Tos cunduk kana mangsa rengse padungdeng ieu panginten.. Ukuran makmurna henteu hiji nagara salahsawiosna GDP per kapita. Upami ningali rata2na mah memang leres ageung di US sareng UK teh. Tapi ieu teh kedah ditandingkeun sareng kabutuhan2 dasar. Upami ngangge UMR dieu, income perkapita urang dieu teh kanyataanna mah pas-pasan keur hirup sabubulanna. Eta oge pan lain 'jasa'-na kapitalisme dan nu ngaranna kapitalime mah teu kenal nu ngaranna 'upah minimum'. Buruh dianggap barang, pagawean nu gampang pasti dihargaan murah pisan dan loba nu bisaeun.
Mundur kapengker ka postingan nu kalangkung, upami teu lepat kantos disebatkeun yen IMF/WB kasabit2 teh sanes ceunah bade ngagogoreng. Kritik ka IMF/WB lain ti nagara katilu wae, urang dieu oge nu anti seueur. Nu langkung penting mah, informasi siga kieu teh numutkeun pamendak mah ageung pisan gunana pikeun urang supaya langkung 'sadar' dina lumaku. Upami ningali kantetan 'dominasi' ekonomi-politik (Kapitalis - pamarentah nagara gede - orgnaisasi internasional - pamarentah nagara katilu - urang) nu tiasa dikontrol ku urang teh: (1) kalakuan urang sareng (2) pamingpin urang. Janten salah sawios guna info siga di luhur teh siga na mah kapayun teh milih pamingpin nu wantun ninggalkeun hutang. Perkawis korupsi, tong lepat, aya carios ti salah sawios rerencangan yen kadang2 malah organisasi eta oge nu ngajaran korupsi. Upami teu lepat sababaraha taun kapengker oge aya seratan nu nyebatkeun yeng IMF/WB teh lain teu apal bangsa urang korup tapi dihaja ngarah beuki kabeulit. Dikait-kait sareng topik urang, pamendak abdi mah justru pola hirup materialis nu janten dasar kapitalism malah janten pangjurung pangkuatna korupsi. baktos y --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nuhun Kang Yudi nu kersa ngawaler patarosan-patarosan sim kuring. > Ngan kulantaran aya keneh nu "ngagantung", kuring masihan pairan nu > diselipkeun di seratan kang Yudi : > > --- In [email protected], yudi <yudi_irmawan@> wrote: > > > > Tah lumayan ayeuna mah maju. Aya sababaraha patarosan nu > ditembrakkeun teh. Ieu di handap mah pamendak abdi. Da waleran nu > eces tina patarosan2 eta mah sigana kedah ku panalungtikkan. > > > > Naha makmur teh ku duit wungkul? Pan kamari tos disebat Nagara > nu leuwih alus tibatan nagara2 eta ngangge kriteria naon heula Bah? > Kamari tos di sebat conto Tibet ngawitan ngadamel GNH tea. Tapi mun > bade ngangge tolok ukur artos alias GDP mangga tingali Brunei > Darussalam, salahsawios nagara pangmakmurna di dunia, GDP per > kapitana US$ 17.500. > > WALUYA : Ari kamakmuran panginten kriteriana tetep harta/artos, > ngan "kasugemaan" memang teu tiasa di ukur ku harta. "Kasugemaan" mah > ukuranana relatif pisan, teu tiasa diukur ku angka, rada hese engkena > ngadamel kriteriana. Tibet, sanes nagara merdeka, tapi bagian ti > Cina. Saha eta nu ngadamel GNH teh, Cina Komunis? pinter oge lamun > kitu mah, di sisi lain Cina teh nyieun sistem kapitalis keur bangsa > Cina sorangan, tapi keur urang Tibet mah, cekap we > ku "kasugemaan" ....hehehehe. Catetan : Dugi ka ayeuna Tibet hoyong > leupas ti Cina. Urang Tibet oge Agamana Budha, nu leuwih condong kana > kahormonisan hirup tinimbang "kasarakahan" hirup. > > Kang Yudi Nyerat : > > > Rakyat Amerika/Inggris cicing wae? Berontak siga kumaha maksad > Abah? Perang? Urang kapitalis mah sarieuneun paeh Bah, hirup teh > sagalana, moal parerang maranehna mah. Tapi mun GOLPUT > dianggap "berontak" mangga tingali statistik partisipasi pemilu di > Amerika: ti taun 1960 nepi ka taun 2004 nu ngiluan pemilu presiden > teh teu leuwih ti 63% (taun 1960). Komo pemilu perlemen mah, > panggedena oge 46% (taun 1966). Taun kamari pemilu presiden ngan > ukur 55% pemilu parlemen ukur 37%! Di Inggris partisipasi terus > turun ti saluhurun 70% ka <60% (2001) jeng 61% (2005). > > WALUYA : Enya maksud kuring teh barontak, da ari ceuk logika kuring > mah, lamun kateken-teken teuing mah, rakyat bisa barontak, paling > henteu nagarana jadi teu aman. Tah apan nagara-nagara ieu relatif > leuwih aman. > > Sakaterang kuring, etnis bule jeung ras bangsa Aria, karesepna > perang. Perang pangageungna kajantenana di Eropa (PD II). Teu aya > deui perang nu paling telenges, meakkeun jutaan jiwa meakkeun harta > saperti perang di Eropa. Urang Bule katingalina mah rada kapok > saatosna PD II, tapi sanes hartosna maranehna teu raresep perang. > Tingali we kalakuan Inggris, pira ge Pulo Falkland (Malvinas) nu teu > aya hartina, sabab eusina ukur raratusan jelema jeung domba, ngambek > waktu diserebu ku Argentina. Atuh ayeuna oge Amerika. Parjurit > Amerika memang jiga "leuleus sumanget" kulantaran perang di nagara > batur, nu teu puguh tujuanana. Tapi cobi lamun daratan Amerika > diserebu ........teu tiasa didamel heureuy, jepang wae dugi ka > tutumpuran ....... > > Kang Yudi nyerat : > > > Ieu teh dina sistem democrazy mah dianggap perlawanan kana > sistem. Nu matak helok, alesan kunaon maranehna teu marilu pemilu > teh naon (abdi nyutat): "....Some 77% said there was no point in > voting because it would not change a thing, while > 65% said they did not trust politicians. ..... > reported that 67% of the population now believe that > big international companies have more influence in > their daily lives than their own government; and > more worryingly 71% of 16- to 21-year-olds feel > that, whoever they vote for, it will make no > difference to their lives." > > WALUYA : Percanten kuring kana data ieu. Da di urang oge geus > ngawitan seueur nu Golput, katawis dina Pilkada. Ceuk kuring mah, > golput seueur disababkeun ku rutinitas alias teu aneh deui. Kuring > oge percanten, tangtuna aya nu teu sugema ("puas") kana sistem nu > keur digunakeun. Tapi, sakali deui, nu teu sugema ("puas") kana > sistem masih mere toleransi, jadi teu aya kaributan naon-naon. > > Kang Yudi nyerat: > > > Amerika henteu ngajajah? Apan ari benua Amrik teh sanes gaduh > urang Indian? Kaleresan seueur emasna deuih. Baheula, samemeh perang > dunia II emas teh penting pikeun hiji nagara sabab cadangan emas di > eta nagara nangtukeun kakuatan mata duitna. Ti ahir abad 19 (taun > 1870-kadieunakeun), Amerika hiji2na nagara nu bisa ngotrol dunia > kulantaran dollar jadi kuat. > > > WALUYA : Enya leres, urang Bule Amerika nu pangheulana, ngalindih > Indian, sanes ngajajah. Tapi upama bulak-balik kadieu, tiasa diungkat- > ungkit nu sanesna. Sabab model ngalindih kieu, teu aneh dina Sajarah. > Kumargi kitu ayeuna diusahakeun kajadian jiga kitu teh ulah > kajantenan deui. Di jaman ayeuna kajadian kieu teh di Sudan, dimana > Urang Arab Sudan rek ngalindih urang hideung di Darfur. Tragedi ieu > jadi sorotan Internasional. Untung kajadianana ayeuna, cobi lamun di > abad ka 17/18, meureun sami we, seep tah urang Hideung teh. > > Benua Amerika oge, sanes Amerika utara wae nu dilindih urang bule > teh, tapi oge Amerika Tengah jeung Amerika Kidul. Nu aneh, naha > nagara-nagara Amerika latin ieu, masih kalebet nagara raripuh benten > sareng Amerika bagian kaler. > > Amerika (USA), mungkin wae nagara beunghar satueacan PD II, tapi anu > ageung pangaruhna mah Inggris sateuacan PD II mah. > > Kang Yudi Nyerat: > > > Taun 1944, ngadeg IMF jeung World Bank nu salahsiji tugasna mere > injeuman ka nagara2 di dunia nu kurang emas tapi butuh duit pikeun > barang nu dibeuli ti nagara sejen. Tah ieu nu mere pinjeman ka > nagara2 katilu siga Indonesia. Tungtungna loba pajak rahayat nagara > katilu nu dikumpulkeun teh dipake mayar hutang (taun kamari > Indonesia bayar hutang jeung bunga 130 Trilyun (25% APBN)!! Nu > langkung bahaya, nagara nu nambut ka IMF/WB teh kudu milu resep > manehna nu seseringna ngabahayakeun kadaulatan ekonomi nagara eta > jeung ngarugikeun rahayatna. Conto: privatisasi BUMN (Indosat > dibeuli Singapur), liberalisasi minyak (BBM naek). > > > > Saha nu gaduh IMF sareng World Bank teh? LERES PISAN, nu > pangageungna (40%) tangtos: Amerika Serikat, Jepang, UK, Jerman, > Itali, Kanada, Perancis. Tah nyambung sanes kumaha kapitalisme > sareng seratan Revrisond Baswir ngeunaan hutang luar negeri ti payun > sareng kumaha kapitalisme ayeuna ngawasa dunya sareng kumaha cinta > produk impor ngabahayakeun kadaulatan urang? Ieu oge ngawaler kunaon > Jerman Jepang jadi nagara kuat: supaya teu "macem2" deui make > sanjata, dibere "permen" IMF/WB. > > > Janten, upami aya nu nyebatkeun IMF sareng WB teh alat > kapitalisme ngatur dunia, sanes kulantaran HEWA ka Kulon, tapi aya > bukti nu tiasa dipertanggelwalerkeun tina sajarah sareng gawe > IMF/WB. Kumaha 'damelna' IMF/WB tiasa dibaca di: > http://www.globalexchange.org/campaigns/wbimf/facts.html > > > > WALUYA : Perkawis IMF/World Bank, di urang oge jadi bahan pacental- > cental .....hehehehe. Ngan ari kuring mah, tetep we loba salahna di > bangsa urang keneh. Atos jelas artos meunang nginjeum, ieu didamel > awuntah. Nya puguh we atuh teu kabayar. > > Aya nagara-nagara sanes nu keuna Krismon taun 1997/1998, nambut ka > IMF, keur nulungan keuangan nagarana. Upami teu lepat mah Thailand > sareng Korea Selatan. Tapi ayeuna nagara-nagara ieu geus bisa > maralikkeun deui hutangna. Beda jeung nagara urang, malah hutangna > tambah ngagedean. Atuh akhirna posisi urang jadi lemah pisan, da > diatur-atur terus ku IMF/ WOrld Bank. Saha nu salah, nu mere nginjeum > atawa nu dibere nginjeum nu dina ngelolana teu bener? > > Ieu mah ceuk kuring kanu palinter di luhur, tinimbang nyalah- > nyalahkeun teras IMF, World Bank, mending oge malikiran kudu kumaha > yeuh ngelola nagara urang jeung kudu konsisten deuih, sabab kuring > ningali nu palalinter di luhur teh, teu konsisten. Pas nuju janten > pengamat tarik sorana teh, ari geus diangkat jadi pejabat, jep jempe. > > > > Nyanggakeun > > Baktos > > Yudi > > Hatur nuhun, > Baktos > WALUYA > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

