Satuju pisan tah tah... bener kudu kitu mun seler sejen teu bisa basa sunda aya di wewengkon sunda nya mawa kamus we atuh.. atawa nanya kanu apaleun sanes kitu heu'euh
On 3/1/06, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Saprak Banten pepegatan jeung Jabar,tvri anu ngageugeuh cibaduyut ieu, > ganti ngaran jadi tvri jabar & banten anu samemehna ngarana tvri bandung. > Sanajan sacara pamarentahan geus misah ti jabar,bubuhan meureun wewengkona > teu incah balilahan tetep didinya,jeung deui daerahna kajangkau ku siaran > tipi eta,atuh Banten oge masih dianggap miboga tvri eta, kukituna ngaran > Banten tetep kudu dibabawa. Sakapeung mah sok leng mikir, kumaha mun > kahareup, lain Banten wae nu nek pepegatan jeung jabar teh,contona Cirebon, > atuh meureun ngaran tipina ge jadi tvri jabar,banten & cirebon. Encan lamun > botabekpuncur geus jadi megaloman eh megapolitan, atuh ngarana meureun > leuwih mabay wae,meh teu kagok asong nya sakalian we atuh diimplik implikan > ku jrrd (jeung rea rea deui). > > Dina rohangan ngacapruk ieu, sok leng deui mikir,da saenyana boh Banten, > Cirebon atawa daerah sejenna di jabar,moal incah balihan tetep ngariung > mungpulung ditatar pasundan, atuh ngaran tipina oge kahayang mah teu jauh > tidinya, mun teu tvri pasundan, pasundan tv,tipina urang sunda,nyakup > sakabehna, nu ngaku urang sunda najan aya diwewengkon mana wae, boga hak > miboga tur bisa babarengan ngamumule. Atuh dina pidanganana, leuwih rea > midangkeun budaya sunda. Nu katangen dina tvri jabar & banten ayeuna, bisa > diitung ku ramo, pek we anu geus maneuh,berita basa sunda,pop daerah (pop > sunda), sasagon (sandiwara sunda gogonjakan),sandiwara sunda (enya ngarana > sandiwara sunda, tapi dina prungna sok pacampur jeung mamalayuan)sakuduna > mah teu kudu campur jeung basa malayu, eta meureun ngahargaan yen pangeusi > jabar teh geus heterogen,atuh mun teu kaharti basa sunda mah matak naon keur > lalajo mawa kamus basa sunda, bongan hayang cicing ditatar pasundan, nya > kudu bisa basa sunda meh bisa aub. > > Kabahdieukeun sok aya acara wayang golek unggal poe kemis,enya asa > kabeberah, daripada sok katangen midangkeun wayang ewong,jaba teu resep teh > teu kaharti basana deuih, piraku keur nongton kudu mawa kamus basa batur > sagala.Beu! Enya budaya sunda teh pan loba, aya calung,matak naon aya > audisi grup calung, sugan we aya gaganti Darso atawa Yayan Jatnika. Atawa > aya kadei kadeian dina wanda pop sunda, sugan we aya Nining Meida,Detty > Kurnia, Hetty Koes Endang yunior. Duka meureun matak kitu ge heureut modal > tea, da arang langka midangkeun iklan nu sipatna komersil,duka mun nuboga > iklana arembungeun masang didinya.Kituna mah pantes pidangan pidangan > acarana eleh pamor ku program acara tipi sawasta. Antukna tvri jabar & > banten salilana miindung ka embahna, nyaeta tvri jakarta. Iraha atuh tvri > jabar & banten sagembelengna midangkeun kasenian tur kabudayaan sunda? > Teuing! > SR > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > -- ---- Koperasi Amanah Sunda ----- Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui, Order call --> 08128377662 ================================= Council King Empire of Pasundan - King of Priangan - King of Cirebon - King of Banten - King of Bogor raya ---------------------------------------- PT. Smarthub Technologies -solusi sistem informasi yang tepat dan akurat- [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

