dirmansurya <[EMAIL PROTECTED]>wrote: Simkuring ngarasa reueus di takdirkeun jadi urang sunda,duka teuing lamun diwenangkeun kudu milih, naha mending jadi urang bule.....atawa urang barat ???? duka teh teuing ....iyyyyy....paralun teuing kudu asup deui kana guha garba .... sakitu meredong..... poekna ??? Ha..ha ... Anu kaalaman ku simkuring, loba wadia baladna urang sunda mah,teu susah hirup teh sabenerna,eta bae upama papanggih dijalan pasampangan pancakaki asal ngakukeun ti tatar sunda,der ngawang- kong ngaler ngidul ku basa jerman(sunda tea) ka turug katutuh anu saihwan tara ieuh inget kana waktos,di bubumbuan ngadu bako,ngadu rahul,guguyon,tampolana sapoe ngawangkong kurang keneh. Harita kuring kuli teh, di hiji kapal pesiar Walanda,ari awak kapal lolobana urang sunda,bahasa anu dipake nya teu aneh ,bahasa abah Kabayan, jigana pantes lamun di sebut s.s.lembur kuring ,nya teu aneh,babaturan urang Jawa,Batak,Manado,Bali,Padang saeutik-eutikeun ngartieun basa sunda . Kabeneran meunang pagawean di bagean restoran,upama seug kumpul urang sunda wungkul,teu aneh biwir asa calangap,eta bae ti mimiti asup gawe nepi karengsena ,teu eureun babarakatakan . Dasar anak si Kabayan ngaran Meneer,anu saalus alus menang gelar anu matak pikaseurieun,Hotel Manager....di landih..si Gareng..maklum ari pidato sok rada dungdak dengdek,Food & Bevarages Manager ..di landih ..si Aseng.. lantaran rada siga akew,Maitre^d ...dilandih......si Kebo..lantaran kulitna rada hideung barangasan..,Head Steward ..dilandih si Capung......lantaran begang siga siga papatong...jasna ...sok gagayabagan . Chef Cook dilandi si Rabit...maklum sagala masakan..dicobaan .... ari ngagayeum siga kelenci .He..he..he...... Hiji waktu rasa mohaka babaturan ngagogoreng si Gareng bari tarik ngomongna,harita si Gareng anu kabeneran ngaliwat malik nyarekan beak beresih ....atuh bati .molohok....bengong.... kene .....batunya ...nih ye.... Rupana bae aya anu ngabejaan ka si Meneer,piraku kursus basa sunda mah . Rupina urang cekapkeun dugi kadieu sun...... Salam sono kanggo sadaya baraya, budak kolot tea. durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Heu...heu.. Baheula kuring kituw, kang. Ningali babaturan nu hobi ngoleksi kaset TARLING teh diseungseurikeun ku urang. Ceuk urang teh, "Maneh mah kuno, henteu modern, henteu milu perkembangan jaman."
Harita kuring ngarasa modern ngarasa luewih hebat tibatan babaturan. Da kuringmah musikna teh geus beralih ka GUNS AND ROSES, METALIKA, NIKE ARDILA..... Kesadaran, kacintaan ka kampung halaman mulai muncul basa kuring keur ngumbara di bandung. Ti semet dinya kuring jadi berbalik. Nu tadina teu pati miresep budaya sorangan da asa kampung berbalik 360 derajat. Eh..loba teuing, nya. Berbalik 180 derajat jadi resep ka budaya sorangan. Budaya cirebon, budaya sunda, ... Soni Abunawas wrote: >ari di tanya teh..alesan na...ngan ukur..."meh keren weh..." >euleuh-euleuh...naha ari basa Sunda teu keren >kitu...., pernah oge abdi mah di sebut pemuda "jadul" ( jaman dulu ) pedah >koleksi kaset na....teh nining , kang adang cengos >darso, sareng VCD jaipongan sareng kacapian...,nu nyebat eta teh urang Sunda >keneh.... >sigana,,bener kang perlu sundanisasi......ieu mah.... > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

