Wilujeng enjing Teteh... (leres kan?)
Euleuh-euleuh naha kunaon geuning dugi ka ngalaman diamputasi sagala, gaduh
kasakit naon atuh? aeh bade tumaros ari viena teh nami ucing?
Sami atuh teh upami resep ka ucing mah, sim kuring oge kalebet anu resep ka
sakadang ucing, malih upami kamana-mana masih keneh mekel foto ucing sanajan
eta dua ucing teh tos teu aya dikieuna.... soalna anu hiji mah cacat ti
lahir keneh teu leungeunan pisan (buntung duanana) namina si kipi kembarana
si otong da buraong pisan.

Mangga atuh Teteh bilih bade ngadongeng perkawis ucing diantos ku abdi, teu
hilap salam sareng enggal damang kangge vienna

baktosna,
emma








----- Original Message -----
From: "indomum" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Tuesday, February 28, 2006 6:25 PM
Subject: [Urang Sunda] Nyoplokeun suku ucing


> Beja ti rumah sakit cenah Vienna sukuna tos dicoplokeun kalawan
> sukses, Alhamdulillah. Sedih sukuna jadi tinggal 3, tapi leuwih sedih
> deui ningali manehna sangsara ngagugusur suku anu geus taya gunana.
> Mudah-mudahan bae suku-suku nu sejenna teu kua-kieu (piraku ari kudu
> tuluy dicoplokeun hiji-hiji mah).
>
> baktos,
> nu keur nyeungceurikan ucing.
> (enya keur batur mah ngan saukur ucing, tapi keur kuring mah anak)
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke