JHatur nuhun Kang ENduy sareng Kang AG.  

Teu pisan-pisan bade curak-carek atanapi ngawagel naon nu bade
dialungkeun ka milis ku baraya sadaya. Leres urang teh kedah silih
tulungan. Tapi pangemut abdi mah silih tulungan masih jembar hartosna
nu tangtos aya papagonna sanes kumaha dina prak-prakkanna. Nya
diantawisna kumaha etangan manfaat sareng mudorotna, ningali naha ieu
teh pakuat-kait sareng nyarioskeun kagorengan jalmi sanes (upami leres
janten ghibah; upami lepat janten fitnah), teras kumaha
'efektivitas'-na ngangge cara dialungkeun ka milis sareng nu kamari
disebat nyaeta ngabolekerkeun rusiah jalmi sanes ta henteu.

Ku kituna, leres panginten pamendak Kang Ahmad Gunawan, upami saha2na
teu disebatkeun saujratna rada tiasa kacumponan sadaya papagon di
luhur teh.

Baktos
Yudi 

--- In [email protected], Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Baraya kanggo nge-rem iau padungdengan anu benten pamadegan, tah  
engke kapayun mah saupami aya pasoalan anu sapertos kieu teh atuh ulah
 saujratna dugika nyebatkeun  jinisna namung cekap bae atuh 
disindirsampirkeun.
>   
>   Hatur nuhun.
> 
> kang Enduy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Punten ah, abdi kalebet
jalmi nu teu sapagodos sareng ieu ugeran. Sakali
>   deui punten, hatur nuhun ka kang Yudi kana sanes kanten emutanana,
nanging
>   perkawis ieu di baledogkeun ka milis taya lian maksad kang Yosep
teh mung
>   darma tumaros ka anggota anu ngaratus, malihan ngarebu. 
>   
>   Unggelan kang Yosep leres pisan eta mah "masalah pribadi" anu
kalintang di
>   bubuni na, nanging sakali deui pangna abdi panuju kana "postingan"
ti kang
>   Yosep nyaeta GEUNING parantos mukakeun hate sakumna anggota milis
anu maos
>   ieu artikel, Alhamdulillah kanggo abdi (panginten kanu sanesna oge
saagodos
>   sareng abdi) tiasa nyukcruk mangrupi pangawreuh ti sababaraha
anggota anu
>   ridha lilLaahi Ta'ala kangge mairan patarosan ti kang Yosep anu
sadayana
>   LERES, dina henteuna oge tiasa dianggap NYAKETAN kana leres.
>   
>   Atuh kanu teu terang atanapi nembe pisan ngartos kana ieu rohangan
masalah.
>   Janten ngartos, tah ieu anu disebatkeun TA'AWANU 'ALAL BIRRI WA
TAQWA teh.
>   Nya panginten kanggo jaga mah (saupamina aya perkawis pribadi) nya
kanggo
>   nutupan tina sanes kanten pitenah atanapi ngabolekerkeun rusiah batur
>   atanapi sorangan mah, tiasa wae si patarosan teh di robih ku
inisial, nu
>   penting si jalmi nu naros tiasa ngartos.
>   
>   Abdi mah haQqul Yaqin pisan, di ieu milis seeur anu ngartos boh elmu
>   kadunyaan boh elmu agama na. Da sanes tuturut munding, abdi
ngaraos bagja ku
>   tiasana ngiringan ieu milis, geuning di sagedengeun meta keun tali
>   silaturrahim teh tiasa nambihan elmu pangaweruh dina sagala widang.
>   
>   Abdi nu tadina bade ngawaler patarosan ti kang Yosep janten
ngarengkog ku
>   maos ieu cawadan heuheuheu......
>   Cindekna mah abdi panuju kana sagala rupi postingan anu lebet ka
ieu milis,
>   sing pinter-pinter wae ngalelebah na.
>   
>   Sakali deui abdi nyuhunkeun dihapunten boh bilih ieu unggelan ti abdi
>   ngajaheutkeun manah balarea.
>   
>   Hatur nuhun,
>   
>   -----Original Message-----
>   From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On
>   Behalf Of Yudi Irmawan
>   Sent: 22 February 2006 13:15
>   To: [email protected]
>   Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....
>   
>   Kang Yosep, sakedik mairan..
>   
>   Abdi sapagodos sareng Kang WAG, saleresna mah nu kieu teh kirang sae
>   dibewarakeun dina milis. Kahijina eta teh panginten rusiah kulawarga
>   Kang Yosep. Upami teu lepat aya kaidah (duka hadits duka naon) yen
>   naon-naon nu tos disumputkeun nu Pangeran, ulah diguar tanpa maksud. 
>   
>   Kaduana, langkung sae ka ahlina langsung da ieu teh sanes masalah
>   lalawora. Kasus Kang Yosep teh kedah ditingali ku ahlina boh hukum
>   agama boh tina hukum nagara urang. 
>   
>   Katiluna, milis teh mung rohangan maya. Dalah dikumaha oge moal tiasa
>   ngabantosan 'all out'. Langkung sae tepangan ustadz atanapi ka aparat
>   nu dipercanten. Atuh upami misalna percanten ka hiji jalmi di ieu
>   milis, langkung sae japri wae. 
>   
>   Punten Kang sanes bade mamatahan ngojay ka meri kumaha ieu mah mung
>   pamendak wae. Pomi ulah rengat galih cidra manah.
>   
>   Baktos
>   Yudi
>   
>   
> 
>                       
> 
>           SPONSORED LINKS    
>                                                         Corporate
culture                                          Business culture of
china                                          Organizational culture
                                                                     
   Organizational culture change                                     
    Jewish culture                                                   
         
>         
> ---------------------------------
>     YAHOO! GROUPS LINKS  
>   
>       
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>      
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>      
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.  
>   
>       
> ---------------------------------
>   
>   
>           
> 
> Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke