Leres Kang Urang Sunda sanes di Jawa Barat wungkul. Ngan ari ceuk kuring mah "habibat" asli urang Sunda nya di Jawa Barat. Umpama wilayah-wilayah Urang Sunda kabagi-bagi, kawijaksanaanana oge pasti benten-benten. Contona, tiasa wae sang gubernur DKI, nyaragamkeun kurikulum sakola SD di wilayahna, palajaran lokal jiga basa daerah (sunda) dileungitkeun. Urang Sunda teu bisa protes, da eta mah wilayah batur .... Beda upama masih lebet ka Jawa Barat, urang pan tiasa gogorowokan tah ..
Pa Dany kawon sareng Pa Sutiyoso? .....hehehehe punten Kang, kuring mah sok mangkarunyakeun ka pejabat-pejabat di daerah, jarang nonghol di TV, pas nonghol kagorenganana wungkul. Tapi gubenur DKI, ampir unggal peuting rarayna nembongan dina layar TV. Kuring lain pro Pa Dani (wawuh ge henteu), tapi terus terang we Gubernur DKI teh langkung mirip Walikota tinimbang Gubernur!. Da Gubernur DKI mah benten sareng Gubernur di tempat sanes. Manehna mah ngan ngurus sakota!, ari Gubernur Jabar? ngabawah daerah-daerah otonom, anu teu bisa kitu wae nurut ka kahayangna Provinsi. Langkung beurat Gubernur-gubernur di daerah, tinimbang jadi Gubernur DKI mah. Lamun aya walikota di DKI teu dipikaresep ku gubernur, gampang, tinggal ngeureunkeun. Tapi ngeureunkeun bupati/walikota di daerah otonom ......wah bisa panjang caritana. Baktos, WALUYA > Jawa Barat mung sauukur wilayah administratif > Provinsi. > Inti na mah yen urang sunda sanes Jawa Barat Wungkul, > urang urang nyaeta Ki Sunda anu tiasa ngamumule budaya > sareng nilai-nilai sunda. > > Pemerintahan Provinsi Jawa Barat anu sapaningali > simkuring, henteu ngagaduhan tekad sareng ihtiar anu > maksimal.. > > Lamun Konsep Megapolitan nguntungkeun urang sunda, > urang kedah ngarojong. Ditingali kana kamampuan > gubernur Dani Satiawan VS Bang Yos mah.. Tebih anu > kang. > > Leadership Gubernur Jawa Barat mah.. rada kuuleun... > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

