Bhua...ha....ha.....
emh...meni ngeunah seuri teh...
keur mah keur sorangan, teu kudu luak-lieuk seurina ogé
abong gé raja keong..eh kéom, bisaan waé ngadongéng
pikaseurieun teh...

Nuhun kang Syam

-dul-

--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Siga geus ilahar didaerah urang saban tungtung tol sok dijadikeun 
terminal bayangan. Sakumaha terminal resmi, didinya ge kumplit jeung 
calona, kaki limana,asonganana, pangamenna, baramaenna teu 
katingaleun oge copetna. Padahal dilokasi eta sok dipasangan patali 
marga "S" dicoret,nu hartina teu meunang eureun, matak kitu ge 
meureun rambu-rambu eta dihartikeun teu meunang jualan sabangsaning 
kadaharan anu dimimitian tina hurup "S". Da enya atuh dilebah dinya 
can manggih nu jualan "Surabi". Sugan mah husus ditatar 
sunda,hurup "S" dicoret teh, boa kudu diganti ku "heup" dicoret nu 
hartina teu meunang "heup" alias teu meunang eureun, meh 
kahalartieun. Salian ditungtung tol, dijero tol oge sok aya nu 
nurunkeun atawa nu naekeun panumpang,lain dina parantina, malahan mun 
naek beus AKAP mah sok aya nu pesen samemeh creng mayar ongkos, menta 
diturunkeun ditempat anu,dikolong jembatan anu, cek pikir " Beu kawas 
jalan tol boga ninina wae!"
> 
> Jaman kiwari nu ngarana "ngalanggar" meni geus dalit pisan, teu 
kiwarina teu baheulana ketah, da baheula ge ari geus ngalanggar teh 
meni asa pelem pisan,contona keur sakola,bolos jeung niron teh kawas 
geus ngalanggan wae, atawa waktu keur sumedeng beger sok ngalanggar 
waktu bates apel, teu weleh sok hayang dileuwihan. Kiwari hususna 
didayeuh dayeuh,keur usum ngalanggar rame rame, anehna mun rame rame 
mah asa teu karasa ngalanggar jeung teu sieun deuih,contona nyorobot 
lampu merah, atawa asup ka jalur busway ari rame rame mah teu kudu 
culang cileung heula, damang we nu aya.Kawas kuring basa nyegat beus 
diujung tol cileunyi,teu asa ngalanggar da batur ge loba, ongkoh 
beusna ge ngahaja ngaretem didinya. Keun we ah teu kudu dimasalahkeun 
da meureun jaman kiwari mah geus ilahar ngalanggar berjamaah teh.
> 
> Daripada mikiran nukitu, najan dipikiran ge da moal meunang 
panghargaan, mending urang ngadongeng numpak beus we nya. Kieu geura, 
harita dina jero beus kasampak geus parinuh,jok nu kosong teh ngan 
hiji-hijina,jok nu eusina dua, karek dicirekeman ku saurang. Ningali 
aya bangku kosong, kuring tuturubun muru kadinya, jle diuk, terus 
ngareret kagigireun, geuning batur sabangku teh nini nini. "Paingan 
matak arembungeun ge da meureun ningali nini nini!" Belenyeh kuring 
mimiti maledog ku seuri, sinini males, bray katingali huntuna tinggal 
gusina wungkul. "Bade angkat kamana?" cek kuring. "Ka Purwakarta !" 
jawabna. "Geuning nyalira?" Kuring mimiti tetelepek. Sikasebelan teh, 
asa lancar ngomong teh ari ka nini nini mah, beda lamun nyanghareupan 
wanoja sok pakojot wae, erapox tea meureun. "Enya cep....boga aki aki 
ge kedul untar anter !" Cek sinini semu nu gegelendeng."hawatos 
teuing atuh!" tembal kuring satengah ngupahan.
> 
> Disidik sidik mah ruruntuk kageulisan sinini teh masih keneh 
ngadalis,halisna anu baheula meureun ngajeler paeh kiwari angger 
keneh ngajepat ngan henteu ari dikandelan deui mah, gadona anu 
baheula meureun endog sapotong kiwari masih keneh nangkod, atuh 
beungeutna anu baheula meureun buleud lir bulan purnama kiwari najan 
geus rada kemong,katingalina tetep we nyari. Mun dipapantes,kawas 
kieu meureun Tamara Blezsinki lamun geus nini nini. Najan katingali 
ruruntuk nu geulis, tetep we bauna mah bau nini nini,anu has bau 
minyak angin atawa kayu putih. Leungeunna anu lencop teu eureun 
milangan siki hanjeli anu dikantetkeun, keur wirid sigana mah. 
Kayungyun pisan, da meureun geus ngarumasakeun nini nini kudu loba 
babacaan. Ngan sajeroning eta, sok kabayang mun nu gigireun teh 
wanoja geulis kawas sinini keur umur welasan taun,heug sarua 
leungeuna nu lencop ngopepang ngome tasbeh. Ehm leuwih kayungyun, 
lebar temen mun dikabaturkeun.
> 
> Lantaran tol cipularang harita keur berewit, meus meus urug meus 
meus ngabeyeyet, atuh pagegeye jeung sinini teh leuwih lila da make 
jalur heubeul. Sakapeung mah sok hemeng ka tol cipularang teh, eta ku 
loba pisan sesekelanana, enya mun budak mah biasana salah mere ngaran 
mun berewit wae teh, boa tol ieu ge kudu ganti ngaran, atawa boa boa 
basa mere ngaran can ngabubur bodas ngabubur beureum. Paselang jeung 
nundutan, sakapeung diselang ngobrol ngaler ngidul jeung sinini. 
Henteu ari nepikeun ka ngobrolkeun ka palebah majalah pleyboy mah, 
komo ngomongkeun internet atawa nitah gabung ka Kusnet, teu pisan 
pisan, da bisi teu kauteukan ku pantar uteuk nini nini. Biasa we 
ilaharna ngobrol jeung nini nini.
> 
> Nepikeun ka ciganea, pengkolan nu ka jatiluhur tea,kadenge kenek 
ngagorowok "yang mau ke purwakarta,sadang,kopo, turun disinih, mau 
masuk tol!" Ngadenge kitu sinini hariweusweus campur jeung reuwas. 
Satengah protes pok sinini ngomong "pajar atuh tadi ngaliwat 
purwakarta!" ditempas ku kenek "teu kuat kumacetna, tah naek angkot 
we!" cek kenek mari mere duit tilu rebu ka sinini, geus kitu mah 
sinini buru buru tuturubun turun bari ngajingjing kantong plastik anu 
dianyam,bakating ku tagiwur nepikeun kapoho amitan ka kuring anu 
sajongjonan mah olohok. Poho meureun,ma'lum geus kolot sok pohoan. 
Dina jero hate,ngan ukur bisa  ngagerentes ku pangdu'a "jig nini 
didu'akeun sing salamet, goodbye tamara, eh goodbye nini!"
> 
> Ayeuna dina mangsa valentine day datang, beungeut sinini ngadadak 
sok ngongkolak wae dina implengan. Beu aya kukitu! Bit ketah!
> SR
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke