Punten ngiring ngalangkung ....

Ieu dongeng si Aki atanapi dongeng kang Ndoell nya ... he ... he ...

baktos,
budhi
kurono kopo 241
- nungguan waktu badminton

  ----- Original Message ----- 
  From: Ari R. Fikri
  To: [email protected]
  Sent: Wednesday, February 15, 2006 11:47 AM
  Subject: [Urang Sunda] Ba: Re: Goodbye Nini!


  Ieu dongeng si aki na.

  Hiji mangsa si aki sarua naek beus. Naek na ti lebah gerbang tol, kabeh
  panumpang kabagean diuk,
  pon kitu oge si aki.
  Asup ka jalan tol panumpang narundutan malahan sawareh mah aya nu nepi ka
  kerek.
  Keur mengpeng tarik si beus teh di erem ku supir. Panumpang anu narundutan
  ti jareduk
  kana korsi hareupeunna. Untung ku sabab beus antar kota korsina laluhur 
tur
  haripu jadi
  weh ngajeduk teh teu pati nyeri teuing.
  Kenek nu cicing di deukeut panto hareup ngaroris ka tukang, ninggalian
  panumpang
  bisi aya nu kumaha onam.
  Katinggalina mah
  kabeh ararokeh, ngan aya sawareh nu nyekel tarang balas tidagor.
  "Hapunten para wargi di rem ngadadak, bubuhan itu di payun aya jalan 
anjlok"
  (Meureun di tol
  Cipularang ieu teh nya ?) Ceuk kenek sasadu. Panumpang ngagarunyem 
ngajawab
  sakadang
  kenek.
  Si kenek neruskeun leumpang ka belah tukang. Di bangku katilu ti tukang ka
  sampak
  si aki irungna getihan keur ngelap getih anu ngucur tina irungna. Kenek
  kacida reuwasna
  ninggali kaayan si aki kitu rupa teh. Hatena tagiwur jeung heran, naha 
batur
  oge nu tidagor rada tarik
  teu nepi ka getihan kitu. Kenek ngomong ka si Aki,
  "Naha aki teu ngawaler tadi ku sim kuring di taros, teh ?. Geuning aki 
mani
  getihan kitu pangambung teh. Urang ngiring heula atuh ka pul (kandang 
beus)
  supados dipasihan serat
  panganteur ka dokter atanapi rumah sakit supados di pasihan landong".
  "Keun bae sujang da lain salah supir, salah mobil ieu mah, salah aki 
malahan
  mah." Jawab si aki.
  "Lepat aki kumaha ?", ceuk kenek keukeuh, "Batur oge anu tijeduk tarik teu
  aya anu dugi ka getihan kitu".
  "Keun bae lah, jaba era deuih ". Si Aki tetep pageuh kana pamadeganna.
  "Era ?", kenek ngarasa heran kana jawaban si aki kitu teh.
  "Enya basa beus keur mengpeng tarik teh, batur mah sarare aki mah keur
  neruskeun hanca ti imah, jadi weh pas di erem teh irung getihan"
  "Hanca naon ari si aki ", kenek tetep can ngarti.
  "Enya hanca ngorong, jang. Karek anggeus nu kenca di imah mah. Di 
teruskeun
  anu katuhu di dieu". si aki teu kireum-kireum.
  Kenek nyenghel koneng, panumpang anu merhatikeun ngilu ngabarakatak 
ngadenge
  pangjawab si aki.


  Garing, nya. Sawios ah da nuju di ajar keneh ngadongeng na oge.

  pun Ari




[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke