Ari gelenyu naon? Seuri oge, pan? Atanapi naon? syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Seuri teh mun diibaratkeun kawas pakean loba macemna, modelna tur corakna timimiti mesem mesem nepikeun ka ngagakgak atawa ngahahah. Seuri,bisa dibedakeun tina sorana anu dihasilkeun tina seuri eta, saperti; ngahihih (seuri jurig cai,kunti, seuri kuda atawa seuri nini nini mun keur nyisig), ngaheheh (seuri anu huntuna geus ompong), akey akeyan (biasana seuri awewena, seuri teu bisa ditahan, terus terusan,teu kaampeuh samping atawa rok weh jebod) nyakakak, ngahahah, ngabarakatak (seuri full volume). Seuri mun ditingali tina mimik anu seurina diantarana; keom (seuri ditahan, senyum simpul), serengeh (seuri anu teu aya soraan tapi katembong huntuna), maur (seurina orok anu ditungtungan ku ceurik), seuri koneng (seuri campur keuheul, kecut),imut kanjut(pikeun ngagambarkeun seuri anu kareueut pikauruyeun)biasana keur ngagambarkeun seurina nu geuliz tur karempot pipina.
Loba seuri loba berekah, salain ti resep awet ngora oge paroman jadi marahmay pikaresepeun,loba balad, anu encan kasep (disebut goreng patut bisi radikal teuing) lamun amis budi loba seuri pasti lila lila jadi kasep, anu kasep sabeulah lamun loba seuri pasti kasepna jadi dua beulah, geus puguh anu geus kasep mah jadi langkung kasep, kitu deui anu can geulis marahmay alus budi goreng patutna leungit saeutik, anu geulis amis budi katambah berehan deuih (cing aya dikusnet? mun aya ngacung! ulah ketah bisi dirarontok). Tapi kade tong seuri disembarang tempat bisi didenda 50jt (eh eta mah udud ketah) maksud teh ulah seuri kamalinaan bisi langsung dititah diopnameu di daerah gorogol. Pokona ceuk warkop DKI, tertawalah, sebelum tertawa itu dilarang. Punten bilih lepat ngahartoskeun, mun aya nu lepat mangga panglereskeun, upami aya nu kalangkung mangga tambihan. Ma'lum jeung heureuy. SR ----- Original Message ----- From: "indung peuting" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, February 23, 2006 4:16 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Humor sunda.. > imut kanjut pnginten...!, kang Syam naon bentenna imut kanjut sareng keom..? sok geura , ..guar..! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

