Sanes birahi, tapi ngahudangkeun mangrahi meureun kang Dur...
heu..heu...

Gembyung teh dilembur abdi mah masih aya keneh nepi ka tungtung
taun 70-an. inget keneh da sok lalazo nepi ka peuting, biasana mun 
aya nu hajatan. Ngan harita mah keur budak keneh, can ngarti 
kana sarupaning e-erotis-an..

Mun aya lalaki milu ngibing teh, tuluy nyecepkeun duit panyawer
kana dada si ronggeng, bari diewer-ewer samemehna, meh nu lalajo
arapaleun gedena eta duit...Biasana pagede-gede nyecepkeunana teh.
Geus lalajo mah, tuluy nyalingker kanu rada poek, nagog hareupeun 
tukang kolotok. Bandar judi nu make dadu tea ning. Lalajo deui....

Ngan kadieunakeun, gembyung teh kageser ku Kiliningan, Jaipongan,
jeung sajabana...


-dul-
tukang teuing


beuki dieu, eta gembyung teh kagusur ku 


--- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nambihan, Mang J. dina novel Ronggeng Dukuh Paruk dicarioskeun oge 
yen bibit 
> buitna ronggeng teh ti tarian GEMBYUNG (gembyong?). Tarian iyeu 
ayana 
> dikalangan ningrat nu gunana pikeun ngahudangkeun birahi nu 
nongtona, pasti. 
> Salian meunang pangaruh ti gembyung oge meunang pangaruh ti tarian-
tarian 
> sejena nu geus aya seencana. Tari baladewa misalna. Malah 
sakapeungmah 
> tariana teh rada teu puguh. Nu puguhmah tariana erotis. 
Ngahudangkeun 
> birahi.
> 
> (naha apal, euy. padahal maca novelna oge ngan sakali-kalina).
> 
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Wednesday, February 22, 2006 3:29 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] ronggeng dukuh paruk
> 
> 
> > Ronggeng nu sanes monyet tapi jalmi, di urang aya. di basisir 
kidul,
> > pangandaran jeung sabudeureunana. namina Ronggeng Gunung. aya 
bukuna 
> > kenging
> > pa Djaja Sukardja di Ciamis tea. ronggeng nu ieu mah aya 
sasakalana.
> >
> > asana dina buku kenging kang Ganjar Kurnia sareng Arthur S Nalan, 
> > Deskripsi
> > Kesenian Jawa Barat asa diguar. he love, bukuna disetorkeun ka 
rumah
> > baca buku Sunda jeung Sajabana si ua Sas.
> >
> >
> > --
> > geocities.com/mangjamal
> >
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke