Saur wartos dina Koran Tribun Jabar dinten ieu (Minggu, 26/2/06), nu gaduh niat bade sweeping urang Asing di Hotel Holiday Inn Bandug teh, parantos dileupaskeun deui ku pulisi. Ngan cenah niat bade sweeping mah bade diteraskeun, malah bade dilegaan, sanes nu di Hotel-hotel wae, tapi oge ka bumi-bumi warga Asing, sareng ka pausahaan-pausahaan nu aya warga asingna.
Saur ketua AGAP*) , Muhammad Mu''min SE, "sweeping" nu teu janten teh geus gaduh izin ti MUI, FUUI sareng kepolisian. Kuring "rada bingung" maca ieu wartos teh, duka wartawanna nu salah cutat atawa duka salah dimana. Bingung, kumargi moal enya MUI sareng FUUI ngaluarkeun izin kanggo "sweeping" atawa ceuk istilah ketua AGAP mah, nyebarkeun kuisiner kanggo urang asing, margi ari MUI sareng FUUI mah sanes lembaga kaimigrasian atawa kepolisian. Atuh perkawis pulisi masihan izin oge, tiasa disebat aneh, naha atuh dihalang-halang jeung ditewak ku pulisi, ari parantos gaduh izin mah? Mudah-mudahan we, ieu kasus teh teu kapapanjangan, sing karunya ka urang Bandung ............. Baktos, WALUYA (urang Bandung) *) Aliansi Gerakan Anti Permurtadan, organisasi ieu oge nu nutup Gereja2 nu teu gaduh izin di Bdg. ----- Original Message ----- From: "erry hardjapamekas" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Saturday, February 25, 2006 6:02 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Digest Number 4947 > Saluyu pisan sareng Ayi Deny. > Aya deui ngadon ngagerebeg hotel Holiday Inn, majar teh rek razzia bule, > jadi weh gujrud sa Bandung, hotel jadi teu laku, bangsa urang keneh deui > wae > anu jadi korban mah, leungiteun itu jeung ieu ... > Tungtungna mah kana pendidikan deui wae mulangna the, kulantaran kurang > atawa salah didik, jadi weh barangasan teu puguh. > > -----Original Message----- > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Saturday, February 25, 2006 2:35 AM > To: [email protected] > Date: Fri, 24 Feb 2006 14:16:18 -0000 > From: "denysuwarja2k" <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: AYA NAON ANTARA DEWA 19 (urang) SARENG YAHUDI? > > Sok era uing mah ari ngabanding-bandingkeun urang anu saolah-olah > pangIslamna terus ngagogoreng Yahudi. > Najan enya Yahudi teh goreng, da aya dina Al Quran... tapi apanan > Rosululloh mah teu ngewa teu sing ka urang Yahudi teh. > Urang anu ngaku agamana Islam tapi kalakuan, sok kalah ka leuwih > hina tibatan Yahudi. > Inget basa kajadian pembuatan kartun junjungan urang Rosululloh > tea... meni jadi arera pada. Deeeeeeeeeerrrr, urang Islam teh > kalahka ngahujat Denmark saujratna padahal mah anu nyieuna mah > apanan ngan saurang. Deeeer, maledogan.... kedubes batur, der make > aya kontrak mati sagal rek jihad... Naha Enya kitu Islam anu > dicontokeun ku Rosululloh teh? > > Pernah maca, Rosululloh ampir ungal poe diciduhan ku hiji Yahudi > ungal Rasululloh ngaliwatan kahareupeun imahna. Rosululloh mah ukur > mesem.... Nepi ka hiji mangsa, Rosululloh teu diciduhan deui, nya > naros ka sahabat. Sihoreng si Yahudi teh, gering....lain dipupuas ku > Rosul angur kalahka dilongok.... > > Jigana, mun Rosululloh... aya keneh dikieuna; teras ningal eta > kartun tea... kumaha kinten-kinten reaksi Rosululloh nya? > > > Dess Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

