Hatur nuhun kana panyambat saderek,pribados sanes lauk buruk milu mijah,ieu mah 
seja ngiring ngawangkong sareng para saderek saalam dunya .
Asa kaemutan jaman pribados keur ngora,ngarumasakan ekonomi lemah upama 
indit-inditan, sobat anu paling satia iwal tinumpak Bus .
  Teu aneh jigana hiji kendaraan  anu meunang Gelar atawa panggilan beda-beda 
padahal barangna eta -eta keneh,Bus anu kukurilingan di kota disebut Bus 
Kota,aya Bus antar Kota,antar Propinsi,atawa antar Pulau .
  Harita mah Bus teu sahebat  ayeuna,komo anu ngarana Bus Pattas A.C ,tumaninah 
pisan teu kaganggu ku anu ngaroko sarta dihibur ku lagu atawa Filem,ngan 
orokaya nun pangaos tiketna .
  Dalah dikumaha mung bati kabita sanes teu hayang kana Bus Mewah ,fulusna 
  ngan cukup kana Bus Ekonomi .
  Ih, naha rada mengpar yeuh ongkoh rek nyaritakeun pangalaman Para Mitra keur 
Ngora,maklum lah Memoryna tos rada sowak sok seueur ngalantur,mugi ulah kirang 
kirang sawangsulna .
  Kacatur harita teh sareng indung si Renyut nembe pisan amprok,poe Minggu 
kuring rek wakuncar ti asrama Samudra Beach Hotel Pelabuhan Ratu ka kota 
sukabumi.
  Meunang dandan sataker kebek ,rebun rebun clak kana Bus pangisukna tujuan 
Sukabumi .Kasebelan panumpang diteep saperti pindang lain bohong,
  Heurin usik,meh teu bisa hitut-hitut acan ,maklum hawa laut sangkilang panon 
poe can bijil,awak ngoprot kukesang,sirah leneng ku sajatu babauan,atuhda 
  dina bagasi luhur Bus,reuteum ku panumpang ,babawaan,ingon-ingon jeung rerea 
deui.
  Dak...dumadak dasar keur sial,duka teuing Busna geus teu layak jalan,atawa 
kaleuwihan teuing babawaan,diperjalanan sababaraha kali mogok .
  Teu kaampeuh kutunduh kuring ngalenyap kasarean ,inget-inget tos dugi kanu 
dijugjug,Keur adu regeng nawar ongkos delman karasa dina tarang aya nu 
nyurulung tepi kana biwir karasa asin.........sihoreng .....cai pindang cue 
(tenggiri).......
  Kumaha salajengna .......teu langkung pang emutankeun ku pala mitra sadaya 
.??????
   
  Hapunten,dicekapkeun dugi kadieu,sanes waktos diteraskeun .....
   
  
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Lamun satiap baraya KUSnet ngadongeng pangalamanana
siga conto dihandap ieu, tiasa janten hiji buku anu
munel, atuh kamaheran basa sunda na oge tiasa janten
lancar. Heunteu pangalaman nyalira oge, nya pangalaman
batur  oge teu sawios-wios, jiga waktos kuring
mostingkeun "berteman tapi mesra". Tadina mah teu
kapikiran, tapi barang mireng "ringtone" laguna ratu
di hp, jorojoy kaingetan pangalaman kang Mumu anu
kasaksian ku kuring. Kuduna mah judul Beus Kota teh
diganti, jadi "Berteman (beus kota) tetap mesra".



--- rosma ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Beus Kota
>    
>   “Ari indit ka kantor unggal poe make naon?” rea
> babaturan kuring nu nanya kitu. “Sakapeung Mercedez,
> sakapeung Volvo” ceuk kuring. “Gaya euy, tumpak
> mobil alus unggal poe!” ceuk maranehanana. “Enya
> gaya, tempat diukna ge bisa mahi keur 40 urang. Mun
> teu kabagean bisa diuk di korsi artis (luhur mesin)
> deukeut pilot…atawa nantung siga lutung (hiji
> leungeun nyekelan ka luhur) heheh…” ceuk kuring bari
> nyerengeh. 
>    
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Organizational culture assessment   Jewish 
culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke