----- Original Message ----- From: <[EMAIL PROTECTED]> > Kutan Kang Waluya teh wanoh sareng Bu Susie...??!!Aduh Kang...Bu Susie teh > pembimbing Abdi kapungkur waktos tugas akhir. Tah, Bu Susie ieu salah > sawios dosen di Teknik Kimia ITB anu kacida merhatoskeunna ka > mahasiswa-mahasiswa anu kirang mampu sacara ekonomi. Kekeke dupi Kang > Waluya linggih dimana...??!!Damel dimana...??!!Naha bet wanoh sareng Bu > Susie....janten panasaran hoyong wanoh sareng Kang Waluya (atanapi Mbah > Willy cenah...). Mugia teu kaabotan nun... > WALUYA : Beu .....edas, jadi disebat Embah deuih ......hehehehe. Ka kuring mah sebat we Kang Waluya, atanapi Abah Willy. Disebat Bah teh pedah kaasup "geus kolot" cenah di Kusnet, padahal mah rarasaan teh ngora keneh da umur kakara ge rek satengah abad hehehehe.
Kang Ono, kuring wanoh sareng Bu Susie ti ngawitan taun 1999, waktos anjeunna kenging padamel perkawis cai taneuh di Bontang ti PT BADAK. Lucu oge nya insinyur kimia kenging padamelan air taneuh. Tah kabeneran pagawean kuring tukang saladak-silidik eta. Jadi anjeunna "ngabooking" kuring jeung sababaraha urang nu oge profesina didinya. Kutan Kang Ono teh bimbingan Bu Susie, kenal atuh jeung asistenna, Rasidi nu urang Cirebon atawa Imam urang Kompleks ITB Kanayakan Dago nu tetep ngaku urang Sumedang, da pedah ibu-ramana urang Sumedang? Rasidi jeung Imam teh taun kamari jeung kuring ka Bontang. Malah ari Rasidi mah, sok sering ka kantor kuring, ngajak ngobrol kaditu-kadieu. Leres Bu Susie teh bageur pisan, karasa ku kuring. Sakapeung mah kuring sok "rikuh" ku anjeunna teh. Eta lamun keur rapat, kakara ge jle diuk, anjeunna geus nawaran, Pak Waluya minum apa? kopi Bu. gancangan anjeunna teh ninyuh kopi, teras disodorkeun ka kuring. Atuh kuring teh jadi rampang-reumpeung, dipangnyandakeun cai ku Professor. DIcarek, kalahka malikkeun, saya kan ibu rumah tangga, cenah. Di Bontang oge kitu, cakah-cikih nguruskeun sagala rupi, lincah pisan. Padahal lamun diemut, yuswa anjeunna teh parantos ngalangkungan 65 taun. Komo ka Rasidi mah, da panginten asistenna. Upami aya katuangan sesa rapat teh, ku anjeunna dibungkusan teras dijejelkeun ka Rasidi, keur pamajikan, pokna teh. Aya deui nu resep ka Bu Susie teh, eta ku tara ngabenten-bentenkeun agama. Anjeunna pan Katholik, ari Rasidi mah pan jiga urang Islam jeung santri deuih. Nuju di Bontang ge, sok naros heula lamun bade miwarang Rasidi teh pas waktosna sholat : " Ras, kamu sudah sembahyang? ibu mau nyuruh ............" Tah perkawis kuring didamel dimana, engke oge bakal terang, nu jelas kuring oge sarua jeung Kang Ono, tamatan sakola gajah cindeten, ngan sanes jurusan Teknik Kimia ................. Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

