Mangga kang Nono Haryono kalebet, ulah isin-isin mangga di tampi bade ngiring ngariung di lembur kusnet, matak resep kang..!, komo atuh tebih ti lembur mah, tiasa kaubaran ku ngariung didieu mah. Nepangkeun ipeut, anu sok mucunghul upami tos sareupna, malihan tengah wengi nembe tiasa ngiringan, Mangga kang diantos postingannana. ipeut
Nono Haryono <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahatur baraya KusNet nu aya dimana bae nganjrekna, Nepangkeun simkuring Nono, kawit ti Bandung pang wetanna (Cileunyi). Nanging ayeuna simkuring teh nganrek di Taneuh Borneo (alias Kalimantan Timur) tepatna di Balikpapan kumargi simkuring kaleresan didamel di dieu. Simkuring didamelna ditengah-tengah laut anu jauh kaditu kadieu, sakuriling bungking laut. Kumargi kitu simkuring nyobian ngalebur stres kucara surfing di internet. Simkuring kalintang bingahna sawaktos mendakan ieu website nu tiasa ngalandongan kasono simkuring ka Bali geusan ngajadi , ku pamandanganana, sisindiran, paribasa jsjb...(sanajan hate mah malah kumejot hoyong geura Muncang labuh ka puhu. Emut ka pun biang, sareng rai. Sakitu heula ti simkuring..bilih seueur teuing... Neda dihapunten bilih aya kecap nu teu merenah... Diantos e-mail2 na.....ka Alamat dihandap ieu; noz_tea06.yahoo.com atanapi ka [EMAIL PROTECTED] <http://us.f374.mail.yahoo.com/ym/[EMAIL PROTECTED]> . Hatur Nuhun, Nono Haryono Sepinggan Medical 542 54 2222 [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

