Kateureuhan ti wetan panginten Kang Ono. Urang Indramayu, Cirebon 
(kapetakan) dugi ka Brebes, kamasur tukang tawuran. Duka kunaon eta 
teh bet resep-resep teuing kana gelut raramean teh. Ceuk beja mah, di 
Indramayu mah aya "soldadu bayaran" sagala. Maksud teh, lamun hiji 
kampung ngarasa kurang kuat, kapaksa "nyewa" ti kampung sejen keur 
tawuran.

Nu reuwas mah, basa kuring boga pagawean di Ketanggungan Brebes, 
neangan cai keur pengeboran Minyak didinya. Ari lokasina teh ditengah 
pasawahan. Di wetaneun jeung kuloneun aya lembur kurang leuwih 
kapisahkeun 500-1000 meteran. Pas kuring kadinya. Brul teh jalmi  
nyalampeurkeun. Aya nu ti lembur kuloneun sawah, jeung aya oge ti 
lembur wetaneun sawah. Maksud nu ngarogrog teh, rek daftar ngiring 
didamel. Padahal kuring teh ukur nempoan wungkul, da nu survey mah 
engke nyusul. Eta jalmi-jalmi teh keukeuh daftar digawe ka kuring. Nu 
teu ngarti, aya dua urang, nu siga embung eleh, nunutur kuring, bari 
diantara manehna silih polototan, jiga musuh gerot. Duanana ngasong-
ngasong pagawe nu beda jalmina.

Untung, nu nganteur kuring surti, ngaharewos, tong diladenan Pa, eta 
teh jawara nu beda kampung. Ampir unggal aya raramean eta dua kampung 
teh tawuran, nu mimpin tawuran teh dua jalma eta. Atuh kuring teh 
miris, gagancangan asup deui kana mobil, ninitah supir gancangan 
indit. Nempoan lokasi teh atuh ngan sakeudeung.

Waktu survey,  kapaksa ngirim jalmi nu sableng deui, urang 
Pameungpeuk Garut. Waktu geus balik deui ka Bandung, ku kuring 
ditanya, kumaha eta tanaga lokal?
"Beres Pa", cenah omongna teh, "Sadayana dicandak didamel. Ngan tetep 
teu akur, ngacowkeun digawe. Kapaksa we, diadukeun, kahareupeun 
pagawe ti kampung ieu, disebutkeun pagawe kampung itu mah goreng, 
kitu deui sabalikna. Lumayan digawena jadi saregut pisan".
" Hebat, Jadi teu garelut?"
"Henteu, ngan duka ari abdi geus wangsul mah ......."

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
> 
> Salian ti masalah "Saritem', aya deui hiji masalah nu matak jangar 
kana 
> sirah. Nyaeta, 'pemuda-pemuda' alias barudak ngora-na resep pisan 
garelut, 
> Kang. Cukang lantaranna mah macem-macem, nanging seuseueurna 
lantaran 
> mabok ku 'minuman keras', poho ka purwadaksina.....
> 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke