Enya Kang Eko. Pamarentah teh asal meunang duit. Geura buku elmu pangaweruh ge dipajeg, kuduna dibebaskeun. Buku-buku text nu tidituna wae oge geus mahal, datang kadieu hargana lain ratusan rewu deui, tapi bisa jutaan. Kuring sok ngarahuh lamun hayang meuli buku teks teh, teu kabeuli .......ngan untungna teh ari buku mah aya fotocopy .....hehehehe
Sami jeung internet. Lamun beuki mahal, internet teh tungtungna keur kalangan terbatas we, jadi elitis. Meureun kitu kahayangna, keun we rahayat mah barodo oge, nu penting maranehna jeung kolompokna palalinter. Licikna nu keur kawasa teh katingali palebah nyakolakeun budak. Budak rakyat sina sakola nu kurikulumna dijieun kunu kawasa, tapi nu keur kawasa, budakna teu disakolakeun di dalam negeri, tapi diluar negeri. Aya nu ti SMP keneh geus disakolakeun di LN. Anak rahayat kudu diajar pancasila, agama, sajarah Indonesia, ari anak manehna mah teu kudu, cukup we diajar sajarah nagara batur! Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: "Eko Ruska Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> To: "urangsunda" <[email protected]>; <[email protected]>; "gankleboy" <[EMAIL PROTECTED]>; "barayasunda" <[email protected]>; <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Friday, February 24, 2006 8:50 AM Subject: [Urang Sunda] 'Pajak Bandwidth Jalan Pintas Penuhi Target Ditjen Pajak' > Wah tambahan mahal wae atuh akses internet diindonesia teh. > ---------------------------------------------------------- > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

