Kang, abdi mah ngadangu & ningali nu patingciricit the dina angkot, barudak SMP 
bari ngaaremam gorengan, cilok, baso tahu sareng jus….
   
  Wah, duka teuing etamah Kang…da, teu acan sakali-kali acan lebet kanu namina 
Diskotik…hiiii…pami ningali sinetron dina TiPi oge...haseup rokok meuni mulek 
(punten abdi mah anti kanu rokok), lampuna ge meuni bruy bray pupuiran matak 
lieur nu ningali, botol bir tilas ngaleueut dimana-mendi, aya nu transaksi 
narkoba we…teu acan nu jojing sareng nu garelut bari jeung teu 
pararuguh…Naudzubillahimindzalik! Astagfirullah…sing ditebihkeun tinu 
kararitu…ka sabrang ka Palembang…mulih nyandak mpek2 heheh..punten nambut heula 
istilah ieu duka nu saha nya…)
   
  Meuni rajin Kang, nitenan gumujeng wargi Kusnet……Muhun, leres pami dititenan 
mah gumujeng the tiasa ditingali tina seratan, tapi duka pami paamprok, benten 
atanapi langkung tarik gumujengna…heheh (tah, ieu khas gumujeng abdi).
   
  Aeh, muhun bade naros Kang Syam nu ahli ngadongeng, pami ngadongeng teh 
saleresna nganggo basa cohag atanapi lemes? Da saur pun Bapa mah pami hoyong 
raoseun ngadongeng teh nganggo basa cohag pami nganggo basa lemes mah asa 
kararagok...
   
  Baktos,
  Ceu Eros.
   
  Message: 18        
     Date: Wed, 1 Mar 2006 10:03:46 +0700
     From: "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]>
  Subject: Re: Re: Macem2 Seuri
   
  Ceu Eros,anu iirihilan dijero diskotik boa enya beurit, atawa berenyit
  ngajanggelek jadi beurit.
   
  Salian seuri lisan aya oge nu dikedalkeun ku tulisan, contona di 
  Kusnet, mun
  seurina
  Heu..heu..heu.. pasti seurina kang Kumincir atawa ruruntuk jeger 
  cicadas
  kang Ule tea
   
  Aya oge nu dikedalkeun ku ngahahah, biasana seurina teh Tien atawa MJ, 
  ari
  MJ mah cukup dua siki
  ha ha ari teh Tien mah sok panjang, Ha Ha Ha Ha dst.
   
  Anu ngedalkeun seuri pondok dua siki, saperti He he mun teu bah Willy 
  ,apih
  Sidik atawa wa Tito.
   
  Aya oge nu sok dikedalkeun ku nulis : Wakakakak,  saha nya? kang Ndul 
  kitu
   
  Ciri2 jalma plin plan atawa teu konsekwen sok dikedalkeun ku nulis 
  seuri :
  he he oh no, heu heu oh yes...!
  SR
   

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke