Jakarta Megapolitan; Kota "Supermarket" Jeung Penyangga Ibu Kota;
DKI Jakarta, iwal ti sabage ibu kota negara (Metropolitan), oge kudu disebut sabage kota industri, kota perdagangan, kota hunian jeung rea-rea deui. Ceuk kasarna taya anu euweuh di Jakarta. Jakarta, mun digambarkeun siga "Super Market" anu di jerona sagala aya; nya tangtuna oge merlukeun tempat anu kawilang lega, lamun perlu malah ditingkatkeun. Tong boro-boro lahan taneuh, dalah langit oge teu bisa majar kumaha. cenah ayeuna sabagian wilayah Jawa Barat bakal dijadikeun bagian tina naon disebut "Jakarta Mega Politan"; Ceuk rarasaan teu kudu aneh, Da geus lila wilayah Jawa Barat geus jadi bagian tina Jakarta mega politan. Ngan baheula mah lain disebut Jakarta Mega Politan tapi "Jabo(go)tabek". Sabenerna maknana mah taya bedana, anu ngabedakeun ngan ukur "deskripsi" (pertelaan, bejer beas) konseptual anu beda. Sabab ari konsepma kuma perspektifna, bisa perspektif politik, wilayah, ekonomi jeung sajabana. Waktu konsep Jabo(go)tabek direalisasikeun, masalah anu muncul ka permukaan teu jiga ayeuna, duka naon sababna? Dalah, masyarakatna mah siga anu kangeunahan, sabab bakal meunang pasilitas anu kurang leuwih sarua jeung DKI Jakarta. Kajadian anu sarupa kajadian oge di Jawa Barat. Nyaeta kajadian Jatinangor anu aya di wilayah kabupaten Sumedang jadi "wilayah Pengembangan Wilayah Kota Madya Bandung", anu menang pasilitas anu kurang leuwih sarua. Duka kumaha tanggapan Rahayat Jatinangor (?). Wilayah-wilayah sarupa kitu, ceuk istilah teknisna, disebut sabage "wilayah penyangga ibu kota". Teu jauh bedana, antara Kota Bandung Jeung Kabupaten Bandung. Kabupaten kudu daek jadi tempat miceun runtah Kota Bandung. Kabupaten Bandung jadi Kota Penyangga Kota Bandung, anu iwal ti sabage Kota Madya oge sabage Ibu Kota Provinsi jawa Barat. Naon sababna bisa kitu? Ceuk pikiran sim kuring, sabab konsep Ibu Kota di urang taya lain ti "kota sagala aya" atawa anu leuwih pasna (meureun) "kota multi fungsi". Anu ngabedakeun Ibu Kota (Jakarta, Bandung jrrd.) jeung Supermarket nyaeta sakumaha ramena jeung sagala ayana, Supermarket leuwih "terencana", rapih, bersih jeung resik dibandingkeun jeung Ibu Kota naon bae oge; kaasup Jakarta sabage Ibu Kota (metropolitan) Nagara Indonesia. Lamun Jawa Barat Jadi wilayah Penyangga Jakarta, saetik demi saeutik Kota di Jawa Barat jeung Banten jadi kota penyangga, anu akhirna moal boa sakabeh kota di Jawa Barat jeung Banten, kota gede atawa leutik, (kudu) dianggap sabage kota-kota penyangga Ibu kota Jakarta. Sabenerna mah lain "moal boa" da geus kitu ayana. Leuweung di Jawa Barat jeung Banten geus beak dikunyalan ka jakarta. Kuayana Tol Padaleunyi oge sigana mah mangrupa Jalan Jagorawi anu maksa sacara sistematis, Bandung (jantung Jawa Barat) jadi bagean "integral" ti Jakarta. Ku ayana Tol Padaleunyi, jalma anu gawe di jakarta teu kudu bumen-bumen di jakarta, cukup di Bandung bae. rek teu kitu kumaha, Bekasi, Bogor, Tangerang, geus pinuh. Lamun Bandung geus beunang? sa Jawa Barat geus aya dina keupeleulan leungeun..... Tapi teu kudu aneh da eta mah bongan kakara ting gorowok ayeuna lain ti baheula..... Leuwih ti kitu, Kota Bandung oge ngalakukan hal anu kurang leuwih sarua ka Kabupaten Sumedang..... bener kitu? teuing (wallahu'alam) Ahmad Gibson (Baba Icon) --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Komentar ti kuring ieu mangrupi hiji "apresiasi" ka > Teh Ika anu tos "hese cape beleke" mostingkeun paparan > Gupernur Jawa Barat, anu masih "haneut pisan" (boa-boa > baraya KUSnet langkung uninga ti payun batan para > "yang terhormat" anggota Pansus DPR di Gedong Sorabi. > he..he..he...) > > Komentar ti kuring mung sakadar salah sahiji konci, > margi teu acan imeut pisan, nitenan pidato gupernur. > Janten komentar ieu sipatna masih "debatable". > > Kahiji, sigana semangat revisi UU no.34/1999, heunteu > memperhatoskeun semangat otonomi daerah. Katingali ti > komentar pa gupernur, "Jawa Barat tidak pernah diajak > rembugan pembuatan konsep "Megapolitan > Jabodetabekjur". Padahal dina semangat otonomi daerah, > salah sahiji tujuanana teh kanggo ningkatkeun > "participatory democracy" sareng efisiensi dina > ngokolakeun (=penyelenggaraan) pamarentahan. Sareng ku > ayana otonomi saleresna mah daerah dipasihan > lolongkrang kanggo nangtoskeun pangwangunan anu cocok > sareng potensi anu aya di daerah. (Prioritas > pangwangunan di DKI kedah janten prioritas > pangwangunan di wewengkon bodetabekjur?). > > Kadua, (sigana, ieu mah ceuk kuring) dina UU > no.34/1999, sumanget otonomi daerah teu patos > nyongcolang (=menonjol). Tiasa ditingali tina pasal > demi pasal. > > Katilu, aya kesan arogansi Subordinasi pamarentah DKI > jakarta anu nganggap Jawa Barat kedah janten Ordinasi > kakawasaan pamarentah DKI (arogansi ieu teh ti jaman > Ali Sadikin keneh tos aya). > > Kaopat, kaitanana sareng problem "Pembuatan Peraturan > Perundang-undangan". Diantawisna, anu ngadamel > undang-undang heunteu memperhatoskeun, naha > undang-undang anu dipidamel teh engkena tiasa > dijalankeun atanapi heunteu, kumargi tos nyandak > asumsi aturan anu dipidamel otomatis tiasa jalan > sorangan, heunteu memperhatoskeun ayana jurang dina > ngalaksanakeun aturan hiji daerah sareng daerah > sanesna. Teras deui, kadang-kadang anu janten acuan > penegakkan hukum ngangge tolok ukur Jakarta (jakarta > sentris). Kaayaan ieu diperparah deui kumargi dina > ngadamel undang-undang heunteu memperhatoskeun > infrastruktur hukum anu benten-benten di tiap > wewengkon. Janten kadang-kadang undang-undang didamel > heunteu realistis, rada dipaksakeun margi anu > ngusulkeunana elit politik atawa pangawasa anu (loba > duit) jeung sok nyalindung "demi kepentingan Ibukota > negara RI". > > Lima, sakitu panginten komentar ti abdi. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Kahatur: > > Baraya > > Nyanggakeun tanggapan Gubernur Jawa Barat perkawis > > RUU Revisi UU No.34/1999 nu didugikeun dinten ayeuna > > Rebo, di Pansus DPR-RI. > > > > Paparan Gubernur Jawa Barat > > > > Pandangan Jawa Barat Terhadap Rancangan Revisi UU > > No. 34 Tahun 1999 Tentang Pemerintahan Provinsi > > Daerah Khusus > > Ibukota Republik Indonesia Jakarta > > Disampaikan Pada Rapat Dengar Pendapat dengan > > Pansus DPR RI > > Mengenai Rancangan Revisi UU No. 34 Tahun 1999 > > > > > > > > > > Pasal-pasal di dalam rancangan Revisi UU no. 34 > > Tahun 1999 yang terkait dengan konsep Megapolitan > > Jabodetabekjur > > > > Pasal 9 > > > > (1) Ibukota Negara Republik Indonesia memiliki > > rencana umum tata ruang ibukota negara dengan > > mengacu kepada tata ruang nasional. > > (2) Rencana umum tata ruang ibukota negara > > sebagaimana dimaksud ayat (1) meliputi wilayah > > Provinsi DKI Jakarta, Kabupaten Bogor, Kota Bogor, > > Kabupaten Tanggerang, Kota Tanggerang, Kabupaten > > Bekasi, Kota Bekasi, Kota Depok dan Kabupaten > > Cianjur yang dinyatakan sebagai kawasan Megapolitan. > > (3) Rencana umum tata ruang ibukota negara > > sebagaimana dimaksud pada ayat (1) ditetapkan dengan > > peraturan pemerintah > > > > Pasal 10 > > Rencana umum tata ruang ibukota negara sebagaimana > > dimaksud dalam pasal 9 ayat (2) dijadikan dasar > > dalam penyusunan Rencana Umum Tata Ruang Provinsi > > DKI Jakarta, Kabupaten Bogor, Kota Bogor, Kabupaten > > Tanggerang, Kota Tanggerang, Kabupaten Bekasi, Kota > > Bekasi, Kota Depok dan Kabupaten Cianjur > > > > Catatan terhadap rancangan Revisi UU No. 34 Tahun > > 1999 > > Sejak awal penyusunan RUU Revisi UU No. > > 34 Tahun 1999 yang dalam beberapa substansinya > > terkait dengan kepentingan Jabar dalam pembahasannya > > samasekali tidak melibatkan Pemerintah Provinsi > > Jabar. > > Pada dasarnya Pemerintah Provinsi Jawa > > Barat sangatlah mengerti kalau penanganan DKI > > Jakarta itu penting dan prioritas karena menyangkut > > kepentingan Ibukota Negara Republik Indonesia. > > Bahkan dalam Visi Jawa Barat secara > > eksplisit disebutkan bahwa Jawa Barat Ingin Menjadi > > Provinsi Termaju di Indonesia dan Mitra Terdepan > > Ibukota Negara Tahun 2010. > > Oleh karena itu sepanjang dimaksudkan > > untuk lebih mengintegrasikan penataan ruang Ibukota > > Negara Indonesia Jakarta dengan daerah sekitarnya, > > konsep penyusunan Rencana Tata Ruang Wilayah > > Jabodetabekjur dapat diterima. > > Namun jika penerapan gagasan tersebut > > berimplikasi pada pelepasan sebagian wilayah Jabar > > seperti wacana yang berkembang saat ini, maka dengan > > tegas pemerintah provinsi dan masyarakat jabar akan > > menolak. > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

