perkara ngagunakeun basa sorangan pikeun parabot reproduksi, tangtuna lain
soal nanaon tapi soal era. eta mah geus adat kakurung ku iga, alatan basa
urang mah basa rasa tea cenah.

poean mieling basa indung teh rame. ngan teu tiasa ngadangu jentre nu
biantara di payun, bah Surya, prof. Chaedar Alwasilah, saha deui, dipandu
ku moderator Teddy AN Muhtadin ti Unpad. nu apal mah, bah Surya medarkeun
lalakona nyundakeun bari ngalagukeun tarjamah qur'an, dina wanda nadoman
tea.

aya acara drama, tah nu ieu mah langsung diserbu. panongton nepi ka hareup
dariuk dina lantey. si kuring anjeucleu dina korsi jeung kang Soni Rossa.

si kuring hanjakal karuh, datangna rada beurang, tapi teu sabeureng Pupi
Kumi heuheu. ngadong ngariung we ditukan jeung kang Iman Soleh, eta nempo
kumis baplangna, meureun jawara teh baheula siga kieu. terus pendak jeung
kang Soni Farid Maulana (http://geocities.com/sfamll2003) oge tah ieu nu
pikabungaheun, pendah sareng kang Eddy D Iskandar nu novel2na baheula
maturan si kuring dina mangsa rumaja. heuheu.

terus pendak jeung urang PP-SS paguyuban panglayungan sastra sunda, ceu
Etty  RS pisan, pupuhuna pendak. oge Dhipa Galuh Purba, kang Hawe sareng
seueur deui inohong sastra Sunda. matak reugreug puguh ge. hanjakal si ua
Sas teu aya, sihoreng si Ua apalna acara teh siang, jam 13an. heuheu
padahal ti jam 8an.

ondanganana oge aya ku cara sms ti presiden tea, pengirimna euweuh
nomeran, nu aya teh PP-SS. canggih euy, beunang Dadan cenah.

teu kaburu miluan tuang siang nu tos disadiakeun. kang Soni tukang Game
Rosa ngajak kabur, tapi lapar, nya mengkol heula ka cafetaria unpad.
heuheu


--------

mang J, dongeng mieling "poean basa Indung" di unpad mana? he he he he he he



mj

http://geocities.com/mangjamal











Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke