Hahaha…sae pisan “Goodbye Nini” teh....
   
  Hehehe…tenang Kang Syam, aya paripaos di Beus Kota,”Sesama Bis Kota Dilarang 
Saling Mendahului”. Nya kitu keneh abdi moal miheulaan Kang Syam nu tos seueur 
“Jam Ngapung”na, komo sami-sami urang Sumedang mah…(ih, naon hubunganana nya?).
   
  Hatur nuhun pisan kana kritikanana, janten pecut kanggo abdi. 
  Alhamdulillah, disebat garing siga tahu bunter, untung teu buyatak 
oge…heheh…krezzz…krezzz…diemam janten rencang sangu, komo nu nembe diakeul 
mah…eeeuhhh…nikmat pizan…
   
  Seratan “Beus Kota” ngagambarkeun pangalaman abdi sadidinten, maklum rahayat 
alit. Seratan Kang Syam ngagambarkeun hiji kajantenan nyaeta nini-nini tea…ari 
abdi mah rupi-rupi tapi angger tempatna mah dina beus kota, pami dina majalah 
Femina tea mah aya kolom “Gado-gado”, tah ieu ge maksadna mah siga kituuuu….
   
  Naminage masih keneh amatiran, masih keneh sakedik hasil seratan abdi kirang 
ti 10 karangan, komo dina basa Sunda mah, rumaos nembe sadar yen Basa Sunda 
kedah dimumule, pami teu ku urang kusaha deui? Da diemut deui, pami dina basa 
Indonesia mah tos umum sareng seueur pisan pangarang nu jarago nyerat teh. 
   
  TETEP SUMANGET!
  Hatur nuhun,
  Ceu Eros.
   
   
  Message: 12        
     Date: Tue, 14 Feb 2006 19:16:47 +0700
     From: "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]>
  Subject: Re: Beus Kota
   
  Ceu Eros, caritana garing euy! ngerekes sapertos tahu bunter lami 
  ngagoreng. Basana ngaguluyur keuna kana mamarasna, sapertos ngaguluyurna cai 
cimanuk mangsa keur caah. Punten sanes ngabibisani, da leres pisan atuh anu 
didongengkeun ku ceu eros teh, jalmi sapertos
  abdi ge anu can kabedag meser avanza, lalakon hirup teh seueur dina 
  angkutan umum.
   
  Atuh sanes tuturut munding, ieu mah kajurung ku panggero ka Rahmat, 
  Bade ngadongeng sapertos kitu ngan benten persi. Mangga aos lalakon abdi anu 
dijudulan "goodbye nini!" he he.
  Baktos
  SR
   
   
   
  Message: 13        
     Date: Tue, 14 Feb 2006 19:17:10 +0700
     From: "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]>
  Subject: Goodbye Nini!
   
  Siga geus ilahar didaerah urang saban tungtung tol sok dijadikeun 
  terminal bayangan. Sakumaha terminal resmi, didinya ge kumplit jeung calona, 
kaki limana,asonganana, pangamenna, baramaenna teu katingaleun oge copetna. 
Padahal dilokasi eta sok dipasangan patali marga "S" dicoret,nu hartina teu 
meunang eureun, matak kitu ge meureun rambu-rambu eta dihartikeun teu meunang 
jualan sabangsaning kadaharan anu dimimitian tina hurup "S". Da enya atuh 
dilebah dinya can manggih nu jualan "Surabi". Sugan mah husus ditatar 
sunda,hurup "S" dicoret teh, boa kudu diganti ku "heup" dicoret nu hartina teu 
meunang "heup" alias teu meunang eureun, meh kahalartieun. Salian ditungtung 
tol, dijero tol oge sok aya nu nurunkeun atawa nu naekeun panumpang,lain dina 
parantina, malahan mun naek beus  AKAP mah sok aya nu pesen samemeh creng mayar 
ongkos, menta diturunkeun ditempat anu,dikolong jembatan anu, cek pikir " Beu 
kawas jalan tol boga ninina wae!"
   

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke