Mun enya eta aturan diberlakukeun... moal aya deui Metromini, Bajaj, Mikrolet, jeung beus PPD... puguh haseupna meni nyerebung jiga nu keur ngobong... kitu deui mobil-mobil jaman baheula anu geus pasti teu bisa diomean deui perkara haseupna.
Antukna, eta kandaraan teh dipiceunan ka luar daerah ngarah kota mah teu pinuh teuing. Teu pasesedek jeung mulek ku haseup knalpot. Motor 2 tak bae pan geus teu meunang asup ka jalan protokol. Nu meunang teh motor 4 tak wungkul. Mun geus kitu, anu ting suliwer teh jiga na mah mobil-mobil anyar we, nu geus pasti mun di uji emisi ge pasti lolos. Nu diuntungkeun mah nu dagang mobil jeung motor alanyar atuh nya ? hmm....rek muka showroom we lah mun kitu mah... -dul- --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kacipta euy, supir bajay & bemo dibui kabeh... Eh, aya teu nya bajay nu bisa > lolos uji emisi? > Beus kota deuih, di Jakarta teh kari Trans Jakarta jeung beus2 AC nu aralus > wungkul meureun nya... > > isk > > On 2/4/06, Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Uji emisi ieu ceunah mah keur ngurangi polusi udara di Jakarta, anu ceuk > > beja aya dina posisi katilu "terpolusi" sadunya salain ti Meksiko jeung > > Thailand (duka bener duka henteu, wallohualam). Uji emisi ieu dilakukeun > > mun rek merpanjang STNK kandaraan, sataun sakali, tapi alusna mah > > dilakukeun sataun dua kali ceunah, ngarah urang bisa ngontrol eta > > kandaraan. > > > [Non-text portions of this message have been removed] > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

