaya ka dewa nu loba tea. enya salah sahijina, nu ti yunani tea. raja dewana Zeus. eta para dewa teh, teu kaasup dewa 19, dijarieun patungna, salaku simbolik/perlambangna. kusabab kabiasaan marake simbol siga patung tea, nya asupna agama karesten ka eropa oge harayang marake simbol. nya sangkan luyu jeung adat suradat di dinya. kaci we. basa karesten bin nasrani beulah, katolik jeung karesten (protestan atawa lutheran), katolik mah neruskeun tradisi simbolisasi pangeran atawa nabi isa (yesus tea) oge ikon2 sejena. dina salibna, katolik mah make keneh yesus, ari protestan mah ngan ukur salibna wungkul. dina buku Muji Sutrisno, Estetika, Filsafat keindahan (asana judulna kitu, poho deui persisna) diguar kumaha beh dieu urang katolik ngarasa era ku urangislam alatan lobana gambar atawa patung nu nyimbolkeun hal2 religius diajaranana, kayaning nabi isa (yesus tea) nu disalib, di gereja katolik sadunya, aya eta lambang. terus boh di katedral boh di imah umat katolik, sok aya salib jeung yesusna, gambar maria, jeung sajabana. malah figur pangeran oge dijieun dina lalangit, lukisan di hiji katedral di italia. ku sabab agama katolik mah patriakal, atuh pangeran oge disimbolkeun ka mas kulin, lalaki, pigur bapa. bapa tea bageur. jadi pangeran dina agama batur mah boga alat atawa jenis kelamin (siga na ktp tea) cek istilah si kuring mah parabot reproduksi. hehe. jadi lumpat ka konsep bapa-anak. jadi pan ngadu'ana oge, 'bapa di surga tea. (ari indung di mana? piraku di naraka?) enya, ngarasa era ka umat islam nu justeru sabalikna. teu aya atawa malah ngaharamkeun nyieun simbol2 kaagamaan utamana nu nyabit2 ka figur pangeran atawa nabi. alesan nu umumna mah teu pira, sangkan teu disembah atawa gambar eta dijadikeun media pikeun kultus individu tea. kungsi cenah sagala simbol eta dilarang, tapi karasa ku bule (nu ngagem agama eta), asa kurang khusyu, sabab nya pangeran teh ayana ngan dina hate, euweuh simbolikna nu gampang kaharti ku akal deet jelema harita. sanajan teu aya dina hadistna (aya kitu?) geus papada apal, yen lambang islam-utamana dina suhunan masjid-mangrupa bulan bentang. malah dipake lambang jeung ngaran partey nu make ideologi islam. lambang lain, di masjid atawa di imah, kaligrafi aksara arab, Alloh jeung Muhammad. anehna, sarua jangkungna (mun digantungkeun dina tembok, sarua luhur handapna), siga presiden jeung wapres. padahal tangtuna pangeran langkung luhur. kuduna siga garuda pancasila nu pangluhurna. palang salib kitu, sanajan sarua ukuranana- dianggap simbol agama nasrani, jadi pikeun palang merah diganti ku bulan sabit merah. di nagara urang mah keukeuh palang merah. nagara2 eropa loba nu make tanda salib dina benderana, skandinavia (denmark, swedia, norwegia, finlandia) make salib sare. ari swiss mah salibna sarua ukuran horisontal jeung vertikalna (siga tanda tambah +). geus ah ngawadulna, bisi loba salahna. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

