Haturan bah Willy
Tadi sim kuring ngiring pangaosan reboan, emut ka
patarosan bah Willy perkawis manusa mimiti nu
diciptakeun ku Alloh teh saha, aya henteu dina al
Quran. Patarosan eta diteraska ka ust. Nabhan Husein,
waleran gurat badagna kieu :
1. Henteu sagembleng nyebatkeun nudiciptakeun nabi
Adam.
2. Unina dina al Quran ku cara nyambungkeun
surat-surat nu aya hubungannana.
3. Di Quran disebatkeun dina surat al Baqoroh ayat 30
nu hartosna diantawisna (basa Indonesia teu
disundakeun): Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu berfirman
kepada para malaikat, "Sesungguhnya aku hendak
menjadikan seorang khalifah di muka bumi." Merkea
berkata, "Mengapa Engkau hendak menjadikan khalifah)
di muka bumi itu orang yang kan membuat kerusakan
dst....."
4. Salajengna ayat 31 :Dan Dia mengajarkan kepada Adam
nama-nama seluruhnya, kemudian mengemukakannya
(nama-nama itu) kepada para malaikat ......"
5. Di surat sanes nyaeta An Nisaa ayat 1 : "Hai
sekalian manusia, bertaqwalah kamu kepada Tuhanmu yang
telah menciptakan kamu daripada satu diri, dan
daripadanya Alloh menciptakan pasangannya, dan
memperkembangbikkan dari keduanya lelaki dan perempuan
yang banyak dst ...."

Jadi dasarna manusa nu diciptakeun mimiti nabi Adam
teh ti surat/ayat eta; teras naha jadi pamingpin, saha
nu dipingpin ? Nu dipingpin + diurus, lain ukur manusa
tapi sadaya mahluk ciptaan Alloh sanesna nu aya di
bumi (dunya) ieu. Kitu saurna.
Kitu manawi waleran ti ust Nabhan Husein nu tiasa
katangkep ku sim kuring.

Baktos
Jaka


--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun Kang Heri kana waleranana. Janten upami
> kitu mah Adam
> teh parantos nganggo raksukan. Upami wae urang Irian
> atawa
> suku-suku primitif nu sanes, katurunan Adam,
> tangtosna oge
> diraksukan. Tapi ieu mah geuning henteu? malah
> budaya nganggo
> raksukan teh teu acan aya dimaranehna  Maranehna
> nembe kenal
> sareng nu namina baju teh saatosna urang luar
> "mamaksa" kudu
> nganggo raksukan. Adam parantos nganggo raksukan,
> hartosna
> parantos gaduh peradaban nu luhur ngalangkungan
> katurunana.
> Padahal ceuk elmu pangaweruh mah, peradaban manusa
> teh teh aya
> tahapanana, samemeh majeng jiga ayeuna. Manusa cenah
> mah mimitina
> nganggo perkakas tina batu, laun-laun nembe terang
> bahan sanes
> jiga parunggu jeung beusi. Kitu deui dina raksukan,
> manusa,
> supaya ulah tiris, ngamanfaatkeun kulit sato atawa
> kulit kai keur
> raksukanana. Tapi aya oge anu tetep bulucun, supaya
> ulah tiris
> awakna dibalur ku gajih sato. Urang Dani ngabalur
> awakna ku gajih
> babi supaya ulah katirisan.
> 
> Sareng seueur deui, saleresna mah, lamun nganggo
> logika, janten
> teu nyambung, sapertos kieu, naha riwayat Adam
> manusa munggaran
> teh ngan aya di wewengkon Timur Tengah ( Ras Semit)
> , tapi teu
> aya di wewengkon nu sanes? Folklore nu aya di
> wewengkon sanes,
> tara nyabit-nyabit Adam, tapi rupa-rupa, malah aya
> dongeng nu
> nyaritakeun luluhurna teh asalna manuk,
> Anjing/beruang (Korea,
> dongeng Ua Siddik) jrrd. Upami umat manusa di
> sadunya ieu turunan
> Adam, aneh upami di wewengkon sanes teu terangeun,
> iwal di ras
> Semit.
> 
> Upami Adam diturunkeun sabage Kalifah (pamingpin),
> kakara lebet
> kana logika, nu hartosna di dunya ieu, saleresna mah
> geus aya
> manusa sejen. Sabab upami teu aya manusa nu sejen,
> saha nu bade
> dipimpinna?. Lebet logika oge lamun Adam sabage
> pamimpin parantos
> nganggo raksukan.
> 
> Punten ah ngacaprukna nambahan deui .............
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> ----- Original Message -----
> From: "Heri Heryadi" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Tuesday, February 21, 2006 12:49 PM
> Subject: RE: [Urang Sunda] Elmu sareng Quran
> (Sateuacanna :
> Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!)
> 
> 
> > H >> dina surah al araf ayat 26 :
> >    "  hai anak adam sesungguhnya Kami telah
> menurun kepadamu
> pakaian
> > untuk menutupi auratmu dan pakaina indah untuk
> perhiasan dan
> pakaian
> > Taqwa itulah yang paling baik,yang demikian itu
> adalah sebagian
> dari
> > tanda tanda kekuasaan Alloh,mudah mudahan mereka
> selalu ingat."
> >
> > lamun di tingal tina ayat sateuacana jeung
> saentosna iue teh
> ngarujuk
> > kana yen nabi adam teh turun ka bumi tos nganggo
> raksukan,henteu boregel
> > siga suku dani di irian jaya..
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke