Baraya,

Tetela kabeuki US kana jengkol teh luar biasa. Ceuk koran PR poe ieu,
konsumsi jengkol di Jabar ngahontal 100 ton unggal poena. Mangga geura
parios di dieu: http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2006/022006/20/0603.htm .


Nyaan, matak helok sakaligus narik ati, boh pikeun ancrub dina ekonomina,
atawa nalungtik aspek-aspek paelmuanana. Sabaraha ajen ekonomi jengkol keur
masyarakat Jabar? Kumaha prosepek usaha jengkol, boh tatanen atawa bisnisna?
Aya naon wae dina jero jengkol salain zat anu nimbulkeun bau? Naha aya
khasiat khusus atawa ukur--lain zat jit-jet - zat bau? Ceuk cenah aya anu
nyebutkeun jero jengkol teh aya khasiat pikeun nyegah panyakit diabetes? Oge
jelas, kusabab loba ngandung kalsium, loba teuing dahar jengkol teh teu
hade, utamana  keur anu boga potensi panyakit ginjal.

Ka sadayana bae, mangga bilih aya anu bade ancrub kana "perjengkolan", naha
dina widang ekonomi, tatanen atawa paelmuanana, oge budaya jengkol (sugan ka
hareup aya seni tari jengkol, upamana), dihaturanan ngadadarkeun pamendakna.
Atawa, diantos komentarna anu kumaha wae teu kedah isin pedah jengkol teh
bau, seratan naon wae sabudeureun jengkol anu kaasup buleud oge sanggeus
dipesek mah.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke