Simkuring panuju pisan kana unggelan ti kang Arisan (aeh....enya kitu?.... heuheuheu....punten ah...) Leres pisan kang, di urang...mungguhing nyarioskeun perkawis kahirupan jalmi. Aya ku hemeng, teu matak ngartos ka pribados nyalira dina nalungtik diri pribadi, kulawargi atanapi sakumna jalmi boh nu wanoh boh nu henteu na. Sumuhun ieu mah urang nyarioskeun bagbagan agama, cing geura urang teh ngagaduhan prinsip nya? Sok aya patarosan ti kimandahong (hehe..duka saha atuh ki Mandahong teh...) "Ari hirup teh keur neangan naon?"
Naha atuh, burudul teh jawaban anu matak nyeuit kana hate, enya eta oge rumasa ari biwir mah sok asa kagugu, ngabelenyeh teu pararuguh tea. Ceunah hirupmah keur neangan kasenangan, aya anu ngajawab, ye hirup teh keur dahar, da lamun teu dahar mah moal hirup ceunah, heeuh eta oge saha nu nyaram boga pamadegan siga kitu, da kuring oge atuh mun teu daharmah nya geus jenatna mereun ti bareto oge heuheu.......jeung rea rea deui jawaban lulucon ti nu sanesna, nu intina mah "mengparkeun" tina makna hirup anu sabenerna. Asana, mereun eta oge mereun, asa teu kapikiran ku maranehna atawa ku urang sorangan yen tujuan hirup nu sa endeng-endengna taya lian ti MILARI KARIDHOAN ALLAH TA'ALA. Atuh kumaha carana? Pek weh emutan ku sararea, ari urang ngaku jalma anu boga ajen darigama, hayang kaaku ku sakumna jalma yen urang teh jalma anu ngagaduhan agama, da moal tipoporose neangan 'solusi' keur nyingkabkeun lalangse ieu. Tinggal prak bukaan tah lalangse teh, ngalangkungan uteuk anu normal, urang singraykeun naon misteri dina raraga milari karidhaan Allah 'Azza wa jalla teh....... Engke, dina temponan geus ray ray caang katingali naon maksud dina kecap Ridha Allah, sakumaha pebeulit na pola hirup kumbuh di dunya, komo dina pajamanan kiwari, lir sakotret korek api, hiji-hiji pasualan bisa ngajalur lempeng estu dina jalan anu dipikaridha ku Allah Ta'ala. Sok tah urang lempengkeun jawaban ti jalma anu ceunah hirup teh keur neangan kasenangan, saha nu ngalarang atuh kana kasenangan? Tapi mun seug ngarti kana eta tujuan nyaeta milari karidhaan Allah, pinasti eta kasenangan teh bakal guyub, bareng sauyunan urang bebener sangkan Allah ridha kana rengkak paripolah urang sadaya. Atuh ngeunaan jawaban yen hirup teh keur dahar, nya atuh lamun urang ngarti dina bagbagan ngeunaan karidhaan Allah, heeuh pan dahar teh geus natrat eces yen aya aturanana, ti mimiti neangan dahareun tug dugika asupna eta dahareun kana beteung urang, pan disagedengeun sebeuh teh urang meunang barakah ti Mantenna, coba mun urang teu ngarti makna Ridha Allah, heeuh nyaeta pajamanan kiwari, naon oge bakal dirumpak keur minuhan eusi beteung. Tuh korupsi dimana-mana, eta teh ciciren yen jalmi nu kitu nu can ngarti makna karidhaan Allah. Perkara playboy, hayu urang ngamimitian ti urang, ka anak pamajikan, urang pelak tah prinsip "tujuan hirup" di kulawarga urang saheula anan mah, pengpeuriheun can bisa ka batur atuh kulawarga nu utama. Urang pelakeun rasa SIEUN urang mungguhing Allah wungkul, kanu sanes mah ulah. Ari nu ngaranna geus sieun kunu Maha Agung, tanwande sagala rupa parentahNa bakal di estokeun, jeung sagala rupa panyawadNa bakal ditinggalkeun. Da mun kuring ditanya perkara kabebasan berekspresi, ah jujur weh kuring mah ngajawab, "moal bener mun ngagugu kanu karitu patut mah", punten ah... Leres nya perkara playboy tea, urang ungelkeun hiji ayat dina alQur'an nyaeta dina surat alIsraa' ayat 32: "Jeung aranjeun TONG NGADEKEUTAN ZINA, saestuna zina teh mangrupa pagawean anu nista. Jeung hiji jalan anu goreng" Tos sidik tah "warning" ti nu Maha Agung, naha urang teu sieun? Da pama urang tetep ngarumpakmah, tingali kasus aborsi geus ceuyah dimana-mana, kumaha mun ieu kajadian teh nimpa ka anak urang? Wiwirang di kolong catang mereun, nya gede nya panjang....heuheuheu.... SING EMUT AH, HIRUP URANG-URANG TEH TEU PANJANG........... Aeh hapunten ka balarea, ieu oge sami lah tamba teuing manyun, da bade nyieun cikopi kopina can di tutu......sakali deui bilih cariosan simkuring nyigeung ka saderek, nyuhunkeun dihapunten kasadayana...simkuring oge rumaos papatahaneun keneh.... Assalamu'alaikum warahmatullahi wa barakaatuhu. Kang Enduy. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of sara raka Sent: 13 February 2006 18:21 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: [doeloer] Fwd: [chem99itb] akhirnya Play Boy Edisi 1 nilai nu dianggap tabu lami2 tos teu tabu deui. ajen-inajen atawa nilai2 lokal nu dianggap ku agama teu nanaon/ menang salila henteu patojaiyah jeung nyawa sareat.. didieu lemahna bangsa urang, babari ngalepaskeun nilai, saterasna ngalepaskeun acuk..... mun urang hayang bagja nu saleresna, nyaa jauhan hal2 nu teu uni.... mangga weeh talungtik sacara ilmiah hal2 ngenaan sex.... boh ditilik na jihat sosiologi, sosial, etika, gama jrrd... atuh eneng geulis... kamaksiatan mah teu disaranaan ge jalmi mah, pami ngalajur hawa nfsu moal seep2, haus...ahirna urang sabage jalmi nu diamanatan ku Panngeran hilap kana purwadaksi...naha jalmi di diciptakeun.... naha atuh hirup teh sibuk ku hal2 nu teu berkwalitas.... di dunya ngan sakeudeng jeung teu apal iraha ajal datang.... hapunten ah !...playboy teu sajalan jeung misi kasundaan di jabar.. kkumaha atuh neng jabar bade nyangking propinsi nu ideal pami remajana tos dijejelan ku sex... dalihna kebebasan ekspresi...? lami2 pami ekstrim, bakal kajadian saperti di denmark..bebas taya nilai nu pinuji ! teu mustahil plyboy teh ,kulantaran bebas akhirna nilai lokal meral atawa morosot tras kolor morosot beneran, lami2 bakal ngalangit saperti bola salju alias kamaksiatan bakal mahabu.... palebah dieu, urang salah mahami na modern jeung sapuratina, akhirna salah kaprah, tinggal weh hasilna..! mun mah jantan jeung gaduh uteuk waras, atuh polisi sareng pamarentah teh kedah nyegah kana kamungkaran, lain lipstik. pan polisi2 ku anjeun tos ngaraoskeun kumaha capena ngurus kriminal teh ! dina bag2an agama hususna dina soal maslahat= bahasan maslahat atawa kaharjaan jang manusa. disebutkeun yen perkara nu nimbulkeun madorot atawa muka lawang madorot, maka hukumna kedah ditutup/ dicegah. lawang2 jang bras kana madorot di urang seur pisan teu kaetang. tah ayeuna playboy nu jlas2 muka lawang kamksiatan. kedah ditengetkeun ku urang balarea pendidikan indonesia menghawatikan katinggaleun ku nagri sejen... can ge ngawangun bangunan jalma sautuhna dina pendidkan, atuh pami rumaja2 urang diasongan playboy, bangunan nu can kiat pisan, atuh bakal urug saperti urugna daerah alatan longsor/banjir, korban loba. masarakat teu salah nu salah tukang nuaran kai di leuweung tuluy teu dibarengan melak deui... ayeuna plyboy mun jujur mah bisa dikatagorikeun proses ngaruang rumaja dina syahwat nu ngalentab2....lentabanna ngaleuwihan lentaban seuneu !!?? seuer tabrakan, rumaja hareupan bangsa loba nu reneuh jsb. di urang saleresna mah loba kahuruan, sanes kahuruan seuneu tapi kahuruan hate, hate jalma2 kahuruan, ngagugu hawa nafsu, tungggul dilarung catang dirumpak, geus poho kana subtansina. teu sakedik ku kahuruan mental, hate atawa akal ( salah ngalarapkeun modernisasi) nagri jadi runtag.... kapitalisme jeung liberalisme nyarieunan "bom bunuh diri" dina wangun kabebasan kuda dina mikir, seni nu dibuleun hawa nafsu, cenah etika padahal teu ngetika... nilai2 lokal nu kacida luhungna ditojosan kawas sate terang diduruk hawa nafsu, hasilna urang nyaksenan... naha atuh "nyapek budaya teh guruntulan" lain pan urang boga "pituduh" di karuhun sagala ge kedah dibeuweng diutahkeun, nu jaman ayeuna mah bisa diartikeun diriksa, dianalisa dina widang disiplin elmu, jadi teu sagawayah, nu kitu namina ilmiah, salah sahiji sipat ilmiah nyaeta ciri jalma modern,: saha weh rek si bule rek si koneng..... ... geus panceg, teu bisa dikutak-katik deui hukum agama dina zina atawa perkara2 nu bras kana zinah teh haram hukumna...geus kot"i...geus eces-merele. tos diebrehkeun ku Panggeran jeung Rasulna dina Kuran jeung Hadis. pami urang ngutak-ngatik dina daerah eta naon bentenna urang jeung kaom bani israel baheula atawa kaom2 bedegong sakumaha kaunggel dina Kuran... pami bedegong wae alias bangkawarah ala "modern" nu teu napak kana adat/ajen loka oge agama, jangan heran alkuran bakal mere konsekwensina mun kitu -kieu.... eta mah tinggal milih.... Panggeran nu maha welas asih, nu maha uninga, wijksana, nyipta, lembut/nyaah, kawasa jeung sipat asmaul husna sejenna... tetela yen Alloh teh wijaksana, dina wijaksanana Alloh nurunkeun Kuran jang "nyaangan" sagala kapoekan, kadoliman jst. Kuran diturunkeun salah sawios Alloh nyaah pisan ka manusa, da manusa mah moal tiasa ngaguar bebeneran/ nilai kebenaran mutlak... makana wahyu ngabingbing akal kitu oge akal nyapagodoskeun sakampuhma. tenggel deket wae, atuh saena mah soca atawa mata teh buncelik kana ayat2 Panggeran...hususna ayat2 zina. nu kumaha zinah teh?.. kumaha mamalana mun lawang zinah dibuka?....kumaha kabendu Panggeran ka tukang zinah atawa tukang muka lawang2 pazinahan?... ieu serius lain perkara heureuy da pakait jeung aturan PAnggeran. ... Alloh maha wijaksana. lantaran ku wijaksanana, Kuran teu pati2 ngalarang hiji perkara kajaba aya hikmahna. zinah jeung lawang2 zinah teu kenging atawa haram,... ulah bendu atuh urang sabage manusa nu pondok umur... da Alloh maha uninga maha wijaksana=maha pinteur and nyaah. yen hikmahna seuer teu kawengku ku utek manusa da sawangan Panggeran leuwih jauh tur seuket batan manusa. urang ulah ngalewihan panggeran, nyieun hukum sakarepna atawa nerapkeun ideologi kabebasan nendeunnna di mana wae, urang indonesia teh tos kacturkeun boga agama. urang hirup lain di jaman nabi nuh atawa musa, numana kaomna keukeuh "nawar" harga hukum !.. umat Muhammad mah tos aya alKuran, Aturan nu tos sampurna. UU pornograpi diterapkeun eta sae, da nyoko kana ajen2 agama boh islam, hindu, karesteun jsb. UU anti erok mini teh tafsiran Kuran; ulah ngadekeutan lawang zinah jeung zinah. jadi teu nanaon, boleh, menang, kenging di golkeun jadi UU.... kaom pameget--nu beragama islam- di DPR ulah eleh geleng jeung kawani ku istri nu teu satuju kana UU eta. teu kecet2 deuih agama dikambing hitamkeun. abdi tumaros, ari agama nyai/ emba atawa tanteu agamanya apa?... ngertos teu kana agama?..terang teu sajarah liberalisme?...terang teu nilai seni nu saendah2na?..kumaha wawasan kebudayaana?... jrrd. tanteu kedah emut, sora tanteu teh ngawakilan urang indonesia nu sesuerna urang islam??... tanteu dina alam demokrasi, silaing sorana eleh da sakeudik..punteun weeh ieu mah.. ... NB.. hapunteun bilih aya nu kasigeung...ieu mah itung2 diajar ngalancarkeun panangan, malum atuh ari panangan abdi tos di sawah ledok kieu... hehehe.. pami lepat abdi lereskeun pami leres...ah eta mah etang2 diajar babarengan... mangga.. hatur nuhun.. neng ades <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ahirnya... Nu diantos-antos parantos sumping... Mangga bade midangkeun majalah anu dipikaresep ku balarea sadunya...Dijadwalkeun terbit sasih payun...KAnggo baraya nu berminat dihaturan wilujeng meser...bilih kabujeng seepeun --------------------------------- Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. SPONSORED LINKS Secondary school education Graduate school education Home school education Graduate school education online High school education Middle school education --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "doeloer" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ___________________________________________________________ NEW Yahoo! Cars - sell your car and browse thousands of new and used cars online! http://uk.cars.yahoo.com/ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

