Aya hiji buku, sae kanggo referensi Teh Ika, kumaha
pabaliutna nanjeurkeun hukum di Indonesia dina raraga
"Law and Development", seratan "pa Lurah angkatan
Prajabatan"  abdi waktos kapungkur.
Eusi buku ini teh hasil panalungtikan di lapangan ahir
taun anu kalangkung.

baktos,

mrachmatrawyani

--- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun Kang.
>   Saurna RUU Revisi UU 34/1999 mangrupakeun
> inisiatif DPR, tos didamel ti taun 2005. Panginten
> DPR nyusun sasarengan sareng Pemda DKI. Jigana
> Eksekutif Pusat oge kirang dilibatkeun, komo deui
> Pemprov Jabar. Janten RUU ieu teh pabaliut sareng
> Rancangan Peraturan Presiden perkawis RTRW
> Jabodetabekjur, nu dibahas dina waktos nu sareng,
> tapi patukangtonggong. Kitu panginten riweuhna
> ngurus Republik teh sesah koordinasi.
>    
>   Baktos,
>   ika
> 
> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Komentar ti kuring ieu mangrupi hiji "apresiasi"
> ka
> Teh Ika anu tos "hese cape beleke" mostingkeun
> paparan
> Gupernur Jawa Barat, anu masih "haneut pisan"
> (boa-boa
> baraya KUSnet langkung uninga ti payun batan para
> "yang terhormat" anggota Pansus DPR di Gedong
> Sorabi.
> he..he..he...)
> 
> Komentar ti kuring mung sakadar salah sahiji konci,
> margi teu acan imeut pisan, nitenan pidato gupernur.
> Janten komentar ieu sipatna masih "debatable".
> 
> Kahiji, sigana semangat revisi UU no.34/1999,
> heunteu
> memperhatoskeun semangat otonomi daerah. Katingali
> ti
> komentar pa gupernur, "Jawa Barat tidak pernah
> diajak
> rembugan pembuatan konsep "Megapolitan
> Jabodetabekjur". Padahal dina semangat otonomi
> daerah,
> salah sahiji tujuanana teh kanggo ningkatkeun
> "participatory democracy" sareng efisiensi dina
> ngokolakeun (=penyelenggaraan) pamarentahan. Sareng
> ku
> ayana otonomi saleresna mah daerah dipasihan
> lolongkrang kanggo nangtoskeun pangwangunan anu
> cocok
> sareng potensi anu aya di daerah. (Prioritas
> pangwangunan di DKI kedah janten prioritas
> pangwangunan di wewengkon bodetabekjur?).
> 
> Kadua, (sigana, ieu mah ceuk kuring) dina UU
> no.34/1999, sumanget otonomi daerah teu patos
> nyongcolang (=menonjol). Tiasa ditingali tina pasal
> demi pasal.
> 
> Katilu, aya kesan arogansi Subordinasi pamarentah
> DKI

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke