Kang Sasmita,
Alhamdulillah.... geuning ayeuna mah kenging gajih oge RT teh... kapungkur
mah jaman abdi janten RT
kenging artos tes sataun sakali pas pembagian tagihan PBB... eta oge upami
teu lepat mah.. mung
8 rebu rupiah... hehehe... buruh ngulilingkeun tagihan.... lumayan kanggo
nyirop.... ;D

Da leres atuh... asa wegah abdi oge janten ketua RT deui... cekap sakali
we... atuda asa seueur 'duka' na
dibanding 'suka' na ... malahan aya paribasa janten ketua RT teh... alus
diomongkeun... goreng diomongkeun
janten teu aya mendingna.... upami teu ngemutkeun kana amanah mah.. asa
ngarumas jadi ketua RT teh....
Tapi duka ketah upami janten ketua RT didaerah basah mah... 

Cag ah sakitu heula ... permiosss...

;D



-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of MSasmita
Sent: 17 Februari 2006 23:55
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] bantuan administrasi RT


Poe Jumaah tanggal 3 Peb 2006 pabeubeurang sanggeus jumaahan, kuring
ngingkig ka Kantor Kalurahan, lantaran lima poe samemehna kurang meunang
ondangan sangkan hadir ka kalurahan, dina ondangan teh teu pati eces naha
rek naon, sangkaan teh rek rapat we pedah kuring teh kapan Ketua RT, ngan
aya nu rada aneh dina ondangan teh nyaeta kudu mawa stempel/ cap RT
sewang-sewangan.

Datang ka Kalurahan  teh 10 menit samemeh waktuna anu ditangtukeun, tidituna
mah rek rada disiplin waktu, datang tepat waktu, kahayang mah balik ge tepat
waktu tong ngayayay.

Enya we di kantor Kalurahan teh geus ngagimbung loba jalma, sigana para
Ketua RT ti sejen RW da euweuh nu apal saurang ge, kuring nyolongkrong ka
anu aya didinya ngajak sasalaman bari sakalian nanya."Tos ngawitan
rapatna.?".

Dijawab teh.." Ah da teu aya rapat..eta we dipiwarang nawis..!" bari
dituduhkeun kana meja nu aya petugasna.

Atuh kuring ge ngadeukeutan kana meja nu ngabarak kertas, didinya aya
patugas duaan nu saurang awewe nu saurang deui lalaki, duanana make saragem
PNS. 

Geuning kuring dititah nandatangan dina blanko isian anu geus disadiakeun,
eta tandatangan teh sabage bukti yen kuring geus narima duit anu gedena lima
puluh rebu rupia, disagigireun tandatangan kudu bari di-cap RT, bari golosor
kuring dibere duit lima puluh rebu rupia.

Kuring tatanya ieu teh artos naon, ceuk patugas eta teh artos bantuan
administrasi RT satauneun. Alhamdulillah geuning pamarentah teh aya
kaingetan ka RT, lain ngan diarah gawena wungkul, sakitu ge geus sukur
pisan, kuring teu ningali nominalna, tapi kaingetanana, perhatianana.

Sanggeus beres nandatangan jeung nge-cap mah kuring terus balik deui, nepi
ka poe ieu eta duit teh aya keneh di kuring can kaburu disetor ka bendahara
RT, ditengah jalan balik teh kuring pasarandog jeung ketua RT sejen,
nyebutkeun eta duit teh cenah gajih Ketua RT satauneun, puguh we kuring jadi
rada kerung .he he.gajih Ketua RT..?, enyalah rek gajih rek bantuan
administrasi ah.kuring mah geus niat rek dibikeun ka bendahara RT keur
kaperluan administrasi RT.

 

Sigana kuring jadi Ketua RT teh keuna ku kutukan meureun, pedah dina ieu
milis kungsi aya nu nulis majarkeun Urang Sunda mah tong boro jadi ketua
Partai jadi ketua RT ge tara aya nu daek cenah, matakna waktu aya tawaran
jadi Ketua RT teh langsung daek we da hayang ningalikeun yeuh kuring urang
Sunda daek jadi Ketua RT.

 

MSasmita.

 
IMPORTANT NOTICE: 

The information in this email (and any attachments) is confidential. 
If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
information.
If you have received this email in error, please immediately notify me by
"Reply" command 
and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. 
Although this email and any attachments are believed to be free of any virus
or 
other defect that might affect any computer system into which it is received
and opened, 
it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free
and no responsibility 
is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or
affiliates either 
jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its
use.


[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke