Saleresna nu pigeugeuteun ("terangsang") teh nyaeta basa Sunda, Kang Rachmat. 
Sanaos kuring tos diajar seueur basa : Sangsekerta, Latin, Yunani kuno, Russia 
sareng sajabina, teu aya nu langkung nanarik hate ti basa Sunda, terutamina 
kusabab kabeungharan kecap eta basa nu enya-enya pangendahna dumasar elmu basa. 
 Salian ti eta teh kedah oge nyebutkeun panarik kangge sajarahna nu ngawitan ku 
huluwotan kamanusaan, kedah nyebutkeun oge undak-usuk basa (tatakrama) nu 
mangrupa sajenis sopan santun husus pisan. Kuring ngaraos pikareueus dipasihan  
kamujuran diajar basa nu sakitu luarbiasana.

Baktos, Kang Denis
  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, February 13, 2006 9:37 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Assalamualaikum, Sakantenan Naros Basa Sundana 
'Hamil'


  Jadi mani "terangsang" yeuh ku cariosan kang Denis.
  Aya lolongkrang pikeun "ngaglobalkeun" basa sunda.
  Kumaha tah, upami baraya sunda sapertos kang Denis,
  sareng akang-akang sanesna anu sacara etnisitas
  heunteu lahir sareng diageungkeun disosialisasi dina
  budaya Sunda, urang "mangpaatkeun" pikeun ngamekarkeun
  basa sareng budaya Sunda. Gumanteung ka aranjeuna,
  minatna perkawis kasundaan di widang naon,
  satiasa-tiasa mah KUSnet tiasa ngabantos anjeunna.
  Ku ilubiung anjeunna dina milis ieu oge, tos
  mangrupikeun hiji kauntungan. Tapi asana teh teu acan
  maksimal pisan.

  Tos puguh ari sapertos kang Yan di New York mah, jelas
  ngamekarkeun sareng ngamasyarakatkeun kasenian
  (sunda)penca, heunteu mung sakadar kembangna, namung
  dugi ka falsafahna sareng hakekatna sagala. Hiji hal
  anu teu sadaya perguruan penca masihkeun/nurunkeun
  elmu siga kitu.

  Para istri sunda anu kagungan caroge urang asing,
  mangga geura ajak atuh ilubiung di milis ieu. Teh
  Erina di Perancis teu kapireng deui wartosna. Kitu
  deui teh Lies di UK, Teh Tati Erick di Amrik, kamana
  wae yeuh teu aya wartosna. Saha deui nya? 


  baktos,

  mrachmatrawyani 

  --- Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > Dina kamus Sundanese English Dictionary saurna :
  > 
  > 1.-sabobot sapihanéan (sabata sarimbagan) : ucapan
  > ari : two persons, especially husband and wife, who
  > live in complete harmony.
  > dua jalmi, terutami salaki pamajikan, nu samasakali
  > hirup sauyunan 
  > 2.-nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju) : ask
  > for a fair judgement (especially invokes clemency).
  > nyuhunkeun dipertimbangkeun kalawan adil, terutamina
  > nyuhunkeun rasa nyaah, kakarunya
  > 
  > Baktos, Kang Denis
  >

  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 


  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china  Organizational 
culture  
        Organizational culture change  Organizational culture assessment  
Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke