Si kuring mah teu pati hariwang ku ayana beja rek terbitna pb edisi
indonesia. Ari tadina mah teu hariwang teh sugan we pb  teh dina enyana
terbit make versi indonesia. Siga MacD nu di nagarana mah euweuh sangu,
jadi aya sangu. Make cara kitu, gambar2 dina pb oge meureun siga dina
majalah nu ayeuna geus aya-hartina kaci. Siga di majalah Matra, FHM, jeung
sajabana. Apal FHM soteh aya nu ngabejaan, novel Rakkaustarina meunang
bentang tilu cenah di majalah eta. Sihoreng majalah cap pakaian jero.
cilaka. tapi jadi era sorangan, da dina novel eta memang aya saeutik soal
taranjang, sanajan konteksna di negri deungeun, finlandia tea. tadina mah
keur mere conto, masih aya jelema, lalaki, urang dieu nu bisa keneh nahan
hawa napsu.

Asana ayeuna keur dibahas rame kunu paduli, perkawas RUU Pornografi jeung
Pornoaksi. sanajan loba oge nu naranya batasanana utamana dina pornoaksi.
Inul cenah nepi ka dijejeleh ku Haji Oma Irama pedah goyang ngeborna. Oma
ngarasa dangdut nu ku manehna jeung sonetana digedekeun, dihade-hade, make
tambahan rock sangkan laku, ayeuna cenah dirusak ku cara Inul nu make
goyang ngebor. Sanajan Elvie Sukaesih oge osok make gaya peureum beunta
ari keur nyanyi teh, siga ari keur nyanyi mandi mandu. Make aya, ah…ah…ah.
Nu cek saliwat mah bisa dihartikeun ka pornoaksi, sabab ah..ah..kitu teh
–asana- ekspresi keur teuing. Hehe. Pikeun si kuring, asa hese nganggap
goyang Inul ngebor the porno aksi. Sanajan bajuna heurin. Duka pedah apal
tina tabloid, Inul kawitna panyanyi dangdut miskin nu ngider ti kampung ka
kampung di jatim. Dangdut nu kelas rahayat, nu memang unsur hotna paling
kandel. Inul ceuk cenah mangrupa hiji conto Indonesian Dream: lalakon hiji
jelema urang indonesia ti susah nepi ka bisa senang. Malah boga imah di
pondok imah saharga 7m. boro2 si kuring, dalah sigana kelas PhD atawa
Doktor oge can tangtu.

Pangalaman jeung Kondisi masyarakat: moral geus melar
Sumpahna ge, soal nu porno2 geus kapanggih si kuring leutik keneh, keur
sagede sireum keneh pisan malah. Harita smp kitu. Aya babaturan nu teuing
timana boga buku stensilan beunang Anny Arrow. Aya nu nyebutkeun yen Anny
Arrow teh guru seks cenah. Aya oge nu nyebut yen Anny oge ngajarkeun
moral. Pedah eta meureun, ditungtung caritana, pelaku teh sok maranggih
nasib sial, nepi ka paraehna bari carana teu ilahar, siga katabrak treuk
jeung sajabana.  Mun Bah Willy mendak majalah poron siga pb atau penthouse
beh dieu, basa kuliah, tos di bdg, si kuring masih keneh smp akhir atawa
sma. Nya dan jamanna oge beh dieu.  Harita mah tangtu we ngan ukur hayang
nyaho bareng jeung kondisi puber.

Harita teh di lembur, nu boga tv karek dua-tilu imah. Salah salimana, hiji
aki2 nu beunghar nu kawin deui ka mojang ngora keneh. Duka kumaha mimitina
mah, babaturan manggih poto2 porno, hideung bodas, cenah mah ti deukeut
imah eta. Meureun pikeun sarapan si aki sangkan bisa hudang atawa kumaha
teu ngarti harita mah. Nya meureun pikeun nu geus rarabi, nu baroga
pasangan halal mah, salaki pamajikan teu mudarat, pieun appetizer, hehe.
Tapi bahaya oge mun kapanggih ku budak. Salah salima akibatna, nepi ka
soal kaparawanan-kaperjakaan, perlu teu perlu ngajagana nepi ka kawin,
jeung sajabana.

Kungsi nyaba ka nagara nu di toko2na dijual majalah porno. Ngan geus
umuran harita teh. Jadi teu pati hayang nyaho da ongkoh geus kungsi nyaho.
Jeung deuih karasana asa percuma da keur mangsana jomblo. Asa teu aneh ari
dilegalkeun mah, beda jeung di nagara urang nu Sabenerna mah (kungsi)
ngaharamkeun vcd atawa majalah porno. Ongkoh samamehna geus maca heula
ngeunaan nagara eta. Jadi ma’lum. Nagara2 di kaler mah cenah permisif kana
urusan seks atawa pornografi. Malah maranehna mah make basana teh erotis,
erotika. Di kopenhagen, persisna di stroget-wewengkon toko pedestrian-teu
kaci mobil, malah aya museum erotika sagala. Kungsi asup, da panasaran.
Hehe. Nya manggih parabot reproduksi jalu nu pangpanjangna sadunya (haha)
urang afrika.

Urang dinya mah moe karep dina usum panas bari buligir teh biasa, teu
nanaon. Teu matak heboh.  Ciuman antar kabogoh, awewe lalaki atawa lalaki
jeung lalaki di jalan teu matak heboh. Nya meureun niley budaya nu
dianutna kitu. Ongkoh geus di baheula mula, maranehna marake bendera
sekuler tea, dimimitian ti jaman renaisans tea. Agama jeung gereja teu
payu. Rek kawin resmi atawa kumpul kebo (bahasa resmina mah letterless
marriage, kawin tanpa surat) kaci jeung diaku ku nagara, ngan ngaran
kulawarga anak, milu ka indung.

Masyarakat beuki
Masyarakat di urang oge, utamana nu golongan abangan atawa urban, boga
adat naon nu dilarang sok kalah diteangan. Siga kasus vcd bandung lautan
api, nu pamaenna msiswa sipil Itenas, awewena anak Fikom Unpad. Cara
ngurus kasus ieu oge beda. Itenas mah langsung mecat si AH, ari Unpad mah
cenah ngan mere skor ka nanda, si enengna. Ayeuna mah ku si kuring sok
jadi bahan gogonjakan kasus eta teh. Mun unpad gawe bareng jeung unpar,
hasilna Padyangan atawa P Project: lutju. Mun unpad jeung itenas, vcd..!

Mun nenjo adat masyarakat, harita vcd eta meledak, dibarajak ku tukangna.
Sigana vcd panglakuna-best seller tea meureun harita teh. Cing harita, aya
euweuh jelema atawa LSM nu demo ngaduruk eta vcd di jalan?  Beda euy, nu
kieu mah asyik. Hehe. Jauh ti urusan ideologi-siga ayana kasus msiswa
ngaduruk buku2 ngeunaan Karl Marx bahasa Indonesia. Sakali-kali sok aya
razia dina tv kana vcd porno di kaki lima oge miras nu digeleng setum
jeung di duruk. Ari geus kitu karek sadar, nu kararitu teh enya, teu kudu
aya.

Moral jeung budaya
Ari moral teh indungna ti agama. Di agama sejen oge ceuk cenah, pornografi
teu kaci. Pornografi sigana lumpatna kana nayangkeun/ngekpos soal2 porno
atawa seks pikeun tujuan hiburan bi jeung mang rahi. Ceuk cenah di Candi
Borokbudjur bahean handap-ayeuna ngahaja dikubur-nembongkeun relif adegan
seks. Sabenerna bisa jadi niat karuhun urang jawa harita pikeun
nyaritakeun proses hubungan salaki-pamajikan dina harti proses reproduksi
manusa. Da dina upacara kawin adat Sunda oge osok aya papatah nu
disilibkeun atawa simbolik. Malah duka enya duka wadul, aya syair pikeun
nyawer nu karasana jorang atawa super cawokah.

Budaya urang lembur nu sok marandi di walungan, teu jadi masalah pikeun
urang dinya. Sabab moral urang dinya nganggap yen eta teh lain soal
pornoaksi.Barina oge asa teu taranjang marandi teh, make samping. Duka mun
di walungan nu suni mah.

Beda anggapan
Di dunya seni ngarang, mun novelis istri  nyaritakeun seks dina novelna,
sok  diparuji diaggapna wanian, ngabongkar tabu (pamali) cenah. Ongkoh aya
anggapan yen masalah seks ngan kaci dibahas ku jalu. Meureun soal tabu nu
eta, istri tabu nyaritkeun urusan seks. Tapi dianggapna kabeh tabu. Siga
tabu teh barang pikasebelen nu kudu dibongkar. Padahal teu kabeh kitu
jeung teu kabeh maksud tabu ngaralang dina harti deet. Ari novelis jalu nu
nulis eseks2 dianggapna vulgar.   ceuk si kuring mah soal seks pamali
dicaritakeun sabab bisi dipengkolkeun kana hiburan nu engkena bisa
ngarusak.

UU Pornografi pornoaksi
mudah2an ieu UU geuwat jadi. sangkan nu harerang pamer bujal jeung
sajabana bisa euweuh atawa ngurangan drastis kitu deui vcdna.

Loba teuing euy. Geus ah. Niatna mah rek ngahanca nulis novel ieu teh.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke