lamun baheula disebutkeun kajadian urang batawi kadeseh ti tanah kalahiranna, meureun ieu kajadian bisa jadi tanda bangsa indonesia (lamun bener geus aya) bakal dideseh bangsa lian.
kamari amat, 25 Februari 2006, dina koran banjarmasin post, hiji pulo di tungtung tenggara Indonesia geus dibeli (warga) nagara lian kalayan susulumputan. sanggeus tilu taun kakara diwartakeun. pulo bidadari, hiji gugusan kapulauan di ujung kulon Pulau Flores, Kabupaten Manggarai Barat, Nusa Tenggara Timur (NTT), geus dibeli ku urang inggris, lewan dowsky. sanggeus resmi sah jadi milik manehna, penduduk dilarang nyimpang ka eta pulo. kapimilikna pulo bidadari ku urang inggris, rea nu mikasieun. bisi pulo eta dicaplok di cap milik inggris. sabab ceunah lamun eta pulo diperkarakeun. indonesia bakal eleh. sanajan teu ng"atasnama"keun nagarana, tapi eta pulo geus dikokolakeun ku warga nagara eta nagara. kasus sipadan ligitan ceunah mah lepasna ti indonesa teh cara kitu. mahkamah internasional meunangkeun malaysia, salah sahiji alesanna gara-gara nu ngokolakeun eta dua pulo kalolobanna urang malaysia, jeung nu ngawangun pasilitas wisata oge malaysia. sabenerna mah geus loba pulo-pulo nu geus sah jadi milik WNA. contona, hiji pulau di Wakatobi geus dibeli ku urang Swiss, pulau mengkudu (oge di NTT) dibeli urang ustrali, jeung sajabana. lamun seug jaga, sumatera, jawa, kalimantan, sulawesi, jeung irian geus kabeuli ku urang luar, urang indonesia kudu kamana? urang batawi onaman, najan tanahna dijualan masih bisa meuli tanahna urang sunda! SARA nya? he he he he, tabe pun deha -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ deha.wordpress.com borondongjagong.blogspot.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

