Tah nyaeta Kang, sagala-rupi oge kedah aya aturanana nu jelas. Umpamana Playboy parantos medal, teras eusina ngalanggar hukum di nagara urang, jaksa sareng pulisi kedah ngadamel tindakan. Ngan ayeuna mah Playboyna oge acan medal, nya bade ngahukum saha, da teu acan aya buktosna. Medalkeun Koran/Majalah ayeuna teu kedah nganggo izin jiga jaman kapungkur (Suharto). Asal gaduh modal, saha wae tiasa medalkeun koran/ Majalah.
Baktos, WALUYA --- In [email protected], "kang Enduy" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sumuhun atuh kang, ngitung tina urusan bisnis berbisnis mah, pan saratna teh > nya anu kitu pisan, aya pasar, aya nu meuli....tinggal prung weh > ngajalankeun bisnis, moal teu mucekil geura eusi loket teh. Ngan nyaeta atuh > naha bet anu dibisniskeun teh anu kieu patut nya? Da anu teu eucreug tea mah > nyaeta hate jalma anu "ngiring bingah" ngabageakeun "sarupaning" lah.... > > Geura pek urang pikiran, ngeunaan jalma teu baleg, tapi boga naluri bisnis, > pan ningali pasar mereun, mun di hiji wewengkon kalobaan jalma raresep > ngudud merek anu, da moal kamana jig na, anu ngajual udud teh lolobana mah > nya merek nu eta tea.... kadituna, dimana jalma geus resep madat, mabok, > heroin jrrd. Pan keur si "pelaku bisnis" mah ceunah lakadalah.... teu > ningali kenca katuhu, nu penting mah duit, duit jeung....acis..... > > Keun weh teu paduli jalma deuk narotog kana solokan oge, deuk ngarengkol > dina galeng oge da mereun nyangka na spring bed, heuheuheu......... > Nya kitu deui ple-boy, manehna mah ucang angge weh dina korsi gading, > samentara di luareun lingkungan manehna pating jarerit, pating koceak > ningali anak-anak na jaradi korban "duraring" tea....heuheuheu.... > > Punten ah............ > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

