Kang Ukay, kuring baheula boga babaturan urang lampung, namina teh Azhari Rangga. Cenah mah jadi dosen di Unila. Manawi terang, leres anjeunna teh ngajar di Unila ( anjeunna teh tamatan Pharmasi ITB), teras di jurusan naon?
Dua minggu kamari ge aya dua urang mahasiswa Fisika Unila, rek ngadon praktek di kantor kuring. Nepungan ka kuring, ngan hanjakal teu bisa nulungan, maklum kuring mah pagawe "gadungan" di kantorna oge. Ku kuring teh dititah ka kantor tatanggana Kang Oman, duka tah tiasa henteuna mah. Ari Kang Ukay di jurusan naon? Baktos, WALUYA --- In [email protected], Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kaleresan abdi teh kuliah di Lampung. Di Bandarlampung (ibukota provinsi), mayoritas pendudukna teh urang banten (tapi campur antara Banten Sunda & Jaseng--Jawa Serang). tapi mayoritasna teu nyampe 50- %. Pas pilkada walikota kamari, Calon anu unggul diputaran pertama kaleresan urang banten (PKS), tapi diputeran kudua eleh kulawan- lawana anu koalisi. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

