Ceuk Abdi mah, nu bahaya teh sanes "Yahudi"-na, nanging gerakan 
"Zionis"-na. Sanajan kitu, gerakan "Zionis" ieu, henteu saratus persen 
didukung ku sadaya katurunan Yahudi. Aya oge katurunan Yahudi anu henteu 
sapagodos. Intina gerakan Yahudi teh, ampir mirip sareng eusi seratan 
dihandap (punten tos dihapus), yen bangsa Yahudi lewih mulya tibatan 
bangsa-bangsa sejen di alam dunya, yen bangsa Yahudi, cenah, geus 
dijangjian ku Pangeran dibere hiji wilayah pikeun maranehna jeung 
katurunannana....

Kitu pami teu lepat mah....

Buktos gerakan Zionis ieu tos nyata di Palestina....

Ngeunaan nabi-nabi, emang leres ampir sadaya nabi katurunan Yahudi (Bani 
Israel), iwal ti kanjeng nabi Muhammad SAW anu sanes katurunan Yahudi teh. 
Anjeunna mah katurunan Bani Ismail. Kapungkur, ceuk silsilah sajarah, Nabi 
Ibrahim ngagudahan putra dua, nyaeta Ishaq ti istrina anu kahiji (Siti 
Sarah) sareng Ismail ti istrina anu kadua (Siti Hajar). 

Ismail mah sareng Ibu-na netep/dumuk di wilayah Mekkah Arab Saudi 
(ayeuna), ngalahirkeun katurunan-katurunan Bani Ismail...diantawisna we 
Nabi Muhammad SAW. Sedengkeun Ishaq mah netep/dumuk di wilayah Palestina 
(ayeuna), ngagaduhan putra Yaqub. Tah Yaqub ieu dina Al-Quran disebat oge 
Israil. Ti anjeunna tea lahir katurunan Yahudi (Bani Israil) teh. 

Kaditu na deui mun didongengkeun mah bakal panjang....

Cag ah sakitu we heula....




Salam Baktos,



Ono Taryono
Anu kacida mikaresep sajarah manusa jeung alam dunya katut eusina...
 



"Maria Astati" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/23/2006 03:59 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] AYA NAON ANTARA DEWA 19 SARENG YAHUDI..????






Kutan kitu urang Yahudi teh,
Ih.. serem...pisan atuh...
tapi panginten etamah mung sabagian urang Yahudi nu heuras (atanapi 
fanatik,
kitu?)
seueur nu balalageur ge, kuring ge gaduh tatanggi urang Yahudi, sareng aya
rerencangan caroge nu urang Yahudi oge,  tapi balageur da...
pangemut abdi perkawis Ahmad Dhani, panginten pami enya memang aya tanda2
Yahudi nu dilebetkeun dina sampul albumna, nya keunwae atuh.., meureun
manehna emang resep kana tanda2 nu kararitu, pami enya oge katurunan urang
Yahudi, nya wios atuh...., da asana Nabi2 ge seueur nu katurunan Yahudi
sanes?
Kangge info wae.., artis2 hollywood kawas Demi Moore, Madona, Brithney
Spears, saurna parindah agami janten panganut Kabbala, salah sahiji sekte
agama Yahudi, saurnamah nuju trend sekte Kabbala ieu di kalangan artis 
mah.
Pami Yahudi disebatkeun sapertos bahaya, bahayana kumaha nya? pastina 
bahaya
pami nu radikal mah, tapi nu teu radikal mah piraku sugan...


Maria
(sanes penggemar DEWA)


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke