Ah ari ceuk pamadegan abdi mah teu aya nu aneh kang Dudi, ieu mah mung
ekspresi wae panginten. Sapertos juragan-juragan di urang anu tos kapeto
rada nyegog ka kulon, geuning ari geus popolah ngomong jeung bawahan teh teu
leupas ti kecap "you" jeung "I", jeung rea-rea deui babasaan sejenna anu
padahal mah ku basa urang ge loba keneh, eh da mereun geus kabiasaan. Geura
tengetan dina teve, para inohong di nagara urang meni geus nurug cupu pisan
jeung babasaan campuran antara indonesia jeung basa kulon teh... komo ti
saprak jaman reformasi anu diluluguan ku salah sahijina ket-um Muhammadiyah
tea, meni asa lieur ngadenge babasaan kapamarentahan teh heuheuheu....

Nya pon kitu deui perkara "ana" jeung "antum", mereun jalma eta teh
baheulana gaul jeung sabangsana, kayaning di pasantren atanapi dimana wae
anu rada aya patalina jeung urusan nu kararitu.

Jadi teu aya sunnah na (atawa teu acan ngadangu aya hadits-na), da mereun
mun aya haditsna mah tos ti baheula urang Sunda teh make eta kecap...
Atawa, mereun kieu, pedah Rasulullah salallahu 'alaihi wasallam ngecapkeun
ana jeung antum, jadi weh sunnah, wallahu Ta'ala A'lamu ketang. Da mereun
mun kaasup sunnah mah nya dituntut kudu bisa basa Arab sagemblengna.
Sedengkeun anu make basa Arab teh lain wungkul urang Islam pan? Hehehehe....

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Dudi Herlianto
Sent: 23 February 2006 08:36
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] ceunah: Megapolitan kaliru!

heu heu heu leres bah, kuring ge pernah protes ngeunaan ieu, najan ukur dina
blog sorangan, can wani ari kudu diuar-uar (misalkeun dina surat pembaca) he
he he he he he...

harita kuring protes ngeunaan ngagunakeun kecap "ana" jeung "antum"... cing
bilih aya nu ahli qur'an sareng hadis naon dalilna ngasupkeun eta dua kecap
kana tulisan nu make basa salian arab??? sunah???

punten sanes bade nyigeung nu sok ngangge, ngan kuring mah heran wungkul.
padahal masih aya kecap nu sarua jeung eta dua kecap.

punten.. punten ...
tabe pun,


deha

On 2/23/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk beja, cenah baheula di "kulon", di kalangan nu ngarasa pinter,
> sok nyarios atawa nulis teh ku Basa Latin. Sanajan basa latin teh
> geus teu dianggo. Buku Newton soal gravitasi, aslina diserat ku Basa
> Latin, sanajan urang Inggris sadidintenna mah teu nganggo basa eta.
> Basa Latin, janten basa "menara gading" atawa nunjukkeun "snobismeu",
> keur nunjukkeun status anu nganggona. Basa Latin ayeuna masih dianggo
> di Vatican jeung dina biologi keur nganamian flora & fauna, supados
> standar. Basa pelantikan Paus nu anyar kamari, Paus pidatona nganggo
> basa Latin.
>
>  ------------------------------
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





                
___________________________________________________________ 
NEW Yahoo! Cars - sell your car and browse thousands of new and used cars 
online! http://uk.cars.yahoo.com/





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke