Teu ngarti kana teori konspirasi ...

Ngan ieu mah kasus Freeport ujug-ujug rame deui .... sanggeus IAGI 
ngaramekeun kasus Exxon Mobil, uil kumpeni amrik nu rek ngeduk minyak di 
cepu. Ku ramena deui kasus Freeport, kasus Exxon rada repeh, ceuk hiliwirna 
angin, dina 5 taun kahareup kasus Exxon bisa kawas kasus Freeport ayeuna ... 
wallahualam.

baktos,
budhi
kurono kopo 241
  ----- Original Message ----- 
  From: wawan sukmana
  To: [email protected]
  Sent: Wednesday, March 01, 2006 12:40 PM
  Subject: Balasan: [Urang Sunda] Re: Tilu Kajahatan PT Freeport Indonesia


  10 tahun kaliwat amien rais geus gegembor ka pamarentah supaya 
"NGAADILKEUN" PT Freeport di papua, tapi pamarentah  budeg atawa pura-pura 
budeg. Karasaeun meureun ayeuna mah, "BOM WAKTU" Freeport geus aya 
tanda-tandana ngabeledug

  waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> menulis:  Nu masalah ayeuna, urang 
Papua nganggap urang Indonesia ngangkutan
  kakayaan papua, keur ngamakmurkeun "Jakarta". Aya sabagian urang
  Papua (lamun teu sadayana oge) nganggap maranehna teh keur dijajah ku
  Indonesia. PT Freeport Indonesia jigana dijieun simbol /icon
  kumaha "Jakarta" ngeruk kakayaan alam Papua.

  Janten masalahna, sanes masalah Freeport perusahaan Asing/Amerika,
  tapi kulantaran urang Papua hayang merdeka!. Da memang lamun merdeka
  mah Papua teh bisa jadi nagara nu beunghar, ku lobana kakayaan alam
  padahal manusana saeutik. Tapi eta oge LAMUN urang Papua teu parasea
  sorangan. Sabab nu disebat urang Papua teh kabagi-bagi ku suku-suku,
  nu basana wae beda (ceuk beja mah di Papua teh aya kurang-leuwih 1000
  basa jeung dialek). Papua Nugini, nu dimerdekakeun ku Australia, tepi
  ka ayeuna oge, masih riweuh, numpes pemberontakan di P. Bougenville
  nu hayang misah ti Papua Nugini.

  Kuduna urang nyonto Malaysia. Sabah, sacara budaya beda jeung bagian
  Malaysia di "mainland". Tapi katingalina mah "adem-ayem" we. Duka
  kumaha tah Malaysia ngaturna.

  Baktos,
  WALUYA



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke