Punten bade tumaros, dupi pantun atanapi carita pantun teh naon?
  haturnuhun.
  
  baktos, Aki alit
  

hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> 

                       Mang Ayat, Naskah Wangsakerta jeung Prabu Siliwangi 
  
  Sakumaha nu tos ka uninga, Mang Ayat tos ngantunkeun urang  sarerea, hiji 
deui inohong sunda nu kawentar pinunjul elmu pangaweruhna  boh diwidang 
sajarah-purbakala, oge diwidang bahasa tos mulang ka  Rahmatullah dina dinten 
saptu ping 18 Pebruari 2006.
  
  Sababaraha kali kungsi patepang sareng Mang Ayat teh, tapi  beh dieunakeun 
seringna pendak di acara diskusi simpay FIB - UI.   Katawis pisan Mang Ayat mah 
jalmina basajan, oge daek campur gaul jeung  jalmi ti kalangan mana wae.  
Matakna teu aneh, nalika anjeuna  pupus, meni euyeub jalmi silih tatanya-silih 
wartosan ngalangkungan  es-em-es, kusabab hoyong kenging iber nu sajentrena.
  
  Benten sareng kaayaan sadidintenna anu basajan, buah  pipikiran Mang Ayat mah 
teu tiasa disapirakeun kitu wae.  Tos  seueur pisan buah pikir dosen UI nu 
dilahirkeun di Majalengka ping 5  Desember 1939 ieu didokumentasikeun dina 
rupa-rupa buku, makalah,  seratan di media citak, jste.
  
    Naskah Wangsakerta
  
  Salah sahiji jasa Mang Ayat nyaeta nu munggaran ngembarkeun  ayana Naskah 
Wangsakerta --kumpulan naskah nu disusun ku Pangeran  Wangsakerta nu munel ku 
data sajarah nusantara ti kawit jaman purba  dugi ka abad 17-- dina makalah nu 
jejerna "Pustaka Rajya-rajya i Bhumi  Nusantara" nu disanggakeun dina Riungan 
Ilmiah Arkeologi III di Ciloto  Mei 1983. 
  
  Oge sareng panalungtik Naskah Wangsakerta nu sanes, sapertos  Ki Saleh 
Danasasmita, Ki Atja saparakanca, rada matuh nyerat sareng  ngembarkeun eusi 
ieu naskah dina media citak di taun 80-an, nu teu  sakedik kenging perhatosan 
oge sikep teu panuju ti para ahli sajarah nu  lian.
  
  Tangtos wae kajantenan ayana padungdengan nu heboh tur  kapapanjangan antawis 
dua pihak.  Hiji pihak, Mang Ayat  saparakanca nu mikareueus tur miharep ieu 
naskah tiasa ngagaduhan  sumbangsihna pikeun ngalengkepan sajarah sunda oge 
sajarah Indonesia  umumna.  Di pihak nu lian, para ahli nu nyangkal kana eusi 
ieu  naskah oge nyabit-nyabit yen ieu naskah teh palsu tur teu tiasa  
dipercanten.
  
  Malih mah Mang Ayat teh kungsi dituduh nu nulis eta  naskah-naskah ku 
sabagian para ahli, tapi memang nu ahirna tuduhan ieu  henteu ngabukti 
saeutik-eutik acan.
  
  Sanajan teu aya kecap sapagodos ti para ahli  sajarah-purbakala, tapi pikeun 
urang mah nu awam kana sajarah, Naskah  Pangeran Wangsakerta teh tiasa jadi 
hiji cecekelan pikeun neuleuman oge  nitenan sajarah urang utamana sajarah 
sunda sangkan teu poekeun teuing.
  
    Prabu Siliwangi
  
  Seuseueurna para ahli sajarah sunda ngagaduhan kayakinan yen  Prabu Siliwangi 
teh sami sareng Sri Baduga Maharaja nu jadi raja di  Pakuan Pajajaran taun 1482 
- 1521 Masehi.  Ari Mang Ayat mah  ngagaduhan pamadegan anu benten sareng 
"koleha"na.  Saurna teh  Siliwangi mah cocogna ka Prabu Niskala Wastu Kancana 
(rai na Dyah  Pitaloka saur mj mah) nu ngakawasa taun 1371 - 1475 Masehi.   
Tangtos wae Mang Ayat miboga argumentasi kana hal ieu.
  
  Nami Siliwangi disebut pertama kali dina hiji "ensiklopedia"  sunda nu medal 
taun 1518 Masehi, nu judulna Sanghyang Siksa Kanda ng  Karesyan (SSKK).  Dina 
naskah ieu, Siliwangi teh nami hiji carita  pantun.  Sakumaha ilaharna carita 
pantun diciptakeun ku pujangga  karajaan pikeun ngahormat atawa mieling hiji 
raja nu tos  ngantunkeun.  Jadi carita pantun siliwangi ieu henteu cocog ka Sri 
 Baduga anu harita masih hirup keneh.
  
  Numutkeun naskah Purwaka Caruban Nagari (PCN) nu disusun ku  Pangeran Arya 
Carbon, Nyai Subang Larang nikah ka Prabu Siliwangi ti  Pajajaran dina taun 
1422 Masehi, upami naskah ieu leres, tangtos nu  jadi Raja Pajajaran harita 
nyaeta Niskala Wastu Kancana.
  
  Dina naskah Pustaka Rajya-rajya I Bhumu Nusantara (PRIBN) nu  disusun ku 
Pangeran Wangsakerta saparakanca, disebutkeun yen Prabu  Maharaja nu gugur di 
Bubat miboga gelar Sang Prabu Maharaja  Linggabhuwana nu ngakawasa salami tujuh 
taun (1350 - 1357  Masehi).  Salian ti Dyah Pitaloka nu turut ka Bubat, Sang 
Prabu  ngagaduhan putra nu harita yuswana kakara salapan taun, nyaeta Niskala  
Wastu Kancana.  Tahta karajaan diserahkeun heula ka pamanna,  nyaeta Sang 
Bunisora salami 14 taun (1357 - 1371 Masehi).   Saparantos Niskala Wastu 
Kancana dewasa, anjeuna diwastu jadi raja  salami 104 taun (1371 - 1475 Masehi).
  
  Kusabab kapahlawanan mertahankeun martabat di Bubat, Prabu  Maharaja di 
kalangan rahayat sunda harita kenging jujuluk Prabu  Wangi.  Ari Prabu 
Siliwangi atawa Sili(h)wangi jujuluk pikeun  sadayana raja turunan ti Prabu 
Wangi atawa Prabu Linggabuana nu gugur  di Bubat.
  
  Dumasar kana babaraha sumber sajarah, tiasa dipastikeun yen  tokoh nu 
pangpayunna tiasa disaluyukeun ka Prabu Siliwangi (PCN) nyaeta  Niskala Wastu 
Kancana (PRIBN).  Masa pamarentahanana nu lumangsung  salami 104 taun 
ngajadikeun anjeuna ngagaduhan seueur kasempetan pikeun  ngamajukeun nagara.  
Numutkeun PRIBN kaca 194,....."Sakabeh Raja  di wilayah Jawa Kulon ngabdi jeung 
ngamuliakeun Sang Prabu Wastu.   Harita teh nagara gemah ripah loh jinawi 
kusabab rajana miboga watek nu  adil".
  
  Nyaluyukeun Prabu Siliwangi kana tokoh Niskala Wastu  Kancana, babaraha hal 
anu pakait lebetna pangaruh islam ka karajaan  sunda tiasa langkung gampil 
kahartos jujutanana.  Siliwangi nu  lahir taun 1348 M (nalika perang bubat 
anjeuna yuswana salapan taun ;  PRIBN), naek tahta (diwastu) dina taun 1371 M.  
Nikah ka Subang  Larang taun 1422 M, dina taun 1448 M incuna lahir, nyaeta 
Syarif  Hidayat atawa Sunan Gunung Jati nu jadi Susuhunan Jati (Raja Cirebon)  
dina taun 1479 M (PCN/Babad Cirebon).  
  
  Hal ieu tiasa dibandingkeun jeung Sri Baduga nu nembe  dilantik jadi Raja 
Pajajaran taun 1482 M, tilu taun beh tukang batan  Susuhunan Jati.
  
  Siliwangi pupus nalika yuswana tos sepuh; 127 taun dina taun  1475 M.  
Mucunghulna carita pantun siliwangi dina SSKK (1518 M)  oge gampil dihartikeun. 
 Waktu harita Siliwangi sakurang-kurang  tos pupus 25 taun...
  
  Raraosan teu afdhol upami nyaritakeun Prabu Siliwangi tapi  teu nyabit-nyabit 
perkawis "ngahiang".  Kungsi Kang Kumincir  naroskeun perkawis ngahiang ieu ka 
Mang Ayat di sela-sela acara diskusi  simpay sasih September 2005.  Harita di 
babakan kusnet nuju  haneut-haneutna madungdengkeun perkawis ngahiang oge.  
Mang Ayat  sakumaha biasa ngawalerna rada panjang sabari ditungtungan ku 
kalimah  kieu : "...ngahiang teh sarua jeung maot, paeh.....alias...kojor!!",  
kitu cenah.
  
    Wilujeng angkat Mang Ayat....
  
    Cag,
    hendra
     
    NC : Tadina mah seratan ieu bade dipungkas ku kalimah : Wilujeng ngahiang 
Mang Ayat.......tapi ah....teu wantun.
  
              


                
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke