Janten emut ka Kang Rudi perkawis ngobrol sareng Kang Eko tea (YM).

 

Sekumaha dina obrolan, simkuring usul supados IT-er Kusnet teh didata
kaahlian spesifikna. Saha wae nu ahli diwidang spesialis eta:

1.      Widang Graphis (lebet oge web graphis): Photoshop, Corel, Flash,
Macromedia group
2.      Widang Web Layout: CSS + Table-master + Color Master
3.      Widang Programming: php, ASP, C/C++, Java, Visual Basic 6.0, VB.Net
4.      Widang Database: Oracle, MySQL, Access, SQL Server,jsbn
5.      Widang perencanaan software/web: Rational Rose kanggo Software
Modelling, Software Qualitiy Assurance/Testing, ERWin kanggo Design
Database, Object-Oriented Analysis + Design

Tah mun kidulur satuju sadayana, mangga geura ngacung kinten2na lebet ka
widang mana salira? 

 

Ka kidulur nu aya dilembur Kusnet ge mangga ngacung tah lebet ka widang
mana?

 

Abdi nyalira lebet ka widang: Programming (asp,php,Java, VB) sareng
Perencanaan Software (Rational Rose + ERWin).

 

Hatur nuhun.

  _____  

From: -Ki Adi- [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Friday, February 17, 2006 3:13 PM
To: Kang Runa; Kang Rachmat; Kang Dudi; Kang Riky; Teh Mia; Kang Hazar; Kang
Boim
Cc: Kang Eko; Kang Ato; Kang Iskandar
Subject: Hatur Nuhun

 

***********************************************
Haturan Balad IT-KUSnet.
Khususonna kanu mancen tugas migrasi data loka KUSnet:
Kang Runa, Kang Rachmat, Kang Dudi, Kang Riky, Teh Mia Kang Hazar, Kang
Kandar, Kang Boim.

Saukur ngauninakeun bae, rehna hancengan/ hanca-hambalan ka hiji (MIGRASI
DATA-BASE) parantosna rengse/ kumplit. 

Kukituna kahatur nu mancen tugas eta, sim kuring saparakanca sareng sakumna
Balad IT-KUSnet nu aya di ieu rohangan ..... ngahaturkeun panuhun nu
kacidana, kulantaran rereongan-hanca ieu hambalan ka hiji tiasa rengse dina
waktos nu parantos dirarancang.

Hancaan nu salajengna panginten seja diparios ku Team Editor, sateuacan na
disanggakeun ka Team Nu Nganyam Ramat-loka KUSnet.

Panginten sakitu nu kapihatur, pamugi sumanget sabilulungan, rereongan dina
ngokolakeun ieu Ramat-loka KUSnet tiasa teras ngagedur!!

Hatur nuhun kana samudaya perhatosanana.

Salam,

-Ki Adi-
***********************************************


*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://kusnet.blogspot.com/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
*******************************************

  _____  



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke