Aya isu nu paling hot dina lebah teori epolusi ieu, nyaeta masalah "akidah vs epolusi".
Dina padungdengan ditolakna teori epolusi ku sabagian pihak nu ti golongan agamis (boh Islam atawa Kristen) teh aya kesan saolah-olah teori epolusi teh patukang tonggong jeung akidah. Sigana mah kulantaran umumna urang yakin yen Gusti Alloh teh nyiptakeun manusa ujug2 jleg. "Jadi! Mangka jelegedeg bae, jadi," kitu pan kirang langkungna dina Qur'an ge. Najan kitu, urang ge tangtu nyaksian, yen "jelegedeg"na manusa atawa mahluk hirup lianna teh teu kitu bae, aya prosesna. Ti mimiti rarasmi, kakandungan, tug dugi ka borojolna orok. Ieu oge eces dina Qur'an, nu nyebutkeun yen manusa diciptakeun tina saguruntul getih. Jadi, anu jadi kayakinan kuring mah nyaeta dina prinsip SUNNATULLOH, SAREAT, HUKUM ALAM tea. Balik deui ka teori epolusi, kabeneran kuring bisa disebut MAKE ieu teori dina pagawean sapopoe, kuring mah ngarasa yakin, jeung teu aya rasa mangmang saeutik oge, yen teori epolusi ieu teu aya hubunganana jeung akidah kuring salaku muslim. isk hapunten, lain maksud mapatahan ngojay ka Kang Sam Bera. On 2/16/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Harun Yahya (nami samaran, nami nu saleresna mah lamun teu lepat mah > Adnan Mochtar), nyandak teori Intelegent Design nu ti Amrik ieu, > disaluyukeun jeung kayakinan urang Islam. Ceuk anu kantos terang, > teorina Harun Yahya teh, persis pisan jeung teori urang Nasrani ieu. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

