Sanes....hehehe, kabayang lamun panen pare dipilemburan dipirig ku
musik Metalica....., atawa HardRock..!!! waas.....

AG/bdg....


--- In [email protected], hangjuang bodas
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya sadaya,
>    
>   Poe tadi nyempetkeun ngajugjug ka wewengkon desa Ciburuy,
Cigombong, Bogor.  Nu harita keur dilaksanakeun acara panen pare
munggaran di kelompok tani Silih Asih, nu dihadiran ku gegeden-gegeden
ti Jakarta, diantawisna Menteri Pertanian, Ketua MPR RI oge para
pajabat nu lianna.
>    
>   Sihoreng eta kelompok tani teh dibiayaan ku Dompet Duafa koran
republika (DDKR)ngalangkungan Lembaga Pertanian Sehat (LPS).  DDKR
mangnyewakeun taneuh sawah pikeun patani nu teu gaduheun lahan, teras
ku LPS, si patani teh ditungtun pikeun melak pare ku sistim tanpa
pestisida, tapi masih keneh kenging nganggo gemuk kimiawi --teu acan
100% tatanen organik, tapi memang maksadna mah engkena ka dinya.
>    
>   Ti 40 hektar taneuh sawah nu dikokolakeun ku LPS di kecamatan
Cigombong, tiasa nampung 149 patani nu ngagarapna, hiji jumlah nu
henteu sakeudik pikeun muka lowongan padamelan di jaman anu memang
nuju sesah siga kieu.  Disagedengeun eta LPS oge masihan panyuluhan ka
patani perkawis tata cara tatanen organik oge pangaruhna hasil-hasil
tatanen organik pikeun kasehatan, sanes wungkul pikeun jalmi tapi oge
pikeun lingkunganna.
>    
>   Acarana diayakeun di hiji tegalan nu di sabudeureunna upluk-aplak
ku pare koneng nu bade dipanen.  Di tegalan eta disayagikeun panggung
jeung tenda pikeun acara protokoler, teu tebih ti panggung utama aya
saung nu dieusi ku para nayaga kacapi suling ti lingkung seni Citra
Resmi Cigombong.  
>    
>   Sabari ngantosan para gegeden sarumping ka ieu acara, sinden nu
sorana halimpu ngahaleangkeun kawih-kawih sunda bari dipirig ku kacapi
suling.  Sajongjonan mah meni asa waas, sugan we... pajabat teh teu
sarumping, pan acarana tiasa robih jadi pentas kacapi suling di tengah
sawah.....
>    
>   Cag,
>    
>   hendra
> 
>               
> ---------------------------------
> Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke