Kang Emod, ulah sok kaburu ku napsu mangga emutan sing lantip. Ngomong soal "taqwa" ka gusti Alloh pan hartina urang teh wajib ngajalankeun parentahna + wajib nyingkahan laranganna. Salah sahiji parentah Alloh teh, urang kudu laku lampah hade ka batur, boh ka saluhureun, ka sahandapeun, ka anak, ka guru, utamina ka kolot sorangan (taqwa teh lain ukur ngalaksanakeun sholat, puasa, zakat + haji). Salah sahiji aturan laku lampah hade ka batur teh di antarana soal sopan santun, etika dina nyarita. Etika dina nyartina ku basa sunda di antarana aya aturan "undak usuk" basa. Dina basa Indonesia oge aya ngaharib-ngarib jeung undak usuk basa ieu teh ; nyaeta contona : Saya berkata, Raja/Nabi bersabda, Tuhan/Alloh berfirman (hartina sarua nyaeta "nyarita/ngucapkeun" tapi kecap anu digunakeun beda diluyukeun jeung tingkatan harkat nu nyaritana). Tah lamun urang teu ngalaksanakeun (teu make) etika dina nyarita, hartina/sarua wae jeung urang teu ngalaksanakan salah sahiji parentah Alloh; jadi kaasup nu ngalanggar aturan Alloh, jadi sarua jeung nu teu taqwa. Naha hoyong kang Emod kaasup jalma anu teu taqwa ? Kang Emod di Majalengka na di mana? Kidul ka arah Maja, Talaga, Cikijing atawa ngaler ti Kadipaten/Dawuan, Jatitujuh, Jatiwangi, Bantarwaru ? Kuring asli ti Dawuan-Kadipaten (alumni SMP Kadipaten + SMA Majalengka).
Baktos Jaka --- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Satu pisan kuring mah..., sok geura pake tah bahasa > nu sapopoe dipake di imah teh geura ketrukeun tah. > Da sebener na mah kuring ge teu satuju aya undak > usuk basa teh, ngan saukur rek ngabeda-beda manusa. > Ceuk ustad Sanusi ge, Alloh teh ngabedakeun manusa > teh ngan tina kataqwaannana, lain tina lemes jeung > kasar ngedalkeun basa. > > Emod Morales > > durahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > teruskeun kang agus (ARI TEU SIEUN DICAREKANMAH). > Teu kudu hampura > sagala. Pake wae basa sunda nu dipake sapopoe di > imah. Urang oge > kahayangmah ari nulis didieu teh make basa sunda nu > sapopoe dipake > diimah (KASAR GARIHAL CEUK URANG PRIANGANMAH). > Tapi....urang sieun, euy. > SIEUN AYA NU TERSINGGUNG TERUS PADA-PADA NYAREKAN > URANG. Jadi wae bahasa > sunda diimah urang dipake didieu secara selektif. > sesana berusaha make > basa sunda lemes, najan masih acak-adut. > > > On Tue, 2006-02-28 at 17:43 +0700, Agus K > "PAKUSARAKAN" wrote: > > oo kitu nya''... atuh mun kitu ka urang kota > hampura lah bisa aya basa > > kuring nu sakapeung mah sok kasar garihal bari > jeng salah nulis na oge > > heheheh... > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email > to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

